Minggu, 26 Oktober 2014

Si Kuik jeung Si Gombar di Kota Intan



Engké jaga, mun karéta api geus tepi ka Pameungpeuk, ciri wanci nagara urang baris pinanggih jeung subur ma’mur.
(Uga ti Pameungpeuk, Garut Kidul)
Halteu Lebakjero, Garut.

Karéta api téh mangrupa transportasi masal anu gedé mangpaatna keur rahayat, boh keur indit-inditan atanapi keur mawa hasil tatanén. Paékonomian, tinangtu bakal leuwih ngaronjat ku ayana karéta api. Kitu deui, karéta api bisa ngungkulan pasualan-pasualan lingkungan, saperti: ngurangan dipakéna bahan bakar minyak (BBM); nyengker pemanasan global; ngurangan polusi hawa; aman; sarta tepat waktu.
Mémang tina jihad penjajah mah, jaringan jalan karéta api –kitu deui Jalan Pos di Pulo Jawa téh udagan utamana nya éta: keur kaamanan, sangkan gampang ngungkulan mun aya wewengkon anu nyoba-nyoba rék baruntak ka pamaréntah. Najan kitu, anu leuwih karasa –babakuna ku rahayat mah justru nguniangkeun paékonomian rahayat jadi tambah raharja.
Loba jalur-jalur karéta api titinggal Walanda anu geus ditutup –geus teu digunakeun deui, alesanana: “teu nguntungkeun sacara ékonomi”, éléh saéngan ku mobil.
Karéta api Cibatu–Garut anu panjangna moal kurang ti 16 kilométer, taun 1982 geus ditutup. Kitu deui, karéta api Garut–Cikajang anu panjangna kurang leuwih 27 kilométer, kiwari kari nineungna.
Halteu di sapanjang Cibatu–Garut jeung Garut–Cikajang, jadi bangunan tua. Erélna geus dipaké jalan anu dipelur ku témbok, sarta sisi-sisina geus dipaké paimahan. Sasak-sasak beusina saleuheung aya anu digunakeun kénéh, jadi patalimarga dipaké meuntas ku masarakat. Ari beusina mah najan geus tai hiangan ogé, katémbongna mah wedel kénéh.
Stasion Garut

Stasion Cibatu jeung Si Kuik
Pamaréntah Hindia Walanda –Nederlandsch Indiesch, kaping 14 Agustus 1889 ngamimitian nyieun jalan karéta api ti stasion Bandung ka Cicaléngka. Anu dibéré pancén pikeun ngawangunna, nya éta: Staat Spoorwegen (SS) –pausahaan karéta api bogana Walanda, anu tanggung jawabna: Ir.Th.A.M. Ruijs.
Dina taun anu sarua, diwangun ogé jalan karéta api ti stasion Cicaléngka ka Cibatu. Sanggeus stasion Cibatu réngsé, éta wewengkon anu tadina sepi téh dadaksakala jadi pamukiman anu kawilang haneuteun –najan kitu, Cibatu henteu saramé Kota Garut.
Taun 1930-an, jumlah cacah jiwana moal jauh ti 3.000 urang –lolobana mah pagawé SS. Jaman harita, Cibatu geus dijadikeun puseur dayeuh kawadanaan –nya éta: Kawadanaan Cibatu.
Salian ti neruskeun jalan karéta api ka Kidul, SS ogé nyieun jalan karéta api ti Cibatu ka Kota Garut –anu réngsé diwangun taun 1899. Halteu-halteuna diwangun, saperti ti Cibatu: halteu Pasir Jéngkol; Cimaragas; Wanaraja –Cipari; Cinunuk; Cibolérang; Cikolé; Sadang; Cimurah; Pasir Uncal –Cidahu; jeung halteu Garut.
Ngantosan kareta api di halteu Cinunuk Wanaraja
Sabada jalur karéta api Cibatu–Garut dibuka taun 1920, Dick Fock –Gubernur Jenderal Hindia Walanda, remen datang ka wewengkon Kabupaten Garut. Inyana maké kareta api ti Batawi nepi ka Cibatu, ti dinya naék deui karéta api anu ka Kota Garut. Di Garut, inyana ngaresmikeun hasil-hasil pangwangunan anu cenah mah mangpaatna karasa ku rahayat.
Lain ukur pajabat pamaréntah Walanda wungkul anu pulang-anting ka Garut téh, dalah turis bangsa Éropa ogé kitu. Harita, Garut jadi kakoncara ku jujuluk: Swiss van Java –Swiss di Pulo Jawa, lantaran kaéndahan alamna anu parentul ku gunung sarta pamandangan alamna anu matak mincut kana haté, lir saperti di Swiss. Atuh munasabah lamun Kota Garut téh ku turis Éropa mah pada nyebut “de mooie Garoet”, Garut éndah.
Jaman harita, stasion Cibatu téh ramé pisan. Dalah urang Tionghoa ogé, loba anu ngahaja ngajualan jajanan. Barudak sakola ogé réa anu ngagunakeun karéta api Cibatu–Garut, kawantu jadwalna luyu jeung asup-kaluar jam palajaran di sakola. Mangsa harita, di Kota Garut geus ngadeg sakola anu ‘géngsina’ kawilang luhur. Upamana waé: Christelijk Hollandsche Inlandsche Chineesche School (CHICS), anu diadegkeun taun 1901 –pernahna di Talun; jeung Hollandsch Inlandsch School (HIS), anu diadegkeun taun 1920 –pernahna gigireun panjara, Wétaneun alun-alun. Kitu deui di Maktal –deukeut Cimanuk, ngadeg Ambacht Inlandsche School (AIS) –sakola pertukangan, nyitak ahli wangunan jeung ahli nyieun parabot rumah tangga anu dijieun tina kai.
Gerbong karéta api Cibatu–Garut, réana tilu kelas –kelas ékonomi. Bangku gerbongna, tilu jajar –manjang sapanjang gerbong. Dua jajar, di kénca-katuhu sisi jandéla. Sajajar deui, di tengah-tengah –teu maké panyarandéan, diukna bisa nyanghareup ka mana waé. Ari lokomotif anu narik gerbongna, katelah: Si Kuik –pédah sora hatongna sada sora anu ngaguik.  Lamun haseup lokomotif –anu ngandung bubuk batu-bara arasup, atuh pakéan téh jadi kalotor, sok aya deuih anu tepi ka kapareungpeunan.
Karek sumping ti Cibatu (di Stasion Garut)
Angkat ka Cibatu, ngalangkungan Jalan Pasar Baru Garut.
Stasion Cibatu, 1918.

