Minggu, 29 April 2012

Peperenian Urang Sunda

SANDUK-SANDUK
Ditulis teh sanes seja mapatahan ngojay ka meri, mung kanggo arsip simkuring wungkul.
Hapunten upami leuwih mentingkeun inpormasi lisan, sanajan konsékuénsina tojaiah jeung inpormasi resmi.





Ngaran Kembang :
Kembang Awi : eumbreuk
Kembang Bako : bosongot
Kembang Bawang : ulated
Kembang Bolang : ancal
Kembang Boléd : tela
Kembang Cabé: bolotot
Kembang Cau : jantung
Kembang Céngék : méncéngés
Kembang Cikur : jelengut
Kembang Eurih : ancul
Kembang Gedang : ingwang
Kembang Génjér : gélényé
Kembang Hoé : bubuay
Kembang Honjé : comrang
Kembang Jaat : jalinger
Kembang Jambé : mayang
Kembang Jambu Aer : lenyap
Kembang Jambu Batu : karuk
Kembang Jarak : uing
Kembang Jéngkol : mérékényényén
Kembang Jeruk : angkruk/angkes
Kembang Jotang : punting
Kembang Kadu : olohok
Kembang Kalapa : suligar
Kembang Kalur : pelepes
Kembang Kaso : curiwis
Kembang Kawung : pengis
Kembang Koneng : badul
Kembang Laja : jamotrot
Kembang Leunca : pengil
Kembang Peuteuy : pendul

Ngaran Anak Sato :
Anak Anjing : kirik/kicik
Anak Badak : putri
Anak Bangbung : kuuk
Anak Bangkong : buruy
Anak Banteng : bangkanang
Anak Bagong : bedul/benyit
Anak Belut : kuntit
Anak Beurit : cindil
Anak Bogo : cingok
Anak Buaya : bocokok
Anak Deleg : bayong
Anak Embe : cema
Anak Gabus : boncel
Anak Gajah : ménél/karaba
Anak Hayam : pitik/ciak
Anak Hurang : rarong
Anak Impun : gendot/gendol
Anak Japati : piyik
Anak Kancra : badal
Anak Kuda : belo
Anak Kutu : kuar/balagendir
Anak Lauk : burayak
Anak Lauk Bandeng : nénér
Anak Lélé : jéjéréndél/nanahaon
Anak Lubang : leungli
Anak Maung : aom/aden
Anak Meri : titit
Anak Monyet : begog
Anak Munding : énéng
Anak Reungit : utek-utek
Anak Simeut : mikung
Anak Sapi : pedet
Anak Ucing : bilatung
Anak Papatong : kini-kini


Ngaran Kandang Sato :
Kandang Anak Lauk : buleng
Kandang Hayam : paranjé
Kandang Japati : pagupon
Kandang Kuda : gedogan/istal
Kandang Lauk : karamba
Kandang Lauk Bandeng : émpang
Kandang Lélé : rumpon
Kandang Munding : karapyak
Kandang Manuk : kurung
Kandang Maung : karangkéng


Itungan Waktu :
Janari Gede : tabuh 01.00-03.00 WIB
Janari Leutik : tabuh 03.30-04.30
Balebat : waktu fajar geus udat-udat belah wetan (04.30-05.00)
Carancang Tihang : geus liwat fajar, waktu tetenjoan masih remeng-remeng (05.00)
Haneut Moyan : waktu ngeunah-ngeunahna dipake moyan (07.00-08.30)
Rumangsang : panon poe geus karasa panas (09.00)
Pecat Sawed : waktu munding anu dipake ngawaluku sawah dilaan (dipecat) sawedna (10.00)
Manceran/Mentarangan : panon poe aya luhureun sirah (12.00)
Lingsir Ngulon : panon poe geus mimiti ngageser ka Beulah kulon (13.00)
Panon Poe Satangtung : 15.00
Tunggang Gunung : panon poe mimiti surup dina luhureun gunung (16.00-17.00)
Sariak Layung : layung cahaya panon poe katenjo burahay beureum (17.00-18.00)
Sareupna : geus mimiti reup poek (18.30)
Sarereuh Budak : waktu budak leutik geus carapeeun ulin jeung ngaji (20.00)
Tengah Peuting : 24.00

