Senin, 24 Februari 2014

Sipatahoenan, Koran Tilu Jaman



Cindekna, boh ti jero boh ti mancanagara, masih kénéh loba anu teu eungeuheun yén Sipatahoenan téh geus teu aya dikieuna. Teu nyarahoeun yén geus ditigas ditunggel janggana tanggal 18 November 1987 ku Surat Keputusan Menteri Penerangan RI Nomor 06/SK/Ditjen-PPG/K/1987.

Latar tukang
Ngadegna Pagoejoeban Pasoendan dina mangsa-mangsa harénghéngna ku pagerakan-pagerakan ra’yat jeung héabna politik ti mimiti awal taun 1900-an, ngabalukarkeun pamaréntah Walanda mimiti ngajalankeun kakerasan leuwih ti misti. Éta téh dibuktikeun ku mucunghulna rupa-rupa larangan anu dilarapkeun ka sarupaning pergerakan ra’yat, malah nambahan sababaraha pasal ancaman keur kaum pergerakan nu jadi eusi buku Hukum Pidana. Henteu cukup ku sakitu, tapi ditambahan ku undang-undang anu ngawungkul jadi ancaman kana hirupna pausahaan surat kabar, da surat kabar téh apanan parabot anu kawilang penting pisan pikeun propaganda pergerakan mah.
Situasi ieu ngagambarkeun kumaha kaayaan marudahna bangsa Indonesia patali jeung héabna perang Turki jeung Italia; perang Jepang jeung Rusia; ditéma deui ku révolusi di Tiongkok jaman Kekbeng, jeung sajabana. Kabéh kajadian éta, ngalantarankeun lilirna urang Indonesia. Kaayaan kitu téh karasaeun pisan ku penjajah Walanda ogé, komo sanggeus pergerakan kabangsaan beuki “nangarkeun manéh”. Kaayaan ra’yat Indonesia anu hayang macakal ngurus manéh, héabna téh beuki karasaeun ku Walanda. Ditéma sanggeus kaum komunis ngayakeun pamogokan di sakuliah pulo Jawa nu digerakkeun ku VSTP (Vereeniging van Spoor en Tram Personeel), ngahudang amarah Walanda anu lain lumayan. Ku kituna, henteu dianggap anéh –dina mangsa harita réa pausahaan surat kabar anu kubra. Nu puguh mah, henteu aya hiji-hiji acan deuih surat kabar anu diusahakeun ku bangsa sorangan. Aya ogé pausahaan surat kabar asing, tapi teu bisa dipaké andelan ku pergerakan bangsa Indonesia mah. Dina kaayaan sarupa kitu, Sipatahoenan terbitna téh.

Sipatahoenan
Nilik kana sajarahna, Paguyuban Pasundan (PP) teu weléh daria tur pohara aktifna medalkeun surat-surat kabar. Boh mangrupa harian; mingguan; atawa bulanan. Basa mimiti ieu organisasi ngadeg –taun 1914 ogé geus medalkeun Papaés Nonoman, ari rédakturna Daéng Kosasih Ardiwinata (Ketua Pagoejoeban Pasoendan munggaran). Papaés Nonoman medal Oktober 1914, kumelendang nepi ka Fébruari 1915. Sanajan ukur hirup sataun tapi éta téh hiji bukti, kumaha gedéna katineung jeung nuduhkeun butuhna organisasi ku mass media. Katurug-turug, DK Ardiwinata mah da puguh Rédaktur Balai Pustaka.
Cingcirining butuhna ku mass media, harita téh PP cabang Bogor ogé ngaluarkeun bulanan dina taun 1915, maké ngaran: Pasoendan. Sedengkeun PP cabang Meester Cornelis –Jatinegara ngalaman ogé nerbitkeun bulanan, maké ngaran: Sora Pasoendan. Sabudeureun taun 1920-an, Sora Pasoendan rédakturna ku R. Iskandar Brata.
Taun 1930-an, Pengoeroes Besar Pagoejoeban Pasoendan ngaluarkeun Surat Kabar Bulanan maké ngaran: Pasoendan. Entragan harita, aya deui surat kabar anu diterbitkeun lain ku PP, tapi mangrupa pendukung tina cita-citana, nya éta: Surat Kabar Siliwangi, dipingpin ku R. Éma Bratakusumah.