Stasion Cikajang jeung Si Gombar
Ku sabab tétéla spoor –karéta api téh gedé mangpaatna, taun 1921, pamaréntah Walanda mimiti ngabaladah ngawangun jalan karéta api Garut–Cikajang. Anu ngalaksanakeun proyékna, masih ku SS.
Dina ngagarap proyékna, SS kacida pisan gemet jeung ati-atina. Kituna téh lantaran jalan karéta api Garut–Cikajang mah ngaliwatan: pasir; walungan; jeung jungkrang. Jalanna ogé, pungkal-péngkol. Halteu atawa stasion Cikajang ogé, apanan luhurna téh 1.246 méter –tina beungeut cai laut. Di nagara urang, stasion Cikajang téh minangka hiji-hijina stasion anu diadegkeun di tempat anu pangluhurna.
Waragad keur ngawangun jalan karéta api Garut–Cikajang, sakilométerna merelukeun 1.021.100 gulden. Diungkulan ku cara patungan, réréongan antara: SS; onderneming –parapangusaha perkebunan di wewengkon Cikajang; jeung pangusaha Hotél Pauline Cisurupan.
Hotel Pauline Cisurupan
Villa Pauline, Tjisoeroepan Garoet.
Merelukeun waktu lima taun, SS ngawangun jalan karéta api Garut–Cikajang téh. Réngsé pangwangunan, taun 1926. Uji coba erélna, ku karéta api munggaran. Tepi ka stasion Cikajang, lumangsung lungsur-langsar.
Taun 1930, diresmikeun ku wawakil gubernur jenderal Hindia Walanda di stasion Cikajang. Bupati Garut jeung juragan perkebunan ogé, ngilu ngaluuhan.
Peresmian Stasion Cikajang, taun 1930.
Luyu jeung kaayaan alamna, lokomotif anu digunakeun ogé husus lokomotif keur di pagunungan –serie CC 5022 atawa bergkoning (Berglijn Locomotief), rajana gunung. Éta lokomotif uap téh meunang mesen SS taun 1927 ti dua pabrik di Éropa, nya éta: Werkspoor –pabrik Walanda, jeung Schweizerische Lokomotiv-und Maschinenfabrik –ti Swiss. Kabéhanana, aya 30 lokomotif. Kaunggulan lokomotif serie CC 5022 –rancangan teknisi Jerman: Anatole Mallet (1837-1919) dibandingkeun jeung lokomotif serie nu lainna, nya éta: mampuh narik gerbong anu beuratna 1.300 ton bari tarik lumpatna 55 km/h, ogé mampuh nikung dina tikungan anu mites. Ku urang Priangan –kaasup urang Garut, sok disarebut: Si Gombar. Disebut kitu téh luyu jeung bentuk lokomotifna, nya éta: gedé; hideung; tanagana bedas; jeung sora hatongna tarik handaruan –dina kamus basa Sunda meunang nyusun RA. Danadibrata, “Gombar” téh nya éta jalma jahat taun 1911 anu aya dina film Amerika. Éta jalma téh, awakna gedé tur tanagana kuat. Si Gombar kawilang lokomotif rajana gunung anu modérn, sarta ngabogaan 8 roda gedé ‘berpasangan’ di hareupna.
Ku urang Cikajang, lokomotif serie CC 5022 téh dilandi: karéta api Sri Gunung. Dilandi kitu téh kulantaran jalan karéta apina, mun ti Garut mah nanjak jeung pungkal-péngkol. Ngaliwatan sasak Leuwidaun –luhureun Cimanuk jeung sasak Cipelah. Ku sabab unggah gunung, turun gunung, atuh jalan karéta api téh malibir pasir, mapay-mapay luhur jungkrang anu lalungkawing. Ahirna karéta api téh, disarebut: Sri Gunung.
Maké karéta api Si Gombar, ti stasion Garut tepi ka stasion Cikajang, merelukeun waktu kira-kira sajam. Ti Garut, halteu atawa stasion anu kaliwatan sarta dieureunan ku Si Gombar téh, nya éta: Pamoyanan; Cireungit; Cioyod; Bayongbong; Cipelah; Hotél Pauline; Cisurupan; Cidatar; Ciséro; Patrol Girang; jeung panungtungna stasion Cikajang –mindeng disebut stasion Buntu, pédah tungtung jalan karéta apina, didinya pisan.
Si Gombar keur nikreuh antara Garut-Cikajang, taun 1978.
Di stasion Cidatar –luhurna 1.223 méter dina beungeut cai laut, karéta api anu holna ti Garut rék muru stasion Cikajang –atawa sabalikna, sok reureuh heula rada lila. Karéta api dipariksa gemet pisan, kaya-kayaning: erémna; mesinna; jeung baud-baud gilindingna. Lokomotifna ogé diinuman, caina langsung dikocorkeun tina wangunan anu ngahaja dijieun sisi erél.
Sabot Si Gombar reureuh, panumpang osok tarurun. Ngadon leuleumpangan –ngalempengkeun cangkéng, teu saeutik anu ngadon dahar balakécrakan. Di deukeut stasion Cidatar, ngadeg warung nasi Ma Écot –anu béh dieu mah sohor ku ngaran Pindang Ma Écot. Mangsa harita ogé, anu réa dibeulian téh: pindang lauk emasna.
Dipakéna stasion Cidatar, nurutan kabiasaan tukang padati anu rék ka Garut jeung anu tas balik ti Garut. Ngaran wewengkon ngadegna éta stasion, nya éta: Lembur Cidatar. Luyu jeung ngaranna, patempatanana datar atawa amprah –henteu dukdek ku gawir jeung jungkrang. Tumaninah pisan mun dipaké reureuh téh, kawuwuh pamandangan alamna matak kelar jeung tibelat.
Salian ti jalur Cibatu–Garut–Cikajang, rute pagunungan anu di ‘layani’ ku Si Gombar di Priangan, antarana baé: Jalur Bandung-Cianjur-Bogor; Jalur Bandung-Purwakarta-Cikampék; Jalur Bandung-Cibatu Garut-Tasikmalaya-Ciamis; Jalur Ciamis-Pangandaran; Jalur Bandung-Dayeuhkolot-Ciwidey; Jalur Rancaékék-Jatinangor-Tanjungsari; jeung Jalur Dayeuhkolot-Majalaya.
Si Gombar di Stasion Cidatar Cisurupan, Garut.

