Kamis, 25 Juni 2015

Haji Mahiwal ti Kandangwesi



Haji Hasan Mustapa sering dilandi “Haji Mahiwal”, kumargi “dituding” ngagem mazhab wahdatul wujud. Kitu deui dianggap Haji Mahiwal, lantaran sabagé ulama, ngaéksprésikeun pamikiran tur renunganna dina ajaran Islam téh bet ngagunakeun dangding jeung guguritan. Panginten mangsa harita mah rada anéh, upami aya ulama anu osok hahaleuangan téh. Katambih-tambih eusining dangding jeung guguritan-na, dianggap rada “sari-sari” mistis. Pédah ngaguar tasawuf anu leuwih jero. Atuh landian Haji Mahiwal téh, kumplit pisan ditujulkeun ka anjeunna.

Kapala Panghulu Acéh jeung Bandung
Hasan Mustapa dibabarkeun di Kandangwesi (Bungbulang) Garut, ping 3 Juni 1852. Gumelar ti lingkungan ménak Sunda anu condong kana agama Islam, bénten sareng umumna ménak jaman harita anu condong kana kalungguhan ambtenar. Ramana Hasan Mustapa anu wastana Mas Astramanggala –Haji Usman, jeneng Camat Perkebunan. Mas Astramanggala ngadidik seuweuna –putrana kalawan disiplin, tur miharep isuk jaganing géto ingkang putra janten ulama. Numawi, ti burey kénéh seuweuna parantos dijurungkeun masantrén.
Aya kajantenan lucu, waktos Hasan Mustapa nuju ngaos di Kyai Hasan Basri di Pasantrén Kiarakonéng. Mangsa harita, yuswana nembé dalapan taun –sateuacan di candak ka Mekah ku ramana. Hasan Mustapa kantos dipilari ka kobong, nanging lebeng teu aya. Kitu deui dipilari di masjid jeung tempat-tempat séjénna, tetep teu kapendak. Sanggeus kokotéténgan dipilari, singhoréng-simanahoréng kapendak keur ngibingan ronggéng. Ari Al Qur’an, ku anjeunna diselapkeun dina tangkal cau. Ningal kitu, ku ramana henteu dibenduan mung dinaséhatan waé. Tapi, kanggo biangna mah kajantenan kitu téh matak ngahariwangkeun manahna. Sok sieun ingkang putra kadeudeuhna, kalalanjoan lir kuda leupas tina gedogan. Malar seuweuna tiasa soléh, biangna Hasan Mustapa narékahan ku cara ngajalankeun saum. Saumna sanés saum kana katuangan, tapi saum teu nganggo kaway salami tujuh taun. Alhamdulillah, jaga, maksad biangna téh tinekanan.
Nincak yuswa dalapan taun, Hasan Mustapa dicandak ka Mekah ku ramana. Lian ti munggah haji téh, di Mekah ogé diajar Al Qur’an sareng basa Arab. Samulihna ti Mekah, Haji Hasan Mustapa lajeng dilebetkeun deui ka pasantrén di Garut sareng Sumedang. Di Garut, diajar dasar-dasar élmu nahwu-sorof ka Rd. Haji Yahya –pangsiunan Panghulu Garut. Satutasna ti dinya, lajeng ngalih ka Kyai Abdul Hasan di Pasantrén Sawahdadap Tanjungsari Sumedang. Ti dinya, ngalih deui ka Kyai Abdul Kahar di Pasantrén Bangkalan Madura.