Sok sanajan PP geus boga rupa-rupa mass media, tapi teu weléh ngarasa kakurangan. Dina Kongrés Pagoejoeban Pasoendan tanggal 25-26 Desember 1922 anu diayakeun di hiji imah Jalan Balonggedé Bandung, ditungkulan ukur ku jelema lilikuran baé –da puguh Pamaréntah Hindia Walanda mangsa harita keur sakitu kerasna ka sakur pakumpulan bangsa Indonesia, diputuskeun ngaluarkeun deui surat kabar ku modal munggaran 47,50 gulden. Nya éta nunjuk jeung ngamodalan Surat Kabar Mingguan Sipatahoenan anu terbit ti tanggal 20 April 1923, dikokojoan ku Ahmad Atmadja; Atmawinata; jeung Soetisna Sendjaja (Soet-sen) ti PP cabang Tasikmalaya. Soet-sen minangka hoofd-redactuur na, dibantu ku Soeria Diradja; Wira Sendjaja; Moh Amri; Kartawisastra alias PK; jeung MA Salmoen. Surat kabar Sipatahoenan téh jadi milikna Paguyuban Pasundan cabang Tasikmalaya, nya kitu deui tempatna ogé di Tasikmalaya. Ngaran Sipatahoenan, nulad tina ngaran salah-sahiji leuwi di wewengkon Pakuan Pajajaran baheula. Ceuk dongéng dina pustaka mangsa Pustaka Sunda anu dikaluarkeun ku Java Institut, yén Sipatahoenan téh nya éta leuwi nu dipaké nguji jajaténna Siliwangi keur murangkalih kénéh saméméh mangku kaprabon di Pakuan Pajajaran. Usul ‘Sipatahoenan’ –anu jadi ngaran koran téa, diasongkeun ku utusan Pagoejoeban Pasoendan cabang Surabaya (Jawa Wétan): Bakrie Soeraatmadja. Diantara anu milu gempungan babadamian pikeun ngaluarkeun éta surat kabar téh, nya éta: Kosasih Soerakoesoemah; Soekarja Prawiraamidjaja; Kadmirah Karnadidjaja; jeung sajaba ti éta. Tataharna téh geus ti bulan Januari kénéh, nu matak teu hélok upama loba nu nyeumpal keur modal –ma’lum harita téh, koran basa Sunda mah can kungsi aya.
Di sagigireun jadi sorana Pasundan, Sipatahoenan ogé tetep kudu ngawulaan umum. Atawa leuwih payus: sajeroning ngawulaan umum, tetep ulah lésot tina ules Pasundan. Di luar dugaan, Sipatahoenan ditampa ku masarakat leuwih tina nu dicileuk keur mimiti. Pibasaeunana mah meureun: medalna téh ninggang di mustari. Ngan ukur popoéan, hutang téh lunas. Nu disebut hutang téh nya éta, keur modal Sipatahoenan meunang nginjeum tina Schoolfonds Pasundan Tasikmalaya. Walhasil, méh baé modal dengkul.
Sipatahoenan dikokolakeun ku “duet maut” Soetisna Sendjaja di keredaksian jeung Ahmad Atmadja di keadministrasian, bisa ogé disebut “puncak pencapaian pers” di Tasikmalaya saméméh kamerdékaan. Soet-sen –Soetisna Sendjaja, éstuning wartawan sajati. Tokoh ieu saméméhna geus legok tapak genténg kadék ngokolakeun Pasoendan, anu ngarupakeun tuluyanana ti Papaes Nonoman. Soet-sen mangsa harita, nyangking kalungguhan Sékrétaris 1 PB Pagoejoeban Pasoendan. Anjeunna ngokolakeun Pasoendan ti wangkid nomer 1, taun ka genep –diitung tina penerbitan Papaés Nonoman taun 1914. Salah-sahiji tulisan Soet-sen anu ngabogaan ajen gedé salila ngokolakeun Pasoendan, nya éta laporanna ngeunaan diistrénna Bupati Bandung R.T. Wiranatakoesoema, 12 April 1920. Kulantaran Pasoendan terbit bulanan, atuh laporan ieu karék terbit tanggal 5 Mei 1920.  Gaya tulisanna anu “jenaka” tapi munel tur ngeusi, mungguh matak kataji. Anjeunna ogé teu poho nurunkeun kalayan lengkep, biantarana Wiranatakoesoema, saréngsé diistrénan jadi bupati. Laporan Soet-sen ieu bisa disebut reportase anu lengkep ngeunaan hiji kajadian anu paling bersejarah keur Kabupaten Bandung. Sipatahoenan memang gumelar tina “tangan dingin” Soet-sen. Untungna di Tasikmalaya anjeunna meunang partner setara, nya éta: Ahmad Atmadja.