Ngaran Usum :
Pagebug : usum loba nu gering parna jeung nu maraot
Sasalad : usum loba panyakit nu babari tepa
Patepok : usum loba nu kawin
Tigerat : usum kurang dahareun (beas/pare)
Mamareng : mimiti rek ngijih
Ngijih : usum hujan ngecrek saban poe
Dangdangrat : usum hujan paselang jeung halodo (kakapeungan)
Katiga : usum teu ayana hujan
Nyambut : usum mimiti ngagarap sawah
Tandur : usum melak binih pare
Ngarambet/Ngoyos : usum patani miceunan jukut sawah
Celetu : usum pare culcel baruahan
Beukah : usum pare geus loba nu buahan
Rampak : usum pare geus rata
Nyacar : usum nyacar leuweung pikeun serang/pihumaeun


Itungan Lobana Paré :
Saeundan = ½ Pocong
Sapocong = 2 Eundan
Sagédéng/Sageugeus = 2 Pocong dihijikeun
Sasangga = 5 Gédéng
Sabawon = 4 Pocong
Salajer = 4 Sangga (20 Gédéng)
Satanggung = 50 Geugeus
Samadea = ½ Caéng – 20 Sangga
Sacaéng = 2 Madea – 40 Sangga (200 Gédéng)


Panca Kaki :
1.        Tambak Galeng
2.        Gerpak
3.        Kait Siwur
4.        Udeg-Udeg
5.        Janggawareng
6.        Canggah
7.        Bao
8.        Buyut
9.        Nini/Aki
10.    Indung/Bapa
11.    Kuring
12.    Anak
13.    Incu
14.    Umpi
15.    Cicip
16.    Muning
17.    Angga Santana
18.    Kula Santana
19.    Preti Santana
20.    Wit Wekas

 Jampe/Ajian/Jangjawokan/Rajah
Jampé bisa disebutkeun karya sastra sabab milih kekecapanana leubeut ku éstétika basa.
Jampé atawa mantra (basa Sansekerta) kungsi dipiwanoh ku urang Sunda. Jampé téh ucapan-ucapan atawa kalimah anu dianggap boga kakuatan gaib mun dipigawé bari saméméhna dibarengan ku rupa-rupa pasaratan.
Tapi mun nilik kana pilihan kecap anu leubeut ku idiom-idiom nu kuat, jampé ku pangajén basa mah bisa diasupkeun kana karya sastra puisi. Lirik-lirikna boga kakuatan anu leubeut ku éstétika basa, kaéndahan kecap kacida dicekelna. Dina ngarakit wirahma matak genah kadéngéna jeung kacida mangaruhan ka anu ngadéngéna.

Meruhkeun Musuh
Sima aing sima maung
Sima manusa satitik manggiri, satangkal jeung badan
Marah sia geus kapungkas
Sangkiricik ngaran sia keur leutik
Sangkuricak ngaran sia keur budak
Kapingkas kapungkas amarah sia ku aing
Sing asih, welas asih ka diri aing

Kilah Kaprabuan
Mataing katalama sung prabuan
Inya artata wung lingga ingkanan
Estu natala, estu natala
Sing kabeh ka kama
Ka kama irta kalla ima-ima
Kallama asih rangtakun
Ngantup sing ukur
Kama irta prabuan

Batara Karang
Pangabaran sajagat gulung manik maya
Gentak satetel guna wisésa
Dada sia dada aing ret buret
Papuket-puket badan sateruk jadi tunggal
Tunggal raga kalawan nyawa
Nyawa sia nyawa aing
Satunggal sajaya
Saciduh metu saucap nyata
Leungeun kula badan kula
Weteuh ning waja

