Senin, 31 Desember 2012

Guru Piduka

Nu ngaku turunan Majapait ménta hampura ka urang Sunda.
Poé ieu, tanggal 11 November 2012 di Trowulan, kaula salaku turunan Majapait, ménta dihampura ka turunan Pajajaran tina kajadian di Bubat ratusan taun katukang!” kitu ceuk Shri I Gusti Ngurah Arya Wedakarna Mahendradatta Wedasteraputra Suyasa III, raja Majapait di Pendopo Agung Trowulan. Maké basa Indonesia, henteu maké basa Jawa atawa Sunda.
Upacara Guru Piduka, turunan Majapait Shri I Gusti Ngurah Arya Wedakarna (kenca) menta dihampura ka turunan Pajajaran nu diwakilan ku Raden Roza Rahmadjasa Sri Paduka Wangsa Nata Kusumah (katuhu).
Bareng jeung ieu ucapan, angin di pakarangan Pendopo Agung Trowulan ngadadak muter lilimbungan. Pataka –bandéra tingjarungkel maruragan, suasana karasana pinuh ku mistik. Kandel pisan sakralna, jiga-jiga arwah anu kabaud kana Perang Bubat milu nyaksian.
Ieu acara anu dingaranan ritual Guru Piduka téh, kacida dariana. Waragadna leuwih ti opat miliar rupiah, ciri ménta dihampurana lain heuheureuyan. Ritual budaya Guru Piduka dituluykeun ku ritual upacara Sabda Paduka Dharmasiksa dari Lembaga Adat Keraton Pajajaran.
Saméméh jeung sabada acara di Trowulan, ramé padungdengan nu pro jeung kontra. Masalahna: naha cenah maké kudu aya upacara ritual ménta pangampura sagala, pan baheula gé ku para karuhun dina jamanna geus dipilampah. Urang Majapait jeung urang Galuh, henteu terus mumusuhan.
Masalah séjénna: parebut pamadegan, saha nu pangbogana hak ngayakeun ieu acara. Ti mimiti Jawa Timur nepi ka Bali, loba nu ngaku Raja Majapait anu paling sah.
Di Tatar Sunda ogé masalahna sarua. Naha cenah maké ménta hampura ka turunan Pajajaran, pan anu patelak téh antara Majapait jeung Galuh, Pajajaran mah acan aya.
Terus, naha nu ménta hampura téh lain datang ka Sunda, kalahka Sunda anu sumolondo ka Trowulan ?
Anu ngawakilan urang Sunda narima pangampurana turunan Majapait téh: Raden Roza Rahmajasa Mintareja Sri Paduka Wangsa Nata Kusumah. Roza ogé kungsi tumanya ka urang Majapait; ku naon nu diondang téh bet dirina, lain nu séjén ?
Jawabanana téh, kieu: Memang baheula urusanana jeung Galuh. Tapi pan, sabada Jayadewata dibenum jadi raja Pajajaran tur boga gelar Sri Baduga Maharaja, dua karajaan nu asalna Tarumanagara nyaéta karajaan Sunda jeung Galuh ngahiji jadi nagara anyar anu katelahna Pajajaran.
nya kuring ayeuna ménta hampura ka Pajajaran anu jadi turunan Galuh jeung Sunda” ceuk Wedakrama.
Panitia upacara “Upasaksi Persatuan Leluhur Trah Majapahit dan Trah Padjadjaran” di Trowulan anu dibarengkeun jeung milangkala Karajaan Majapait nu ka-719 téh, ngondang sakumna sultan jeung raja-raja sa Nusantara. Teu béda jeung waktu kajadian Perang Bubat, apan raja-raja patalukan Majapait ogé keur haladir lantaran bareng jeung waktu séba.
Panitia ogé ngondang wawakil nagara asing katut para pajabat séjénna, saperti Sukmawati Sukarno Putri selaku Abhiséka Ratu Majapait Nusantara.
Abhiseka Ratu Majapait Nusantara Tribuana Tungga Dewi Jayawisnuwardani Sukmawati Sukarno Putri (tengah).
Rombongan Pajajaran dina Upacara Dharmasiksa, Raden Roza (katuhu)
Rombongan Pajajaran
Wakil Pajajaran
Satadina, ti Sunda moal aya nu daratang lantaran sieun loba rambat-kamaléna kana hal-hal nu négatif. Tapi dina émprona mah: Lembaga Adat ti Sumedanglarang datang sa beus; kitu deui ti kasultanan Cirebon jeung Banten ogé daratang milu ngaluuhan jeung nyakséni ménta dihampurana ti nu ngarasa turunan Majapait ka urang Sunda.
Kontan atuh, anu daratang ka Trowulan téh di cap: Penghianat Sunda.
Pikeun nganétralisir ieu masalah, Grup Kasundaan Salakanagara gawé bareng jeung Grup Duta Sawala, ngondang sakumna urang Sunda dina saréséhan tanggal 1 Desember 2012 di Alam Santosa Bandung Timur.
Nu daratang lumayan euyeub sabab Lembaga Adat ti Kawali ogé katut para pini sepuhna, daratang. Kitu deui Lembaga Adat ti Banten Kidul, datang.

Prosesi
Patung Radén Wijaya jeung Gajah Mada di Pendopo Agung Trowulan, dikuriling ku sasajén. Joglo Pendopo Agung ditutup ku bendéra mérah putih, dihiasan ku payung has Bali jeung umbul-umbul “Surya” –lambang Majapait.
Raja Majapait Shri I Gusti Ngurah Arya Wedakarna (kenca); Ratu Majapait Nusantara Sukmawati Sukarno Putri (tengah); jeung Wawakil Pajajaran Raden Roza Rahmadjasa (katuhu).
Jam 10.00 mimiti upacara Mulang Pakelem diluluguan ku pandita Hindu Ida Pedanda Gedé Ketut Sebali Tianyar Arimbawa di balong Segaran Trowulan, kaléreun Pendopo Agung. Ritual dituluykeun di Pendopo Agung, nyaéta: Upacara Guru Piduka. Rombongan “teureuh” Pajajaran jeung Majapait ngurilingan patung Radén Wijaya, tilu kali. Geus kitu, aya tarian Bedhaya Majapait; tari Suraning Pati; jeung Remo. Bérés éta, dituluykeun ku penyematan pin Wijaya Mukti (simbol persatuan) ka wawakil teureuh Karajaan Pajajaran; Majapait; para raja; jeung para sultan sa-Nusantara anu hadir jadi saksi sarta nganyatakeun diri jadi dulur.
Réngsé penyematan pin, pihak Karajaan Pajajaran masrahkeun tilu pusaka Kujang. Dua Kujang Ciung masing-masing ditarima ku Shri Gusti Ngurah Arya Wedakarna Mahendratta Wedasteraputra Suyasa III salaku Raja Majapait jeung Sukmawati Sukarno Putri salaku Abhiséka Ratu Majapahit Nusantara Tribuana Tungga Dewi Jayawisnuwardani. Sedengkeun hiji Kujang Sajén dipasrahkeun ka pimpinan museum Majapait di Trowulan.
Prasasti Perdamaian Majapait - Pajajaran.