Si Etjes
Pamariksaan ka Bung Karno, beritana pada muru.
Dina tumuwuhna, Sipatahoenan téh kaitung morontod. Sok sanajan loba langganan nu kaluar lantaran sieun ku Pamarentah Hindia Walanda, tapi anu ngalanggan ogé ngaleut. Waktu taun 1927, tina weekbladmingguan téh ngangsrod jadi terbit saminggu dua kali. Pamingpin rédaksina ku Bakrie Soeraatmadja, dibélaan kaluar tina Pagawé Negri anu geus dilakonan 12 taun lilana. Tempatna dipindahkeun ti Tasikmalaya ka Bandung, di percétakan “Pengharepan” Oude KerkhofwegJalan Banceuy. Tuluy pindah deui ka Groote PostwegJalan Asia Afrika. Ngan sataun kaduana (1930), Sipatahoenan dironjatkeun jadi koran dagblad harian lantaran langganan merul kajurung ku hayang ngabandungan eusi pamariksaan Pangadilan Landraad Bandung ka para pamingpin Partai Nasional Indonesia, nya éta: Ir. Soekarno; Rd. Gatot Mangkoepradja; Maskoen; jeung Soepriadinata. Kajadian ieu, ngabalukarkeun Sipatahoenan panggih deui jeung mangsa mustari. Lilana pamariksaan dina jero kurang leuwih tilu bulan, dipaké mariksa kurang leuwih lima puluh kali. Kabéh su’al jawab diantara anu mariksa jeung nu dipariksa, dimuat saujratna maké basa Indonesia jeung sakalieun maké basa Walanda ogé. Nya ti harita, Sipatahoenan meunang panglandih ku jujuluk: Si Étjéslantaran dina pemberitaanana salawasna écés alias jéntré. Sanggeus tilu taun, PB Pagoejoeban Pasoendan ngadegkeun Gebouwen Complex Sipatahoenan di Moskeeweg –Jalan Dalem Kaum nomer 42. Ketua PP ngantor dilanté luhur wangunan éta, sedengkeun percétakan “Pengharepan” di nomer 44 jeung kantor pengurus pusat di nomer 46.
Kamajuan jeung sohor kaceluk kaawun-awun kakocap kajanapria-na Sipatahoenan harita téh, lantaran:
1.    Medalna mustari, ninggang di mangsa:
a.       Hiji-hijina koran basa Sunda anu teu aya duana, katurug-turug masarakat harita mah leuwih komunikatif maca koran dina basana sorangan, ma’lum basa Indonesia mah can pati lumrah;
b.      Situasi anu ngahudang kapanasaran saréréa, pangpangna ngeunaan para pajoang anu sumedeng bitotama jeung penjajah. Dadaran dina Sipatahoenan téh, puguh baé pada ngaberik.
2.    Leubeutna oplaag
Lain baé ku lantaran ngahudang kapanasaran kaum pribumi wungkul, tapi sabenerna mah kaum penjajah ogé sok merlukeun maca. Sabab keur nga-antisipasi situasi téh sasat kaguar tina Sipatahoenan, lantaran wani ngadadarkeun sagala rupaning kalicikan kaum penjajah.