Nincak sawawa taun 1874, Haji Hasan Mustapa angkat deui ka Mekah. Dina mindo –ngaduakalian ieu mah, anjeunana téh ngamukim salami dalapan taun –kanggo neuleuman élmu-élmu ka-Islaman. Waktos mukim di Mekah, anjeunna wawanohan sareng Dr. Christian Snouck Hurgronye –hiji oriéntalis bangsa Walanda anu keur ngayakeun panalungtikan masarakat Islam Mekah. Ahirna, antawis Haji Hasan Mustapa sareng Snouck Hurgronye janten sobat dalit dugi ka pupusna.
Numutkeun data ti PS. van Koningsveld –ahli basa Arab jeung Islam, urang Walanda, ngalangkungan naskah asli Abu Bakar Djajadiningrat –hiji ulama anu janten sumber utama rujukan Snouck Hurgronye ngeunaan Mekah, yén Haji Hasan Mustapa téh salahsaurang ulama anu nyongcolang ti Jawa nu keur ngancik di Mekah. Haji Hasan Mustapa, dianggap “satingkat” sareng Haji Ahmad Banten –seuweuna Syéh Nawawi al Jawi atanapi Nawawi al Bantani. Dina runtuyan ulama Jawa anu gentur –nyongcolang, Haji Hasan Mustapa aya dina untuyan ka genep. Anjeunna ngawasa saniskara élmu anu dilungsurkeun ku guru-guruna di Mekah. Sajabi ka Syéh Nawawi al Bantani, anjeunna ogé guguru ka Syéh Mustafa al Afifi; Syéh Abdullah az Zawawi; katut ka Syéh Bakar as Satha –sadayana ogé urang Arab.
Haji Hasan Mustapa, ngajar di Masjidil Haram tur kagungan 30 urang murid. Anjeunana ogé nyerat kitab dina basa Arab, judulna: Fath al Mu’in –konci panulung, anu dipedalkeun di Mesir. Haji Hasan Mustapa mulih ti Mekah, jalaran diangkir ku RH. Muhammad Musa –Panghulu Garut mangsa harita. Diperyogikeun élmuna, kanggo ngaréngsékeun pabéntar pahamna antawis paraulama di Garut. Pacogrégan antawis ulama ngora “pembaharu” sareng ulama sepuh, ahirna tiasa dirapihkeun dugi ka ayem tengtrem deui. Haji Hasan Mustapa saterasna ngawuruk ngaos siang-wengi salami tujuh taun, utamina di Masjid Agung Garut. Salian ti éta, anjeunna ogé muka pasantrén di Sindangbarang Garut.
Christian Snouck Hurgronye waktu dijungjung lungguh janten panaséhat pamaréntah di Hindia Walanda –ngeunaan pasualan bumiputra, taun 1889 ngajak Haji Hasan Mustapa ngaréncangan anjeunna nguriling Jawa sareng Madura pikeun nalungtik kahirupan agama Islam. Kawantu salian ti geus nyobat téh, élmu pangaweruh Haji Hasan Mustapa ogé lega. Haji Hasan Mustapa nyanggupan pangajak Snouck Hurgronye, tur mantuan salami tujuh taun. Ku Snouck Hurgronye, Haji Hasan Mustapa diusulkeun ka pamaréntah Walanda pikeun jadi panghulu di Acéh. Usulan Snouck Hurgronye disaluyuan, nya ahirna Haji Hasan Mustapa diistrénan janten Hoofd Penghoeloe –Kapala Panghulu Acéh dina ping 25 Agustus 1893. Kalungguhan Hoofd Penghoeloe Acéh, dicepeng salami dua taun –taun 1893 dugi ka 1895. Lajeng ngalih janten Hoofd Penghoeloe Bandung, salami 23 taun. Kalayan kapalay nyalira, Haji Hasan Mustapa ngecagkeun kaluguhan nyuhunkeun pangsiun dina taun 1918.