Asihan
Samping aing kebet lereng
Ditilik ti gigir lenggik diteuteup ti hareup sieup
Mikaeunteup mikasieup
Mangka eunteup mangka sieup ka awaking
Awaking ratu asihan
Ti luhur kuwung-kuwungan ti handap téja mentrangan
Ditilik ti tukang lenggik ditilik ti gigir sieup
Mangka eunteup mangka sieup
Asih… asih… asih…
Asih ka badan awaking

Si Taruk Gadung
Asihan aing si taruk gadung
Sataruk nu matak lanjung, salambar nu matak hayang
Sasoéh nu matak léwéh, sih asih ka badan awaking


Asihan
Assalamu’alaikum, wa’alaikumsalam
Semar kuncung mesem semar
Pul-pel kana awak aing
Silih getrep silih asihan
Gentur pélét aing sing malik
Anu diamat ku aing sing lieur
Sih asih ka awak aing
Sing kapincut ku aing
Bismillahirrohmannirrohim
Niat ti rasa niat ti sari
Balik niat ti rasa teu suka
Balik niat ti sari bari ceurik

Nyaliara Beubeureuh
Beubeureuh katineung
Batu pacacar katinggang cai
Heur.. nyalangsakan ti puncak gunung
Palapar tepung na panon poe
Bebene ticangreud
Cangreudna paparuguh
Geuning wanoh kuring si gagah
Si gagah si menak
Si asih pating harayu
Harayu mulih kanu sing ati
Hurung pahoyong geugeut ka kuring
Geugeut ka kuring !

Asihan
Bismillahirrohmannirrohim
Aci herang, aci lenggang
Aci mayap di buana
Dikukut teu geusan mangku
Dikundang teu geusan leumpang
Ari jauh aing tuturkeun
Ari anggang aing teang
Ari deukeut aing anteurkeun
Mangka welas maka asih
Asih sia komo aing

Asihan
Bismillahirrohmannirrohim
Tung lantung
Siang lantung sore lantung
Ditiung ku Cinde Wulung
Dikenyed ku panyabaran
Dipelak girang tampian
Milih neneh milih asih
Sing asih …………………….
Ti katuhu gula tiwu
Ti kenca gula kalapa
Sir rasa sir pangawasa
Nur na Cahayana Muhammad
Laa illahaillalloh
Muhammad Pangersana Alloh


Susuk Gelung
Nu nangtung di kuwung-kuwung
Nu calik di mega malang
Dikodet bentang ranggeuyan
Nya irung bentang timuran
Nya halis katumbirian
Nya tarang lancah mentrangan
Diteteup ti hareup sieup
Disawang ti tukang lenjang
Mangka welas, mangka asih
Sing asih… sing asih…. Sing asih…


Pangasihan
Ka indung anu ngandung, ka rama anu ngayuga
Ka indung anu teu ngandung, ka rama anu teu ngayuga
Ka dulur opat ka lima pancer
Pang nepikeun ieu haté
Ka indung anu ngandung, ka rama anu ngayuga
Ka indung anu teu ngandung, ka rama anu teu ngayuga
Ka …………… ka dulur opat ka lima pancer
Kalawan kanu ngurus ngaluis
Hirup jeung hurip……………
Pamugi sing deudeuh ka ……………

Miara Awak
Tangtung aing Ratu Galuh
Perlaku aing, jaya aing
Ka di kuwung
Ka di layung
Ka di siang
Nunjang anom
Nu lungguh dip anon poe
Pakan peunteu, bula ros di muakalam


Mandi
Sarauk banyak kastori
Sacibuk manggilang-manggilang
Karesmining tatapakan rosul
Hurip mulya
Cahya cahyaning Gusti
Sia tetep, sia madep
Sia lulut, sia emut
Sujud sinembah
Rep.. ka awaking


Sirep tutunggal
Gusti ning cahaya illahi
Cahaya qolbu
Hei………….
Tali ari-ari satukal budah kula
Rep sirep geterin taneuh Guntur
Geter-geter ati mikacinta sia ka kula
Rep rapet ubun-ubun
Sapeuting nyaring, sawulan inget
Prak keur sia