3.    Langganan ti luar negri
Lalampahan Sipatahoenan téh jadi lampar ngalanglang jagat diparaké kampanyeu ku para mahasiswa anu tolabul ilmi di Éropa, sangkan Éropa nyaraho kumaha réngkak paripolahna Walanda dina nancebkeun kukuna di Indonesia.
Sipatahoenan anu diterbitkeun ku PT Pengharepan, ngalaman mangsa jaya ti taun 1923 tug nepi ka ngagayuh kana Jepang asup ka Indonesia taun 1942, ti harita terbit deui dina taun 1948. Sanggeus vakum rada lila, diterbitkan deui ngaliwatan PT Pengharepan Baru –baréto mah can maké émbél-émbél: Baru, maké ngaran Sipatahunan dina tahun 1969 tug nepi ka taun1980-an.

Nyirorot
Waktu Jepang asup ka Indonesia, teu mangkuk lila sakabéh koran dikumpulkeun ku Jepang di Hotel Homan. Sipatahoenan diwakilan ku H. Atje Bastaman; koran Sepakat diwakilan ku Ir. Ukar Bratakusumah; koran Pamandangan ku Saerun; jeung koran Nicoreck Express ku Bratanata. Harita téh sasat dibé’at ku Jepang, da cacak lamun teu nurut pinasti nyawa gagantina. Ti harita, Sipatahoenan katut Koran-koran liana, teu meunang terbit ku Jepang. Minangka gantina, Jepang ngabentuk team keur ngadegkeun koran Tjahaja anu dipupuhuan ku R. Otto Iskandar Di Nata.
Nepi ka jaman Jepang, Sipatahoenan téh geus ngarandeg ka tilu kalian. Nu munggaran, jaman Pemred –pemimpin redaksi Bakrie Soeraatmadja di breidel jero dua minggu ku Pamaréntah Hindia Walanda. Nu kadua rintakanana di breidel saminggu basa Pemredna ku Atje Bastaman. Sanajan kitu, nepi ka Otto Iskandar Di Nata nancebkeun gugunungan téh ari Sipatahoenan mah dina kaayaan waluya –henteu paéh kakurusuk ku heureut pakeun. Malah, ku jayana Sipatahoenan pangna bisa ngajengléng gedong dua tingkat di Jalan Dalem Kaum ogé. Éta gedong anu diruat dina taun 1939, diluluguan ku Ir. RH Muhammad Enoch. Masang batu cikalna dina tanggal 27 Februari 1939 meneran 8 Muharam 1358 Hijriyah, réngsé dina bulan Oktober 1939. Dina lahan 605 m2, loténg kahiji 120 m2 jeung loténg kadua (dakterras) 120 m2. Waragadna –jumlah-jamléh kaabus jeung tanahna, méakkeun 30 rébu gulden. Réngréngan anu ngalaksanakeunana ku Soetisna Sendjaja cs; sedengkeun nu ngarancangna ku E. Adimihardja; ari Ir. Ukar jeung Ir. Entjon mah anu ngatur konstruksi-na.
Sakitu jugalana Sipatahoenan téh harita mah, taun 1977 éta adegan gedong téh kaséréd ku pertokoan. Laju, dijual kana pangaji Rp 180.000.000,00. Hasil tina ngajual, dibeulikeun kana gedong anu kiwari di Jalan Sumatra nomer 41 Bandung (Rp 100.000.000,00). Sésana keur nyieun SMP Pasundan 6 Bandung; ngaréhab gedong PB anu ayeuna dipaké ku Yayasan Dikti Pasundan; ngarobah status tanah Jalan Sumatra –tina hak guna bangunan kana hak milik; meuli tanah di Lélés; ngurus tanah Purwakarta; nambahan daya listrik; meubeler; jeung masang telepon (kabéhanana kurang leuwih Rp 50.000.000,00-an). Ari keur nerbitkeun deui Sipatahoenan, diancokeun Rp 30.000.000,00.
