Senin, 23 April 2012

Surat Ti Indung


… ujang anaking anu ku ema teu weleh dipicangcam beurang-peuting, hampura ema, bageur. Salila ieu ema teu bisa nyumponan kawajiban ngabayuan ujang nepi ka gede. Ema rumasa teu walakaya nyanghareupan paitna kahirupan nepi ka ujang ngarasa katalangsara. Paralun anaking, lain ema ngamomorekeun, estuning sangsara ku kaayaan. Kahayang mah siga batur bisa nyenangkeun nu jadi anak. Tapi sanajan kitu, unggal renghap ema teu petot-petot ngadu’akeun hidep sangkan pinanggih jeung kabagjaan. Alhamdulillah gening, du’a ema teh diijabah.
Anaking hampura ema baheula salilana ukur ngerakeun nepi ka hidep sok dipoyokan ku babaturan. Kitu deui basa ema ka Bekasi, maksud mah hayang nyacapkeun kasono ka hidep, tapi kalah ukur nyingsieunan budak.
Tapi aya hiji nu can kaburu dicaritakeun ka hidep. Waktu hidep rek asup SD, kungsi labuh kana pager. Panon hidep kacolok nepi ka teu bisa diubaran. Ema teu werat ngagedekeun hidep bari pecak sabeulah. Minangka tarekahna, digantian ku panon ema kalayan diwaragadan ku guru-guru tempat ema digawe. Bral kasep, sing nyorang kabagjaan lahir-batin dunya-aherat. Ema rido lillahita’ala. Hidep geus teu boga dosa ti ema.
Salam sono ti indung nu kacida mikanyaah ka hidep.





Bilih seueur kirangna, hapunten nu kasuhun. 
Mung sakadar tamba kesel wungkul, he...he...he...

Tidak ada komentar:

Posting Komentar