Geus Réngsé
Para sepuh di Kawali Ciamis, saényana mah rada teu méréan mun téa mah kudu miang ka Trowulan. Naon sababna ? Lantara ti baheula ogé, pasualan Perang Bubat geus réngsé. Lamun urang Sunda datang ka Trowulan, sacara teu langsung nembongkeun yén: urang Sunda masih kénéh dengdam jeung ngunek-ngunek ku kajadian Perang Bubat. Keur urang Sunda, dengdam jeung ngunek-ngunek téh dipahing pisan.
Pihak Majapait sabada kajadian Perang Bubat, langsung ngirimkeun utusanana sina nepungan urang Sunda ka Kawali, kalayan tujuan ménta dihampura. Ku urang Kawali –babakuna ku Bunisora jeung para pini sepuhna, ditarima kalayan hadé. Utusan Prabu Hayam Wuruk ogé bari mawa lebu layon Prabu Linggabuana; praméswari; jeung Dyah Pitaloka. Sabada Perang Bubat, kabéh layon rombongan Sunda dikrémasi maké upacara karajaan.
Ilustrasi gugurna rombongan Sunda di Bubat
Urang karaton Kawali ogé saényana mah teu satujueun, Prabu Linggabuana indit ka Trowulan bari tujuanana rék ngawinkeun siwina –anak awéwéna. Anu dipilampah ku Prabu Linggabuana, ngarempak purbatisti purbajati Sunda anu sumber utamana: Siksa Kandang Karesian. Teu ilahar ngawinkeun budak di tempat lalaki. Bunisora nu kapapancenan nyuluran seuweu (anak) Prabu Linggabuana jadi raja di Kawali, teu terus masualkeun kajadian Perang Bubat. Ngan ukur nohagaan kakuatan militérna di tapel wates, bisi Majapait tuluy ngahianat hayang nalukeun Sunda –sakumaha anu kungsi dikedalkeun ku Gajah Mada ngaliwatan Amukti Palapa-na.
Lokasi Perang Bubat
Karajaan Galuh-Sunda anu meunang ngahijikeun Prabu Linggabuana, dirajaan heula ku Prabu Bunisora –saméméh Niskala Wastukancana (seuweu Linggabuana) déwasa. Nincak umur 23 taun, Niskala Wastukancana diistrénan jadi raja. Pikeun ngalantik alona, Bunisora ngahaja nyieun makuta emas nu dingaranan Makuta Binokasih Sanghyang Paké. Prabu Niskala Wastukancana narima wangsit anu saterusna dijadikeun ugeran hirup, nyaéta: tadaga carita hangsa; gajendra carita banem; matsyanem carita sagarem; puspanem carita bangbarem. (talaga nyaritakeun soang; gajah nyaritakeun leuweung; lauk nyaritakeun laut; kembang nyaritakeun bangbara)

Gemuh Pasundan
Salian ti ngeuyeuk dayeuh ngolah nagara, Prabu Niskala Wastukancana nyieun parigi keur nohagaan puseur dayeuh. Ngoméan karaton Surawisésa, jeung nyieun jalan anu nepungkeun Kawali-Pajajaran ngaliwatan: Panjalu; Maja; Cisalak; Sagalahérang; Purwakarta; jeung Bekasi. Cindekna mah jaman Prabu Niskala Wastukancana, karajaan gabungan Sunda-Galuh téh, aya dina jaman kajayaan –Gemuh Pasundan.
Prabu Niskala Wastukancana tilar dina umur 127 taun, sanggeus nyekel karajaan lilana 103 taun; 6 bulan; 15 poé.
Kungsi nyaksian Perang Parégrég di Karajaan Majapait saditinggalkeunana ku Prabu Hayam Wuruk jeung Mahapatih Gajah Mada.



Cag. 

Utun-inji


Mani maningkem, hiji ngaherang; dua ngalenggang; tilu gumulung; opat mangrupa; lima usik; genep malik; tujuh kolot; dalapan ngora; salapan tumpak dibaga; kasapuluh medal ka alam dunya. 