Kadugalan
Bismillahirrohmannirrohim
Lung-lung kalung jasilung
Barsat siat-siat-siat
Kuat-kuat-kuat-kuat-kuat-kuat-kuat


Tampalan Waja
Ngajénkeun nayagag na sasak raga
Jemat cai sampareun pangajén
Pangajén pacarak tampa
Katampa katumpukatali mada
Na dieu waragan ragaseja malik patelak cai malik
Ka sasanggalakan nu nyempah pararatan
Langin ganggala hyang
Kula nyampar kasakténan sakti
Rampa liat nyisik bumi
Taneuh galiat nyasak awing
Jah amaji panca tapak gagad
Aji rancighanjag wancag
Aji tapik tapak rencag

Raga Baja
Raganing kuat, hate ning suci
Pangijen sangyang lin-lin sagawayah
Raga kula seugseugna patali rap na ti gusti
Sumangga rap na awak
Raga baja saturna blos siga cai
Alih raga kula shakti mantra guna


Shadat (Syahadat) Sancang
Asyhadu syahadat sunda
Jaman Allah ngan sorangan
Kaduana Gusti Rasul
Katilu Nabi Muhammad
Kaopat umat Muhammad
Nu cicing di bumi angaricing
Nu calik di alam keueung
Ngacacang di alam mokaha
Salamet umat Muhammad

Ka Tempat Sanget (Shadat Rambut Kasih)
Ashadu Shadat Nyi Rambut Kasih
Shadating Prabu Renggas Panyuruh
Wiradenta Partanegara Nyi Rambut Kasih
Tungku tilu, jangka papat
Guru tanpa weru, Pangeran tanpa werat
Sakabehing Gunung Sunda
Panatagama Renggas Panyuruh
Sri Maharaja Girilawungan
Den Istri Dewi Pitaloka Girilawungan
Sindangkasih Sugih Mukti Majalengka

Panyinglar Kunti
Bismillahirrohmannirrohim
Nyi Dadru Nyi Bambrang Séra
Sia ulah lengok depong ka dieu
Di dieu mah lain tahaneun sia
Di sabrang di Palembang
Di laut Nusatengah
Sira mati kuntilanak
Hurip saanak-anak Sang Ratu Lingga Buana
Murus maris maring ingsun
Clag hurip sia ulah lengok depong ka dieu
Di dieu mah lain tahaneun sia
Tuh di ditu di tétélan méga malang

Panyinglar
Singlar aing singlar Pakuan
Prabu Kian Santang Sang Rumajang
Prabu Gagak Lumayung Ong Bayu
Kasinglar putrid ayu
Laaillahaillallahu Muhammadurrasulullah
Sang Ratu Hideung keupeul
Nu tapa na dampal leungeun
Kian Santang Kang Lumajang
Papatih Gagak Lumayung
Tuan Haji Kudratullah

Maung Garonggong
Keun béh dieu kula radapan na jigjig
Nangtung nanjakan sanghareup kidul
Keun béh ditu réngréang welang gigibrig
Patanya dunungan kula rai bangheulang
Kukutan sing garanggong tuang saha nu ganggu
Bari gebrig nincak alat-alat taneuh léat
Haleuang maung garonggong alét ka kula
Hag jag, hancag ranggé Hyang mangku

Pamuka Pirejekieun
Nandingan jaka warna ngempak awang
Jugjug taya di dana
Matri ieu harti
Harti pangusiran
Nu nyangking nyampring
Tétélakeun laat panincak
Eusi gebrig
Mudal kawasa Galuh
Tuh, Galuh, galeuh nu kula
éstu Sanghyang Jagat Alam Jagat Nunggal

Munggaran Raga
Sacemplak tingpuruluk
Rante badag tingcareplak
Hade sing ngarah hade
Wasa sing warah wasa
Tetepi kulit kula
Dagdagan raga kula
Nyampang tebih nyampang heang
Nyampang gering mun diteang