Kari Uga
Walanda mémang geus ngarencanakeun pikeun nuluykeun jalan karéta api ti stasion Cikajang ka Pameungpeuk. Pikeun waragadna, ku SS geus diancer-ancer. Samalah, SS ogé geus ancang-ancang rék survéi pikeun nangtukeun tempat anu bakal kaliwatan ku jalan karéta api. Rarancangna geus asak, ngan kusabab krisis ékonomi narajang dunya –taun 1930-an, éta rencana téh bolay. Krisis ékonomi ogé ngalantarankeun pindahna puseur dayeuh Hindia Walanda ti Batavia ka Bandung, teu jadi. Katurug-turug deuih kaburu datang mantén Jepang, ngarebut Nusantara ti Walanda.
Saréngséna nagara urang merdéka, jalur-jalur karéta api anu henteu nepungkeun provinsi, kapaksa dieureunkeun. Bulan Séptémber 1982, karéta api Cibatu–Garut jeung Garut–Cikajang, resmi henteu jalan. Kabéh jalur anu pernah dirajaan ku Si Gombar, kiwari kari nineungna –iwal ti jalur anu ngahubungkeun Jakarta-Cikampék-Purwakarta-Bandung-Cibatu Garut-Tasikmalaya-Jawa Tengah-Jawa Timur anu masih aya kénéh téh, kitu ogé lokomotif uap serie CC 5022-na geus ‘purna tugas’ diganti ku lokomotif diesel serie CC 200. Atuh jalur karéta api Cikajang–Pameungpeuk ogé, pimanaeun bakal dijieun. Boro-boro nyieun jalan karéta api anyar –anu tangtu bakal merelukeun waragad nu lain saeutik, dalah anu geus aya ogé –meunang nyieun Walanda loba anu geus laleungitan. Samalah, kiwari mah réa jalan karéta api anu dipaké ngadegkeun imah.
Anu matak, uga “nagara urang baris pinanggih jeung subur ma’mur” téh ceuk saréat mah asa pamohalan bisa ngabukti.
Wallohu’alam…
Halteu Cinunuk Wanaraja
 
Halteu Pasir Jengkol
 
Halteu Cireungit
 
Halteu Cioyod
 
Halteu Bayongbong
 
Halteu Cisurupan

***