Ngariksa Kandungan
Lilana jalma anu reuneuh waktuna salapan bulan sapuluh poé, anu dikawitan tina nyiram dugi ka waktuna ngajuru.
Reuneuh (Kakandungan)
Ti mimiti reuneuh nepi ka kandungan umurna dua bulan biasa disebut ngandeg atawa nyiram. Sanggeus umur kandungan tilu bulan diayakeun salametan tilu bulanan. Pikeun réréana jalma, salametan tilu bulanana cukup ku ngabubur beureum ngabubur bodas nu mangrupa inti atawa sarat nu kudu aya dina salametan numutkeun adat kabiasaan karuhun. Salian ti ngabubur beureum ngabubur bodas teh, pikeun jalma boga mah biasana sok dibarengan ku tumpeng. Pakakas anu sok dipaké sapopoé samodél mutu jeung nu lianna kudu disumputkeun jeung dijauhkeun, salian ti éta ogé: ningali anu keur gering; ziarah ka makam; ngalayat jelema anu maot jeung ningali sabangsaning sasatoan samodél monyét, lutung jeung si amang éta ulah pisan. Palasipah ngeunaan larangan éta, wiréhna sabangsaning anu ditingali tur anu dilakukeun ku jelema anu keur nyiram, bakal ngabalukarkeun nurut-buat artina lumaku anu geus dilakukeunana. Nalika jelema nu keur nyiram hayang, anu dipikahayangna kudu ditedunan harita ogé ulah diengké-engké bisi matak ngacay.
Nalika reuneuh geus tilu bulan, nyieun bubur beureum jeung bodas. Palasipah anu nyangkaruk dina bubur beureum ngalambangkeun hawa napsu awéwé, ari palasipah bubur bodas ngalambangkeun hawa nafsu lalaki. Sabab jadina anak téh bakal aya dua rupa hawa nafsu, kukituna neda pidu’ana sangkan budakna téh dina jero beuteung bisa berkah tur salamet. Saréngséna salametan tilu bulanana, diayakeun deui salametan dina mangsa umur kandungan: 5, 7, jeung 9 bulan. Pokona kudu ngayakeun tiap itungan ganjil.
Nalika nincak kana opat bulanna, sok diayakeun acara ketupat, tepat jeung tang-tang angin. Jeung teu meunang ngayakeun acara sadekahan. Upacara opat bulanan dilaksanakeun minangka béwara ka tatangga jeung dulur-dulur nu dareukeut, yén hiji awéwé keur aya dina mangsa kakandungan. Biasana ieu upacara dilaksanakeun ku cara ngulem ibu-ibu pangaosan pikeun macakeun doa salamet, biasana mah doa nurbuwat atawa doa lianna sangkan orokna séhat, salamet, sarta sampurna teu kakurangan nanaon.
Nalika nincak kana lima bulanna diayakeun kagiatan sadekah gabah atawa bangsal anu ditendeun dina jero bokor jeung ditutupan ku daun waluh. Palakiah dina éta hal, miboga lambang: sangkan musibah anu bakal datang henteu ka alaman. Salian acara kagiatan bangsal, sok diayakeun nasi tumpeng jeung nasi uduk anu dijerona aya endog. Bangsal anu diwadahan ku bokor sarta di luhurna ditutupan ku daun waluh, maksud dina kecap “bangsal” sacara metonomis mirip kecap “bengsal” (sial). Sedengkeun kecap “waluh” sacara metonomis ngaharib-harib kana kecap “waluya” (salamet). Jadi, maksud utama ayana hajat bangsal téh nya éta: ngaleungitkeun sagala kasialan sarta diganti ku kawaluyaan.
Nalika genep bulan, teu aya kagiatan anu lian.
Nalika nincakna kana tujuh bulanna kudu pisan diayakeun sadekahan, boh éta jalma anu beunghar atawa jelema biasa, kudu pisan nyumponan kana éta hal. Lamun henteu mampu, kudu nyieun bubur bodas jeung bubur beureum pikeun disadekahkeun. Salametan ieu mangrupa salametan panggedéna diantara upacara salametan lainna. Acara dina tujuh bulanan sok disebut acara tingkeban, tebus weteng atawa babarik (babarit). Tingkeban artina panutup, jadi lamun diécéskeun mah runtuyan kagiatan sadekah anu pamungkas. Tebus weteng artina mayar budak anu dijero beuteung indungna. Lamun babarik nyaeta babarengan nyalametkeun sangkan anu reuneuh bisa salamet. Saprak tingkeban, urusan ngajaga nu reuneuh jadi tanggungjawab paraji. Tingkeban téh mangrupa salametan keur nu kakandungan anu pangceuyahna diantara upacara-upacara sejenna, ditilik tina lobana proses upacara jeung réana sarat anu kudu dicumponan.
Aturan dina acara tingkeban geus matok tur matuh kana katangtuanana. biasana sok dilakukeun dina bulan Hijriyah anu aya tanggal tujuhna nyaéta: tanggal 7; tanggal 17; atawa tanggal 27. Anapon anu diperlukeun dina acara tingkeban mangrupa kadaharan samodél: hui; bonténg; kacang; endog jeung lauk. Daging sasatoan sabangsaning: daging domba; daging sapi; jeung daging kebo, teu meunang pikeun acara tingkeban sabab bakal ngabalukarkeun nurut buat, cacat atawa paéhna bakal samodél sato anu geus dipeuncit. Salain ti éta oge, kudu aya serba tujuh. Nya éta: kembang tujuh rupa; mayang pinang; daun andung (hanjuang); daun kelewi; daun kemuning; daun waluh gedé; daun jawér kotok; daun jaringao; buah kalapa gading anu bisa diukir pikeun nyieun gambar wayang Arjuna atawa Sumbadra. Lamun teu bisa nyieun wayang, cukup waé nulis ngaran wayang éta. Salian ti éta, kudu aya jarum sakurang-kurangna tujuh. Anu tujuanna, pikeun penyemat daun tempat rujak kanistrén, nyaeta rujak anu ditutu rasana hanaut dijieun tina: hui, cau ngora, ceremé, jambu, balimbing, jeung buah ngora. Salain ti éta ogé, kudu disadiaan: lawon (kaén) panjang tujuh helai; belut tujuh siki; elekan nya eta ruas bumbu anu leutik kira-kira sajeungkal panjangna tujuh batang; ayakan tina awi tujuh siki; pariuk paranti nyangu jeung cai atah anu dijero kendi. Anapon dina prak-prakan pikeun méré sadekah, dina jam tujuhan isuk-isuk atawa burit. Waktu pikeun sadekah, kudu disadiakeun: wadah cai anu gedé diteundeunan tujuh rupa kembang; dangdaunan tujuh rupa; belut jeung rujak anu geus disadiakeun tadi.
Geus sadia anu sagala rupa sarat pikeun acara tingkeban, masyarakat di ulem pikeun acara tingkeban. Masyarakat anu ngahadiran, ngadu’akeun pikeun kasalametan anu keur reuneuh sangkan bisa dilungsur-langsarkeun dina ngajuru. Nalika réngsé ngalaksanakeun acara tingkeban, masyarakat anu ilubiung kana éta acara, teu meunang balik saacan bérés acara tur kudu kaluar kanu lawang anu béda, teu meunang kaluar tinu lawang waktu asup. Palasipah éta, wiréhna anu arék ngajuru téh bisa lungsur-langsar tur bisa salamet. Salian ti éta oge, runtuyan acara tingkeban téh: ngamandian anu keur reuneuh maké kembang tujuh rupa, anu miboga lambang atawa ma'na nya éta: hirup; kakuatan; ningalina; ngadéngéna; nyaritana; perasaana jeung kahayangna.
Dina upacara tingkeban loba pakakas nu kudu disadiakeun salaku kalengkepan upacara. Pakakas-pakakas éta ngabogaan lambang.
1.        Kembang jambé (mayang) anu ngandung harti “hayang” nya éta “hayang hadé”, saperti seungitna kembang éta.
2.        Kembang 7 warna ngalambangkeun 7 hal nya éta hirup, kakuatan, panempo, pangrungu, omongan jeung kahayang.
3.        Ayakan dijieun tina awi ngandung ma’na yén élmu anu dipiboga ku urang, kudu bisa dipilah-pilah mana nu hadé nu ngabogaan mangpaat pikeun dunya jeung ahérat sarta mana nu teu hadé.
4.        Kalapa gading (kalapa ngora) anu digambaran tokoh wayang, Srikandi jeung Arjuna ngandung ma’na mudah-mudahan anakna nurut, alus rupa jeung kulitna saperti kulit kalapa gading nya éta konénglangsat.
5.        Belut nu diasupkeun ti beulah luhur sinjang nalika ngalaksanakeun upacara mandi kembang ngalambangkeun sangkan engké dina waktu ngalahirkeun lancar, saperti belut kaluar tina liangna.
6.        Rujak kanistren nu dijual ka barudak ngandung lambang yén ti mulai harita geus béak mangsa ulin sawaktu budak jeung satuluyna jadi indung. Rujak kanistrén rasana pait, kesed, haseum jeung sajabana ngalambangkeun sangkan sagala kasusah jeung patina hirup diajarkeun ka anakna. Kitu ogé lamun rujak rasana lada ngalambangkeun yén engké orok anu dilahirkeun téh lalaki, jeung lamun teu lada orok anu dilahirkeun téh berarti awéwé.
7.        Tujuh rupa kadaharan, nya éta beubeutian saperti sampeu, hui, boléd, suuk, kacang tanah, ganyol jeung sagu.
8.        Sinjang panjang 7 lambar.
9.        Jajambaran, tempat cai jeung kendil anu eusina belut. Belutna 7, lamun euweuh cukup ku 1 belut pikeun sarat.
10.    Kalapa gading nu digambaran Arjuna ksatria nu gagah jeung tokoh Srikandi tokoh wanoja anu geulis. Lamun teu digambaran kudu ditulis ngaran tokoh wayang eta.
Dina prak-prakanana ieu upacara sok diayakeun pengajian babarengan sarta biasana maca ayat-ayat Al-quran nya éta surat Yusuf, surat Lukman sarta surat Maryam minangka surat-surat anu dianggap mulya. Lian ti éta ditataharkeun ogé parabot pikeun upacara ngamandian nu keur kakandungan, sarta anu utama nya éta rujak kanistren anu diwangun ti 7 rupa bungbuahan. Nu keur kakandungan dimandian ku tujuh kulawarga deukeut anu dipingpin ku saurang paraji sacara bagilir kalayan ngagunakeun 7 lembar lawon samping batik anu dipaké gunta-ganti unggal guyuran sarta dimandian ku cai kembang tujuh rupa. Sanggeus kitu acara dituluykeun kana siram ibu hamil anu dipingpin ku indung beurang. Ibu hamil dibawa ku paraji ka hareupeun imah. Anu saméméhna geus ditataharkeun aya jajambaran anu eusina duit, jumlah duitna numutkeun kana wedal salaki jeung pamajikan anu ditambahkeun anu geus dicampuran kembang tujuh rupa. Mimitina indung beurang ngebut-ngebutkeun kembang mayang ka awak ibu hamil, tuluy boh gadis boh ibu-ibu nyalampeurkeun, lantaran ceuk sahaol mah bakal téréh boga anak. Sanggeus kitu indung paraji mawa kalapa gading anu geus digambaran bari ngadu’a, doana nya éta:
Bismilahirohmanirohim
Macakeun Qomat, Surat Al Fathihah, Al Falaq, Al Fathihah,
Pangéran anu kawasa muga-muga babar sing mulus rahayu berkah salamet, sing lungsur langsar, mun istri sing geulis mun pameget sing kasép, sing soléh manahna, sing pinter mencari élmuna,
Bismilahirohmanirohim
Macakeun Sahadat, Surat Al Kautsar,
Sabulan ngahérang, dua bulan ngalengang, tilu bulan gumulung, opat bulan mangrupa, lima usik, genep malik, tujuh kolot, 8 ngora, salapan medal ka dunya, borosot héor.
Dina guyuran katujuh diasupkeun belut nepi ka beunang kana beuteung nu keur kakandungan, ieu hal dipimakdud sangkan lancar dina prosés babaran. Bareng jeung murag na belut, kalapa gading anu geus digambaran ku tokoh wayang ku salakina dibeulah maké bedog. Ieu hal dipimaksud sangkan orok anu dikandung sarta kolotna miboga laku lampah anu hadé. Sanggeus réngsé dimandian biasana nu keur kakandungan didangdanan tuluy dibawa ka tempat rujak kanistren anu geus disiapkeun. Tuluy anu keur kakandungan ngajual éta rujak ka barudak sarta para sémah anu hadir dina éta upacara, sarta maranéhanana meulina ngagunakeun talawengkar, nya éta kenténg anu geus dijieun buleud kawas duit kencring. Nalika nu keur kakandungan ngajual rujak, salakina mah miceun sésa parabot mandi kawas cai sésa dina jajambaran, belut, kembang, jsb. Kabéhanana éta kudu dipiceun di jalan simpang opat atawa simpang tilu, sanggeus rujak kanistren béak terjual runtuyan upacara adat tingkeban réngsé dilaksanakeun.
Nalika nincak kana dalapan bulan, teu aya kagiatan sadekah tapi sok diayakeun dina waktu nincak kasalapan bulan, nyaéta ngayakeun acara sadekah bubur lolos jeung sadekah lampu. Bubur lolos (dahareun nu dijieun tina tipung béas digulaan, maké santen tur dibungkus ku daun cau) ngandung maksud: supaya dina waktu ngalahirkeun, orok bisa kaluar kalayan lancar jeung salamet, sedengkeun lampu miboga maksud: supaya orok nu dilahirkeun miboga haté nu caang. Lampu nu dipaké biasana lampu cempor atawa lampu témpél.
Nalika nincak kana salapan bulan, para sepuhna atawa salakina nyiapkeun mangrupa-rupa dangdaunan atawa beubeutian pikeun nyiapkeun nyanghareupan ngajuru. Anapon dangdaunan anu diperlukeun, nya éta: pucuk daun singungu; daun tétér; daun kemuning; daun ganas, pucuk daun awi tali, daun kahitutan, daun bau, daun sembung, daun jawer kotok, daun galling; daun urang-aring; séréh; daun tarawés; jeung daun tilem. Anu mangrupa beubeutian, nyaéta: konéng santen; konéng gedé; konéng temen; konéng hideung; konéng joho; konéng bodas; lampuyang; laja; kunyit; panglay; katumbar; jeung bawang bodas. Anu mangrupa akar-akaran, nyaéta: akar bawang putih; akar carulang; akar tétér; akar kanyéré; akar tapakliman; akar kiambang; jeung akar dadap. Mangrupa siki-sikian, nyaéta: siki jaat; peundeuy; béas ketan hideung; béas ketan beureum; pala; cengkéh; rejek; jamuju; santen; rinu; mata hiang; ketumbar; jeung tampar hantu. Mangrupa kulit tangkal, nya éta: tangkal sintok; pucuk masoji; jeung kayu manis. Salian ti éta ogé, pikeun nolak iblis anu sok remen ngaganggu samodél kuntilanak, kudu nyadiakeun: panglay; jaringao; daun salam; jeung jukut palias, anu di gantungkeun dina tempat anu ngajuru.
Nalika nincak kana sapuluh bulan (reuneuh mundingeun/teu normal), sok diayakeun upacara reuneuh mundingeun. Upacara reuneuh mundingeun dilaksanakeun upama awéwé nu kakandungan leuwih ti salapan bulan. Ieu upacara diayakeun sangkan nu keur kakandungan téréh ngalahirkeun. Dina prak-prakanana, beuheung nu kakandungan dikangkalungan kolotok munding sarta ditungtun ku indung beurang (paraji) bari maca doa ngurilingan kandang munding. Upama euweuh kandang munding, bisa diganti ku ngurilingan imah nu lobana tujuh kali.
Dina runtuyan kagiatan anu reuneuh anu sok dilakukeun unggal bulan, miboga ma'na jeung palasipah nyaéta:
1.        Bulan kahiji (reuneuh sabulan) disebut: Ngahérang. Nyaéta, ngajadikeun suci atawa beresih. Hartina, kandungan masih kaciri herang. Dina bahasa agamana mah: alkah.
2.        Bulan kadua (reuneuh duabulan) disebut: Lumenggang. Nyaéta, ngajadi kentel. Hartina, geus kentel sanajan transparan kénéh (ngalangkang). Dina bahasa agamana mah: kasapah.
3.        Bulan katilu (reuneuh tilubulan) disebut: Kumambang. Hartina, geus mengkel jeung buleud. Dina bahasa agamana mah: nutpah.
4.        Bulan kaopat (reuneuh opatbulan) disebut: Gumulung. Nya éta, ngajadikeun hiji. Hartina, geus padet tur buleud. Dina bahasa agamana mah: amarullah.
5.        Bulan kalima (reuneuh limabulan) disebut: Mangrupa. Sabab dina bulan éta, geus ngajadi mangrupa jelema. Hartina, geus kaciri bungkeuleukanana. Dina bahasa agamana mah: Ahmad.
6.        Bulan kagenep (reuneuh genepbulan) disebut: Usik. Hartina, janin geus karasa usik. Dina bahasa agamana mah: Ahmad.
7.        Bulan katujuh (reuneuh tujuhbulan) disebut: Malik. Hartina, geus sampurna anu ngawujud manusa jeung geus bisa gerak. Nyaéta, posisina geus bisa malik. Dina bahasa agamana mah: Muhammad.
8.        Bulan kadalapan (reuneuh dalapanbulan) disebut: Kumentar-Kumentir. Hartina, geus bisa néangan jalan kaluar. Dina bahasa agamana mah: Muhammad.
9.        Bulan kasalapan (reuneuh salapanbulan) disebut: Ngaruang-ruang. Hartina, geus aya jalan pikeun kaluar tinggal nungguan waktuna kaluar. Biasana umur kandungan salapan bulan téh sok disebut: bulan alaeun. Dina bahasa agamana mah: Muhammad.
10.    Akhir bulan kasalapan atawa asup bulan kasapuluh, orok dibabarkeun (kaluar anak). Eta sok disebut ngaran Rosululloh jeung kolot beheula. Umur kandungan anu teu normal (leuwih ti salapan bulan biasana sok pada nyebut: reuneuh mundingeun).
Aya istilah ngaruang nya éta tanda rék ngajuru, dimana beuteung karasa murilit jeung awak teu ngarareunah. Nalika kajadian éta, sok didatangkeun paraji atawa indung beurang. Istilah paraji miboga harti nya éta tukang atawa ahli dina ngurus anu rék ngajuru. Nalika prak-prakan paraji biasana sok mawa kanjut kundang anu dijerona kunyit, bangle, jaringao, tali putih jeung péso. Aya palakiah kagiatan nalika baris ngajuru supaya lungsur-langsar nyaéta:
1.    Salakina kudu ngalungkeun endog tina arah sirah kana sukuna pamajikanana.
2.    Nyieun jaropi anu ngagunakeun gayung anu disemburkeun kana emun-emun diteruskeun kana puser beuteungna anu rék ngajuru. Bari ngaléngkahan tur ngalungkeun gayung, kudu ngucapkeun "Hayu geuwat geura tuturkeun Bapa "
3.    Nendeun keris borojol, tujuanna sangkan bisa kaluar ngaborojol samodél keris éta. Nalika arék ngajuru dina waktu peuting –sangkan euweuh anu ngaganggu kanu rék ngajuru, biasana salakina tataranjang –tujuanna pikeun ngusir kuntilanak. Dina prakna ngajuru, lamun hésé biasana éta nu rék ngajuru téh dititah: diuk jongkok/diukna ngunjar, maksudna pikeun ngungkulan kana héséna ngajuru. Pikeun mikanyaho kana waktu arék ngajuru, biasa sok ngeueuman jukut fatimah anu diteundeun dina jawan. Eta maksudna: sangkan bisa katingali anu dimana jukut fatimah ngarekah yen éta deukeut kana arék ngajuru. Sabalikna lamun éta jukut téh teu ngarekah, can bisa ditangtukeun iraha ngajuruna. Waktu dina arék ngajuru téh, dua atawa tilu poé. Dina waktu éta biasana bakal kaluar cai kakawahan tur dibarengan kaluarna orok. Kaluarna orok anu salamet biasana sok diteundeun dina nyiru tur dibulenan ku calana bapana anu beresih –palakiah éta téh, sangkan engké budak mun geus gedéna henteu kadatangan ku mangrupa panyakit. Paraji biasana ngurus heula orok, geus bérés éta orok, kakara diteruskeun ngurus indungna.