Bear Panggaleuh
Rampak ti sekarna, rampug kana bati
Nyurug ting jeroning, laweur ka parantina
Tutug suku mangun taraju
Nampak megah nampa bati
Caang bengbang langlayung neureup
Nampa talapak raih pamake
Has junjunganana
Hap… sanggap

Pangabaran
Ong galudra tumpak di muka
Nya biwir capit kapiting
Ciduh aing sakaracak geni
Kiceup aing marangi kilat
Batuk aing sada gugur
Sora aing sada gelap
Diuk aing tandaning langit
Napsu sia henteu tulus beh tanya
Bawana welas karunya ka raga anaking
Aing pangabaran eyang Prabu Siliwangi
Sajagad kabeh sahiji
Saraga sanyawa jeung Ashaduallaillahaillallah waashadu anna Muhammadarasulullah

Jangjawokan Baduy
Sapun
Awaking reuk maképasang panjang pasadun
Pok sablapun
Meunang Ahung (7x)
Ahung deui, ahung deui
Ahung malungga, ahing malingga
Ahung mandegdeg, ahung mangandeg
Ahung manglindu asih
Ka Ambu aing Sira mangambung
Ka Bapa aing Sira mangumbang
Pangjungjungkeun, panglawungkeun
Ku Ambu aing Sira manglaung
Ku Bapa aing Sira mangumpang
Pangnyambungkeun aing saur
Pangngapakeun aing saba
Ka luhur
Ka méga beureum, ka méga hideung
Ka méga si karambangan, ka méga si kareumbingan
Ka méga si karénten
Ka méga si kalambatan, ka méga si kaleumbitan
Ka méga si antrawela
Ka kocapna, ka ucapna
Ka puncakning ibun
Ka guru putra hiyang bayu
Ka nu wéang nyucruk ibun
Ahung…


Taji Pangharti
Taji tataan kudu diaji
Pangaweruh nuturkeun beunghar
Sungkun migusti tamping talapak na dua taktak
Nangtung make adeg
Nejo maké jero
Ngucap pangwaler
Awak sangkan hirup
Mituduh lawangna dunya nutup na ahir
Kudu harti kana harta lin harta kana harti

Paragi Dibuat
Sukma nu mipit, sukma nu dipipit
Tunggal badan kalawan nyawa
Nyi Pohaci Mayaherang
Nyi Pohaci Mayalenggang
Ulah geder ulah reuwas
Cunduk anu mupu, datang anu ngala
Nya maneh sarasa tunggal
Kahanan sri kadunan
Kandi candoli aci permana dewa
Aci asihan

Jampé Melak Paré
Tabé, Pohaci Sanghiyang Asri
Hayu urang balik ka weweg sumpeg
Ka mandala pageuh
Balik ka imahna beurang kénéh
Amit-amit ka Batara
Ka Batara ka Batari
Amit ka nu boga bumi
Amit ka nu boga balé
Kami rék ngarérémokeun
Nyi Pohaci Hiyang Asri
Sina dikawin di bumi
Di buana Pancatengah
Pancer tengah pasar Allah
Nyi Pohaci Hiyang Asri
Aya di bumi pertiwi
Ulah geder ulah reuwas
Mangka langgeng mangka tetep
Maka hurip kajayaan
Nu kosong pangeusiankeun
Nu celong mangminuhankeun
Nyokot dua nyokot tilu
Nyokot tilu nungku-nungku
Datang opat jang ngajajar
Datang lima tanpa wilangan
Genep tujuh sing mungpulung
Datang dalapan sajajar
Salapan di Pancatengah
Aya di bumi pratiwi
Mangka hurip ka beutina
Mangka miakar lir kawat
Mangka marontok borona
Mangka hirup ka pucukna
Ulah geder ulah reuwas
Mangka jangkung laput tunggul
Limpas ka catang kiara
Migagang omas ranggeuyan
Saréana salobana