Saéstuna mah ti hiji satengah taun saméméh kauger ku rarancang Tata Kota Kotamadya pikeun ngadegkeun pertokoan di éta wewengkon, geus nyieun alternatif pikeun mindahkeun éta gedong ka nu leuwih tumaninah. Sabada proposalna asak dibadamikeun, nya saréréa samiuk. Sababaraha usul ngeunaan lokasi, datang ti: R. Iyos Wiriaatmadja (anu nuduhkeun Jalan Jawa No. 1); R. Machdar Prawiradilaga (copna téh ka Jalan Dipati Ukur); sedengkeun Jalan Sumatra 41 mah usul ti Adjam Sjamsoepradja. Hadirin nyaluyuan kana usul anu pandeuri. Gedong Pengurus Besar Paguyuban Pasundan di Jalan Sumatra Nomer 41 Bandung –anu diadegkeun dina lahan 5.000 m pasagi téh lega pisan pakaranganana jeung wangunanana oge kawilang badag –da puguh urut dokter kahot Dr. Wisnu Yudo ti jaman jajahan Walanda. Sajeroning kitu, keur nitenan panggunaan duit ladang ngajual gedong Jalan Dalem Kaum disérénkeun ka RS Soeradiredja. Sapésér-sasén ogé, teu aya nu lésot tina pamoncongok anjeunna. Ari anu dibéré pancén pikeun ilubiung milu nguruskeun téh: Méméd Erawan (Sekum/Sekjen); Aténg Sopala (Bendahara); Wahyu Kartapranata (Wakil Sekum); jeung sawatara urang deui anu masih kana réngréngan pangurus Paguyuban Pasundan.
Duit ancoan keur nerbitkeun deui Sipatahoenan téh, ahirna ukur tinggal Rp 18.000.000,00 deui lantaran kabancang ku kaperluan-kaperluan séjén anu datangna pandeuri. Padahal, anu ancoan Rp 30.000.000,00 (waktu taun 1977) téh disaluyukeun jeung proposal nu rasional keur tilu kalieun terbit. Atuh puguh baé, duit anu 18 juta dina seuhseuhana téh nandangan halangan-harungan.
Sipatahoenan anu nepi ka taun 1972 ngalaman lima kali teu terbit, satuluyna ogé teu weléh katurug-katutuh. Ahirna teu dipaksakeun terbit, bisi sawan kuya. Nu puguh mah, nepi ka dicabutna SIT Sipatahoenan dina tanggal 18 November 1987 téh, nitih ka genep kali kubrana éta koran téh.
Aya nu kudu dicatet dina sajarah Sipatahoenan téh, nya éta andil anu pohara gedéna ti réngréngan Pangurus Yayasan Jamparing. Toto Rahardjo (Ketua) jeung Dedy Suardi (Sékrétaris), dibélaan ngubrakeun majalah tengah bulanan Gondéwa. MTB Gondéwa dirobah jadi SKH Sipatahoenan, luyu jeung pernyataan anjeunna ka Menteri Penerangan RI Nomor VIII/1977 tanggal 22 September 1977. Kasayagian ti pangurus Yayasan Jamparing téh luyu jeung panggeuri ti Dirjen PPG Nomor 894/Ditjen-PPG/K/1977 tanggal 13 September 1977 sabada nampa pameredih ti pangurus Yayasan Sipatahoenan No. 008/Yasip/M/IX/1977 tanggal 1 September 1977. Ieu téh bongbolongan ti Mashuri –Menteri Penerangan RI harita, lantaran lamun torojogan méré idin langsung mah mana teuing ngahudang pasirikan keur nu sakitu pirang-pirang anu harayangeun gura-giru meunang SIT ti sakuliah Indonesia. Katurug-turug, kasempetan keur ngaduum SIT anyar téh can dibuka deui. Bari jeung Sipatahoenan téh apanan geus heubeul teuing teu terbit (1972-1977), malah teu milu hérrégistrasi deuih jeung sumedeng paciweuh ku Pemilu 1977 harita téh. Sanajan kitu, lantaran Sipatahoenan mah ditimbang ku Departemen Penerangan kaitung koran kahot; nyorang tilu jaman; koran perjoangan anu gedé jasana dina ngahontal kamerdékaan; panggodog pers di Jawa Barat; tur poténsial pisan keur ngamumulé budaya daérah. Nya, bongbolong éta anu disogrogkeun téh. Kungsi anu rék dipaké alternatif téh, Mingguan Rikat milikna Rikrik. Tapi kulantaran pangurus Yayasan Jamparing mah leuwih ditilaman ku dédikasi; solidaritas; tur temen tanpa pamrih, nya tungtungna mah anu disodorkeun ka Departemen Penerangan téh anu ti Yayasan Jamparing. Wewenang ngagunakeun ngaran Yayasan Jamparing téh geus dipulangkeun deui ka anu boga hadasna –pangurus Yayasan, kalawan pirang-pirang nuhun. Medalna deui ieu koran dina periode 1977-1987 téh dijurung laku ku Drs.H.Méméd Érawan salaku Sékrétaris Umum (Sékjén) PB Paguyuban Pasundan mangsa harita, jeung Ketua Umum R. Machdar Prawiradilaga. Ari Pangurus Yayasan Sipatahoenan harita diketuaan ku R. Kendo Soekanda Bratamanggala; Wakil Ketua Adjam Sjamsoepradja; jeung Sékrétarisna R. Djaka Soeryawan.