Pamali
Pamali, nya éta: larangan sepuh urang. Anu maksudna, teu meunang ngalakukeun hiji pagawéan lantaran sok aya matakna. Dina istilah ieu, kecap pamali dipatalikeun jeung kecap: pahing, pantrang, jeung cadu.
Pamali anu nyampak nalika keur reuneuh nya éta :
1.        Teu meunang saré dimana waé jeung teu meunang maké bantal (teu meunang saré teu maké bantal?), sabab bakal ngabalukarkeun hésé nalika baris ngajuru.
2.        Teu meunang ngadahar tutut, bisi tunduh dina ngajuru.
3.        Teu meunang ngadahar intip, bisi bali orok kaluarna hésé.
4.        Teu meunang diuk nangunjar, bisi engké ngajuru éta orok suku tiheula (sungsang)
5.        Teu meunang diuk dina hareupeun panto atawa lawang panto (ngalong), bisi hésé ngajuru
6.        Teu meunang diuk dina kulit: domba; sapi; kebo; atawa diuk dina taneuh teu maké samak, sabab bisi ngaluarkeun darah saacan ngajuru.
7.        Teu meunang mandi maké raksukan baseuh, sabab bisi ngadatangkeun panyakit anu ngaluarkeun cai nalika ngajuru.
8.        Teu meunang ngadahar telor (endog) kulub, sabab anakna engké bisi bisul dina sirahna.
9.        Teu meunang ngadahar ganas, sabab bakal ngadatangkeun panyakit ateul dina pipina atawa koréng.
10.    Teu meunang ngadahar salak, sabab engké bakal ngadangkeun panyakit koréng dina sirahna.
11.    Teu meunang ngasaan sayuran dina séndok, bisi engké anakna goréng rupa.
12.    Teu meunang nangkarak, sabab bakal ngabalukarkeun engké budakna dilahirkeun dina kaayaan nangkarak.
13.    Teu meunang dahar belut, engké bisi budakna ulin waé.
14.    Teu meunang dahar kapiting jeung lélé, bakal ngabalukarkeun anakna boga watek harak.
15.    Teu meunang saré tibeurang, bakal ngabalukarkeun engké ngajuru dina kayaan kotor.
16.    Teu meunang ningali anu maot, bakal ngabalukarkeun budakna miboga rupa pucat jiga bangké.
17.    Teu meunang dahar anu lada-lada, sabab ngabalukarkeun panyakit hésé miceun kokotor.
18.    Teu meunang dahar waluh, sabab engké bisi gendut beuteungna.
19.    Teu meunang nendeun gulungan samak, sabab bakal dideukeutan ku kuntilanak.
20.    Teu meunang mawa botol dijingjing, sabab bakal ngabalukarkeun sirah orokna leutik
21.    Teu meunang dahar udang, sabab bakal hésé nalika ngajuru.
22.    Teu meunang ngéwa kanu goréng patut atawa goréng lampah,
23.    Teu meunang suaban sasauran
Lian ti ayana pantrangan pikeun nu kakandungan (pihak awéwé), aya ogé pantrangan pikeun salakina diantarana;
1.    Teu meunang peupeuncitan;
2.    Teu meunang nyiksa sasatoan;
3.    Teu meunang nguseup;
4.    Teu meunang ngadu hayam, ngadu domba jrrd.
Tur jalma lian ogé teu meunang nyinggung perasaan jalma nu keur reuneuh. Salaki pamajikan mun kapaksa kudu migawé nu dipantrang, alusna kudu ngucapkeun kalimah samodél: “utun inji hayu urang motongan hayam, tapi kade ulah sapotong-potongna lamun lain potongeunana” atawa “amit-amit jabang bayi ulah saturut-turutna” bari beuteung di usap.
Mun aya samagaha jeung lini, kudu di angir mandi. Kudu maké tumbal seuseukeutan sapertos péso tikel alit nu digantélkeun dina kutang atawa baju nu reuneuh.