Rajah Pamunah
Buyut gahung liman putih lalakina
Nu ngemit di cahaya buana
Lemah kadapat lemah kadapit ku cai
Cihaliwung nunjang ngidul
Cisadané nunjang ngalér
Nyalopa ka Gunung Kujang
Kit prabakit Gunung Manik na Pakuan
Suda mala suda mali
Buyut putih mullah mulih
Sang waruga kala sang waruga lemah
Nini rupani papan aing séda sakti
Puput ku bayu ilang ku bayu
Kapuput ku sang séda tunggal
Nya aing sang séda tunggal
Lemah putih jagat pasagi
Eusina rajah pamunah
Tetep nu sakti datang wisésa
Nya aing ratu wisésa
Buyut gahung ratu gahung
Eusina sekar buana
Nu neureuy buana inih
Sakenan-kenan acining betining Pertiwi
Eusina rajah pamunah
Deuk mantog ka langit istan hawar-hawar
Tulak talék, tulak tanggul
Bisi datang ti buana ti sang intel pulen
Ti katuhu sang suru wulung
Ti kénca cakra wisésa
Keur ngajaga jurujana teu katara
Disinglar ku bayu singular
Racik-racik ku baginda
Raksukan susumbar jawa
Apar ya nampik, istan hawar-hawar
Tulak talék, tulak tanggul
Bisi datang buana ti kalér, pang mulangkeun ka kalér
Bisi datang buana ti wétan, pang mulangkeun ka wétan
Bisi datang buana ti kulon, pang mulangkeun ka kulon
Bisi datang buana ti kidul, pang mulangkeun ka kidul
Pangdatangkeun ka Nyi Pohaci rumanangsay
Apar ya nampik, istan hawar-hawar


Rajah
Amit ampun nun paralun
Ka Gusti nu Maha Suci
Neda pangjiad pangraksa
Para abdi-abdi seni
Seja ngaguar laratan, titis waris nini-aki
Ngembatkeun jalan lantaran
Ka tampian geusan mandi
Ka leuwi Sipatahunan
Leuwi nu ngaruncang diri
Diri nu sakiwari
Rek muru lulurung tujuh
Ngaliwat ka Pajajaran
Bongan hayang pulang anting
Padungdengan-padungdengan
Jeung usikna pangancikan
Pun… sapun
Samapurasun ka rumuhun
Ka Hyang Prabu Siliwangi
Nu murba di Pajajaran
Pangauban seuweu-siwi
Nu gelar di tatar Sunda
Muga nyebarkeun wawangi

Panyinglar
Unu-unu dimana ngedeng
Ngedeng tong di mana-mana teuing
Ti peuting Sanghyang Pertiwi
Ti beurang Sanghyang Muntara lulun ali-ali
Batara Guru bisi datang
Wisaya ti tukang, tulang ku sanghyang
Batara Gamblang bisi datang
Wisaya ti gigir, bintih ku sanghyang
Naga Gunting bisi datang
Wisaya ti hareup, beulit ku sanghyang
Ngarajah bisi datang
Wisaya ti luhur, tuduhkeun ku sanghyang
Naga Gamblang muhung ruping
Bungtan ku layung Batara Guru

Panangkal Dodoja
Ngahambatan awak-awak-awak kula
Awak kula sing jago sapaten satataga
Ngahambatan lir cai marapay lulur
Nu nyurup sajabaning jurig jarian
Teu wasa kana kula moal ngancing
Tibeberik nu jagina nyambat Sanghyang
Tur nu Maha kuat
Moal sia, nyingkah sia
Ya Allah, ya Allah, ya Allah, ya Allah sajagat
Gening yeh dodoja mulang muruluk ka pribumi
Sakti kawasana anjeun Gusti teu sabanding


Muara Panyambung Napsu
Dewi sakti linggih na dirina
Dirina diri kula
Kulana hate panceg
Pancegna asih nu kula
Pelong tatambat puncak rahayu
Teu wala teu kaya teu walakaya
Cicing meti satungtung maung ngurat kana awiga raga
Si neneg raga si kakang nyalindur
Siga impen teu emut hadir
Hadir, hadir muara na surga
Bebenjokeun kapalayna






Kirangna, hapunten nu kasuhun.


Mugia aya manfaatna.