Karancagéan Ulama Bujangga
Haji Hasan Mustapa téh, hiji ulama anu sabar; wijaksana; sinareng teguh pamadegan –tur wantun nembrakkeun pamendak sareng pamadegan kalawan teuneung. Ajaran Islam dimekarkeun, anu dilambangkeun dina wujud pantun sareng wayang –nu nyampak dina tradisi Sunda. Kulantaran ngagunakeun media anu dipikawanoh ku urang Sunda, atuh ajaranna keuna pisan kana mamarasna tur nyulusup kana kalbu. Métafora anu dianggo, sering karaos Sunda-na. Dina sabudeureun taun 1900, Haji Hasan Mustapa nyerat langkung ti 10.000 nail dangding. Eusina ngabahas masalah suluk –utamina hubungan antawis abdi (kaula) sareng Gusti (Alloh). Métafora anu sering dianggo dina ngagambarkeun éta hubungan, nya éta: “iwung sareng awi”, “caruluk sareng kawung”. Numawi, sabagéan ulama “nuding” anjeunna, ngagem mazhab wahdatul wujud. Kana éta panuding, anjeunna ngabantah ngalangkungan seratan dina kitab Injaz al Wa’ad fi ithfa al Ra’ad –kontan males bari nungkup gelap saleser dina basa Arab. Salahsawios salinan seratanana ieu kitab, disimpen di pabukon Universitas Léiden-Walanda. Anjeunna ogé nyuplik 104 ayat Al Qur’an, jumlah anu dianggap cekap tur saimbang sareng kaweruh urang Sunda dina mahamkeun ajaran Islam mangsa harita.
Haji Hasan Mustapa nyebarkeun ajaran Islam, ngalangkungan karya-karya senina –anu dianggap “mahiwal” tina ajaran seni mangsa harita. Umumna, anu diasongkeun téh masalah aqidah (tasawuf). Wangun formalna, méh sarimbag sareng kitab-kitab suluk dina basa Jawa –mung eusina langkung caket kana tasawuf. Karya-karyana anu mangrupi adumanis antawis: tanggapan; pamendak; budaya Sunda; sareng kajantenan-kajantenan anu karandapan dina pangalaman anjeunna. Sadaya karyana, diserat ku aksara Pégon –Arab Sunda.
Karya-karya Haji Hasan Mustapa anu kantos dicitak sareng disebarkeun ka umum, diantawisna: Bab Adat-adat Urang Sunda jeung Priangan Lian ti Éta (taun 1913); Ésséy ngeunaan suku Sunda –ditarjamahkeun kana basa Indonesia jeung Walanda (taun 1977); Leutik Jadi Patelaan Adatna Jalma-jalma di Pasundan (taun 1916); Pakumpulan atawa Susuratanana Juragan Haji Hasan Mustapa sareng Kyai Kurdi (taun 1925); Buku Pangapungan –Hadits Mi’raj (tahun 1928); jeung Syéh Nurjaman (taun 1958). Disagédéngeun éta, aya nu dicitak tur dibagikeun ka kadang-wargina nyalira, saperti: Buku Pusaka Kanaga Wara; Pamalaten; Wawarisan; sareng Kasauran Panungtung. Éta ogé aya kénéh karya sanésna anu teu dipublikasikeun –disimpen ku sékrétarisna, M. Wangsaatmadja. Dina taun 1960, éta naskah diketik deui tur dijudulan: Aji Wiwitan –aya 17 jilid. Jabi ti éta, Haji Hasan Mustapa ogé nyerat kitab dina basa Malayu, nya éta: Kasful Sarair fir Hakikati Acéh wa Fidir –buku rasiah sabenerna Acéh jeung Fidi. Éta kitab, anu ayeuna aya di pabukon Universitas Léiden.
Tanwandé Haji Hasan Mustapa salian ti ulama téh, ogé bujangga kahot. Karya anjeunna dina wangun dangding, diantarana: Puyuh Ngungkung dina Kurung; Hariring nu Hudang Gering; Asmarandana nu Kami; Dumuk Suluk Tilas Tepus; Sinom Pamake Nonoman; Sinom Wawarian; Sinom Barataning Rasa; Kinanti Kulu-kulu; Dangdanggula Sirna Rasa; jeung Amis Tiis Pentil Majapait.
Dina taun 1977, Haji Hasan Mustapa dileler hadiah seni ku Présiden Républik Indonésia sacara anumerta sabagé Sastrawan Daérah Sunda. Haji Hasan Mustapa pupus dina ping 3 Januari 1930, di Bandung. Jenengan Haji Hasan Mustapa, dianggo nami jalan antawis Terasan Jalan Surapati – Cicaheum Bandung.


***

Tidak ada komentar:

Posting Komentar