Ngajuru
Rek Ngajuru
Nincak 9 bulan brol jabang bayi lahir ka alam dunya di bantu ku ma paraji, tali ari-arina di teukteuk ku hinis, balina sok dilayarkeun ku palayang ka walungan disimpen di dasar leuwi diheumpikan batu gedé. Mun teu kitu diwadahan kana kendi atawa kana ruas awi, bali atawa santen disamaraan maké gula –meh budak amis budi tuluy di ruang. Sok didamaran mun peuting, sok di siraman mun beurang salila 7 poé atawa saumur puput puseur. Nu ngalayarkeun bali sok di tebus ku duit jeung ku pakéan. Indungna dipiara diurut ku ma paraji tepi ka mahinum, salila eta sok dihibur ku macapat beluk salila saminggu. Sapuput puseur, budak dingaranan nu hadé, diitung nurutkeun weton. Ema paraji (indung beurang) sok dihurip ku hayam sasapihan. Barang brol orok di adanan jeung di komatan ku bapana atawa ku akina. Saréngséna orok di mandian tuluy di bedong, tuluy diwadahan kana ayakan, terus diténjrag dina palupuh; kieu:
Mimiti disebut poé lahirna (upamana lahir poé ahad),
Ahad (gujrag) béas nu di wadahan ku unem nepi ka mancawura di ténjrag ku halu talupuhna, orok sok ngarénjag ngocéak reuwaseun.
Senén, salasa, rebo, kemis, juma'ah, saptu (gujrag) béas jeung duit récéh dina unem nyamirat ngeplos kana conggang di pulung ku budak di kolong.
Terus dipépélingan di papay ku pancadria tinu pangluhurna:
Mimiti tina panon: tong satenjo-tenjona mun lain tenjoeunana,
Tuluy kana irung, tong saambeu-ambeuna mun lain ambeueunana,
Tuluy kana ceuli, tong sadéngé-déngéna mun lain déngéeunana,
Tuluy kana baham, tong saomong-omongna mun lain omongkeunnana,
Tuluy kana leungeun, tong sacabak-cabakna mun lain cabakeunana,
Tuluy kana larangan, tong sa.......na mun lain.........eunna,
Tuluy kana suku, tong satincak-tincakna mun lain tincakeunana.
Ténjrag pamungkas satarikna, indungna ngagurinjel, orok ngadengék tuluy di rawu ku ma paraji orok ditangkeup ditimbang di bébénjokeun: “deudeuh anaking nu geulis/nu kasep sing jadi jalma soleh” tuluy di sodorkeun ka indungna nu geus meunang ngamandian, nu geus nyanda di pa enggonan tengah imah, sukuna diteueulkeun kana batu panyandaan, ku indungna di tangkeup di hadiahan cai susu munggaran orok ngalempréh tibra.
Cuplak puseur dina 3 poé atawa 7 poé, tuluy nyalametkeun puput puseur, puseur anu geus puput di wadahan kana kanjut kundang di baturan ku bénggol, cariu, konci, emas di tambah ku surat kalahiran jeung péso tikel nu sok dipaké keur ngandeg.
Nincak 40 poé hajat mahinum, nyieun bubur pahinum jeung rujak séréh nyalametkeun sapuratina, di dieu mah meunang peupeuncitan. Orok di cukuran buukna di tukeuran ka emas sabeungbeuratna buuk, di pasihkeun ka ema paraji di barengan ku hayam sasapihan nu di sebut ngahuripan. Hajat 40 poé ogé sok disebut hajat  néang  gumurih, dina wanci ieu ogé sok sakalian di sunatan mun lalaki, di gusaran mun awéwé.

Di daerah séjén mah, nénjrag atawa ngagebrag orok téh kieu:
Kasus 1
Ngurus orok ilaharna ku paraji salila opat puluh poé nalika utun atawa inji kaluar tina beuteung indungna, tuluy éta orok téh ditangkarakeun anu asal posisina nangkub. Sanggeus kitu, orok téh di teundeun dina nyiru tuluy di tutupan ku samping (tina beuheung nepi ka sukuna).
Sanggeus kitu paraji tatahar ngurus indung éta orok, dituluykeun kana ngurus orok. Samping anu tadi di paké nutupan téh dibuka, tuluy paraji ngaracek bali jeung ngurut éta tali ari-ari, sabeulahna diurut kana arah beuteung éta orok jeung sabeulah deui kana arah bali.
Sanggeus kitu éta ari-ari téh di talian ku bola tilu kali beungkeutan. Beungkeutan kahiji jarakna dua ramo tina beuteung orok, beungkeutan kadua jarakna dua ramo tina beungkeutan nu kahiji. Beungkeutan katilu jarakna tilu ramo tina beungkeutan nu kadua jeung saterusna.
Sanggeus kitu maké landasan konéng temen jeung duit récéh di handapna, tali ari-ari nu tadi di teukteuk ku hinis. Bagian anu di teukteuk nya éta antara bagian anu kadua jeung nu katilu. Duit anu dijadikeun landasan nya éta duit ringgit atawa duit emas. Landasan éta miboga udagan sangkan éta orok ka hareupna bakal jadi budak gedé milik jeung séhat.
Sanggeus tali ari-ari diteukteuk, éta orok dimandian ku cai haneut kuku. Sanggeus bérés éta, orok di teundeun dina palupuh tuluy diténjrag (suku paraji téh dihentakan tilu kali di luhur palupuh, mimiti di belah luhur pas mastaka, kadua di belah katuhu, katilu di belah kénca). Lamun imahna lain panggung biasana lain di ténjrag tapi digebrag, carana numbuk-numbukeun halu kana pangrih, lobana tilu kali. Najan béda tapi tujuana mah sarua sangkan éta orok téh teu jadi budak anu reuwasan.
Saencan diténjrag atawa digebrag, paraji osok macakeun runtuyan poé –tapi anu mimiti disebut mah, poé kalahiran éta orok, tuluy ngurut tina poé kalahiran orok. Contona: orok téh lahir poé Ahad, jadi paraji macakeuna: Ahad, Senén, Salasa, Rebo, Kemis, Juma’ah, Sabtu, anu di barengan ku jampé. Sanggeus kitu éta orok dibalur ku konéng anu geus di réndos, tujuana sangkan éta orok kulitna lemes.
Sanggeus kitu diteundeun deui dina nyiru bari di salimutan. Orok, di adzanan di belah katuhu jeung qomat di belah kénca. Tuluy paraji mawa éta orok ka hareupeun hawu, tuluy mawa wadah tarasi, tuluy éta orok diparancahan ku kekecapan jiga kieu:
Utun (lamun lalaki) Inji (lamun awéwé) mangka ati-ati!
ceuli ulah sadéngé-déngéna, ari lain déngéeunana,
panon ulah sok saténjo-ténjona, ari lain ténjoeunana,
irung ulah saambu-ambeuna, ari lain ambeueunana,
sungut ulah saomong-omongna, ari lain omongkeunana,
suku ulah satincak-tincakeunana, ari lain tincakeunana,
leungeun ulah sok sacokot-cokotna, ari lain cokoteunana.”
Tuluy leungeun orok diasupkeun kana wadah tarasi, sanggeus paraji macakeun deui mantra-mantra, tuluy éta orok di bawa deui ka tempat anu tadi. Halis éta orok di balur ku sasihung bawang bodas, maksudna sangkan halisna alus melengkung lir bawang bodas.
Dina bahamna diteundeunan gula atawa dibalur ku madu, sangkan éta orok téh amis budi. Sanggeus kitu biwirna di balur ku bawang beureum sangkan alus seurina, Tungtungna éta biwir orok téh dirapetkeun ku tapok jambé atawa cupat jambé maksudna sangkan biwirna teu jebéw.
Sanggeus kitu, dipaké keun tameuh atawa gurita. Sanggeus tali pusar diobatan ku konéng, tuluy dibedong jeung mastakana dikarudungan ku daun taleus hideung sangkan mastakana teu benjol. Sanggeus kitu mah éta orok téh di golérkeun deukeut indungna, sedengkeun deukeut mastakana disimpen aseupan butut ditonggéngkeun jeung dicorétan ku apu seupah.
Sedengkeun di unggal sisi éta orok téh diteundeunan dua bebegig anu dijieun tina sapu, anu hiji disebut Aki Maranak jeung hiji deui Nini Maranak. Tuluy dina piring aya: puncak manic; endog hayam hiji; uyah guluntungan; jeung cabé. Tuluy aya kanjut kundang, baréra, kisi, jeung péso.
Di belah tungtung suku orok di teundeun damar. Unggal poé –isuk-isuk jeung soré orok dimandian ku cai haneut, tuluy dibalur ku konéng anu geus di rendos nepika lemes. Sedengkeun bujalna dibalur ku mehong sangkan sésa tali ari-ari anu masih rapet téréh garing. Lamun bujal éta leupas, mangka diayakeun salametan anu disebut puput puser ilaharna mah di antara opat atawa lima poé ti mimiti lahir.
Nalika katujuh poéna diayakeun salametan anu disebut nurunkeun, nya éta mawa orok ka luar imah ku upacara halaman. Dina 10 atawa 15 poé, orok dimandikeun ku cai anu diteundeun tolowéngkar anu dibeuleum saméméhna; daun bacang; jeung kalakay daun cangkring –maksudna sangkan ngaleungitkeun bulu hiang orok anu jadi ti mimiti lahir.

Kasus 2
Barang gubrag jeung ngagoar ceurik, diadzanan jeung diiqomatan ku bapana –jadi, nu pangheulana kadenge ku orok téh: asma Alloh.
Jabang bayi anu geus diberesihan jeung dimandian ku paraji, tuluy ditunda di luhureun tempat anu mun digebrag sorana rada tarik –dina méja upamana. Paraji tuluy ngagebrag tujuh kali:
Tong satempo-tempona, mun lain tempoeunana; (kitu ceuk paraji satengah ngagorowok ditungtungan ku ngagebrag meja –biasana ku batu. Jabang bayi biasana ngagoar ceurik, reuwaseun).
Tong sadéngé-déngéna, mun lain déngéeunana; (gebrag deui)
Tong sacabak-cabakna, mun lain cabakeunana; (gebrag deui)
Tong saomong-omongna, mun lain omongeunana; (gebrag deui)
Tong saambeu-ambeuna, mun lain ambeueunana; (gebrag deui)
Tong satincak-tincakna, mun lain tincakeunana; (gebrag deui)
Tong sacokot-cokotna, mun lain cokoteunana; (gebrag deui)
Terus paraji ngadu’a:
Sing pait getih, Pahang tulang;
Hirup kumbuh jadi manusa nu sampurna.
Jabang bayi satuluyna dipasrahkeun ka indungna, sina disusuan ku cisusu munggaran.

Bada Ngajuru
Aya sababaraha pantangan anu geus ngajuru salila tilu bulan, nyaéta :
1.    Teu meunang ngadahar anu digoréng-goréng.
2.    Teu meunang ngadahar endog
3.    Teu meunang ngadahar waluh gedé
4.    Teu meunang ngadahar cau
5.    Teu meunang ngadahar anu haseum-haseum
6.    Teu meunang ngoyagkeun tilam orok
Saenggeus tilu atawa dalapan poé puserna geus coplok, biasana sok diayakeun salametan bubur bodas jeung bubur beureum bari méré ngaran ka orok anu ku indung bapana dibéré ngaran panghadéna.
Aya sababaraha kapercayaan ngeunaan kana ngaran, nya éta :
1.    Nalika anu ngajuru tur orokna maot waé, éta budak téh kudu dingaranan: Runtah, Kadut jeung Sarah
2.    Nalika orok dilahirkeun dina mangsa Safar, éta orok sok panyakit sasapareun (gedé ambek) mangka orok kudu dibéré ngaran: Lélé, Betok jeung Bulus, tujuanna sangkan éta orok téh bisa miboga kasabaran. Ngaran-ngaran éta bisa diganti nalika éta orok téh geus gedé (anu disebut tea, ngaran "Nénéh"). Salila puser ari-ari orok éta can leupas, biasana anu ngurus éta orok téh paraji. Lamun geus leupas, kakara anu ngurus éta orok téh indung bapana atawa kulawargana. Saenggeus ari-arina atawa puserna geus coplok, éta orok téh di mandian dua kali sapoé jeung maké bedak ku ubar sasawaneun (bura beuweung) anu geus disadiakeun dina mangsa reuneuh salapan bulan. Maksud dibedakan, ngarah éta orok téh henteu bau. Kira-kira dina umur lima belas poé, dimandian maké daun bayang jeung dahan dadap atawa cangkring anu geus garing, tujuanna sangkan bulu miang gugur jeung ngalembutkeun kulitna. Dina bobogaan awéwé orok éta, biasana sok maké jawér kotok, tujuanna sangkan budak éta henteu boga panyakit kulit jeung henteu ngaluarkeun kokotor anu matak ngadatangkeun panyakit gecet. Jalma anu geus ngajuru teu meunang nginum cai atah, sabab bakal ngabalukarkeun orokna utah-utahan. Kira-kira tilu poé atawa tujuh poé, biasana anu geus ngajuru sok diayakeun ngurut anu dilakukeun saminggu sakali, salila opat puluh poé diitung tina tujuh poéna geus ngajuru.

Bali atawa Santen
Bali mangrupa daging sagebleg nu disambungkeun ku tali ari-ari kana bujal jabang bayi. Ieu bali ulah dipiceun sagawayah, tapi kudu diurus heula saperti dibungbuan maké uyah, asem, jeung gula. Tuluy ditutup maké kaén bodas nu geus diliangan ku awi leutik. Sanggeus kitu tuluy dibawa, dikuburkeun di pipir imah atawa leuit. Sangkan ti jero kuburan bali, bisa kaluar hawa sok dipalitan nolol luhureun taneuh sarta teu beunang kapepedan.

Ngalarung Bali Sangkan Luhur Darajat
Baheula miceun bali atawa santen nu kaluar sabada jabang bayi borojol teu kitu waé, tapi pinuh ku duduga jeung peryoga. Ngarah jabang bayi engkéna luhur harkatna, bisa ngajungjung darajat: agama; indung bapa; bangsa; jeung nagara.
Umumna bali atawa santen dikubur ku paraji atawa indung beurang sanggeus ngurus jabang bayi nu kakara gubrag. Nguburna teu asal, biasana mah dibungkus heula ku lawon beresih. Aya ogé nu diasupkeun kana kendi leutik, dikuburna jeung kendi-kendina. Ngaruangna rada jero, luhurna ditindihan batu ngarah teu dikali ku anjing. Lolobana dikubur dipipir imah, tapi di Ciniru Kuningan mah ngaruangna téh sok diparapatan jalan nu mindeng kaliwatan. Teu kapapay naon maksudna, ngan bisa jadi udaganana supaya jabang bayi mun geus gedé: lampar; jembar; jeung loba sobat keur batur pakukumaha.
Aya ogé anu ngaruang bali téh di tempat karamat. Bali anu meunang mungkus ku lawon bodas jeung upih téh, terus dikubur. Kuburanna diasupan palét –awi leutik nu biasa sok dipaké nyieun bebedilan anu pélorna ku kanyéré, ngacung ka luar sangkan hawa asup ka jero.
Di Tundagan Kuningan, bali teu dikubur tapi dilarung di leuwi walungan. Ngalarungna aya beurang, aya peuting –kumaha gubragna jabang bayi. Teu bisa dililakeun, kudu gancang-gancang dilarung.
Kitu ogé mun jabang bayi lahir tengah peuting, harita kénéh balina kudu gancang dilarung henteu bisa diisukeun –nu matak, kulawarga anu wanojana keur kakandungan, heug geus bulan alaeun, sok nyiapkeun upih jeung lawon bodas.
Baheula mah anu rék ngalarung bali, sok maké baju husus: sirah diiket; baju toro –kamprét; jeung calana pangsi hideung. Kabéhdieunakeun mah, pakéanana téh biasa waé ilahar jeung pakéan umum. Nu penting mah sopan, henteu sempral-semprul teuing –lantaran lain rék miceun runtah.

Prak-prakanana Ngalarung
Teu Sagawayah Ngurus Bali/Santen
Mimitina bali dikumbah sing beresih, tuluy dibungkus ku lawon bodas nu ogé beresih. Geus kitu, dibungkus ku upih –kalokop dahan jambé. Ti dinya digantélan ku keretas sacewir nu ditulisan ngaran orok.
Mun orok lalaki, diasupan duit kencring nu jumlahna jangkep (genap). Ari orok awéwé mah, jumlah duit kencringna ganjil. Gedé leutikna duit, teu ditangtukeun.
Sasajén sapuratina keur bawaeun ka sisi walungan, disadiakeun dina wadah leutik –ngarah babari dibawa. Sasajénna téh: kembang tujuh warna; sangu dua pincuk leutik; beuleum asin –biasana mah pépéték atawa tanjan; palita –damar tina kantéh atawa kapas, maké minyak keletik; jarum; eunteung; jeung sajabana.
Memeh jung indit, di du’a an heula. Unina diantarana kieu:
Bul kukus menyan ka manggung;
Amit ka para karuhun ti bapa katut ti indung;
Ka para Wali, ka Kanjeng Rasulullah SAW, ka para Sahabat sakabéh;
Banyu rasa, banyu suru;
Banyu kaserangan aing;
Singlar beurang, singlar peuting;
Singlar sapapanjangna.
Bali nu dibungkus ku upih téh, diais ku samping kebat di beulah kénca –teu béda jeung ngais orok. Leungeun kénca mawa payung, ari leungeun katuhu mekel umpet –obor tina mancung kalapa keur nyeungeut menyan. Sabot leumpang ngajugjug leuwi: teu weléh maca solawat sedengkeun leungeun katuhuna ngupat-ngapitkeun umpet –ngarah teu pareum. Lamun aya nu nanya, teu meunang ngawalon sakecap ogé –lamun ngawalon cenah orokna moal anteng, bakal rungsing. Urang lembur anu pasarandog di jalan, geus ngalartieun tara pirajeuneun nanya.
Anjog ka nu dituju, lalaunan aisan bali atawa santen dibuka. Balina tuluy diteundeun di sisi leuwi, sasajén ditunda gigireunana. Menyan diseungeut ku ruhay umpet. Bareng jeung haseup menyan nu mumbul ka luhur, bari sundak-sanduk:
Kula nyérénkeun ieu santen;
Ka indung palebah dieu, ka bapa salebah dieu;
Ka sadulur opat, kalima pancer;
Pangjajapkeun ieu orok, wasta …. (nyebut ngaran orok);
Niat mangkat nyiar pirejekieun, pidarajateun, sareng pijodoeunana;
Pasihkeun ka …. (nyebut ngaran orok).
Geus kitu, bali atawa santen dikerelepkeun ka leuwi –mun keur usum halodo jeung caina déét, bali téh sok ditindihan ku batu badag ngarah teu aya nu ngagunasika.
Bérés kitu mah tuluy baralik, sasajén jeung umpetna ditinggalkeun di sisi leuwi –henteu milu di ruang.


Cag.
Hapunten tina kakiranganana.