Koran Sipatahoenan, taun 1924.

Ngahiang
Taun 1989 mangsa Menteri Penerangan RI ku H. Harmoko, anjeunna meupeujeuhan pisan ka Gubernur Jawa Barat harita –HR. Yogie SM, sangkan ngajurung-laku éta koran makalangan deui. Ketum PP Paguyuban Pasundan Prof.DR.Ir.H. Toyib Hadiwidjaya, neundeun perhatian daria pisan. Tapi mangsa harita geus nyantek kana kongrés, masalah Sipatahoenan disérénkeun ka pangurus periode anu bakal datang (1990-1995).
Piwaragadeun nerbitkeun deui Sipatahoenan mangsa harita (taun 1989-an), modal tilu tikel téh copelna kudu aya samilyar-satengah mah. Éta téh can kakurung ku biaya percétakan. Puguh alusna mah percétakan téh boga sorangan, sabab ari Sipatahunan mah koran harian –paudag-udag pisan jeung dead line. Jeung deui, dina mangsa globalisasi anu sagala rupaning kudu canggih, percétakan ogé kudu répresentatif sangkan bisa ngigelan jaman. Ari heug Paramount Graphics ngaliwatan suratna No. 063/Trade/MC/93 tanggal 10 Agustus 1993, nawarkeun sa-unit mesin Heidelberg Harris type Mercury téh hargana $ 1,675,000 US (kurang leuwih Rp 3.350.000.000,00 éta ogé mun kurs $ 1 : Rp 2.000). Upama ngéngkén ngilu nyétak di Pikiran Rakyat Grup, apanan nerbitkeun media cétak anu aya di lingkungan PR Grup ogé kawalahan.
Keur jaman Sipatahunan diterbitkeun ku PT Pengharepan, sasatna Sipatahoenan téh kasakuta ku tina laladangan nyitak ordér ti paluaran. Rochdi Partaatmadja anu ngokolakeun éta percétakan ti saprak ngadeg ieu koran neruskeun hanca ramana –Partaatmadja, kaitung legok tapak genténg kadék. Memang, nasib Sipatahoenan mah ninggang di “pangharepan” baé. Tapi da lain ngimpi, sabab saéstuna mah Sipatahoenan téh bogaeun asset, teusing muluntu kawas panyangka nu awam. Gedong Sipatahoenan anu kungsi ngajengléng di Jalan Dalem Kaum Bandung, resmina jaman Walanda mah disebutna téh: Sipatahoenan Gebouwencomplex. Satuluyna katelah jadi Gedong Sipatahoenan, adegan di Jalan Dalem Kaum 42; 44; jeung 46. Munara di hareupna anu dipaké naamboardplang/papan nama, diaksaraan “Sipatahoenan” anu nangtung. Kapatri deui ku aksara “Sip” –wancahan tina Sipatahoenan, anu dipantekkeun di gigir beulah Wétan jeung handapeunana. Ari plang PB jeung PT Pengharepan mah ukur dijieun tina papan, ditapelkeun di kénca-katuhueunana.
Teu kitu gé ari Sipatahoenan mah kena lara ora kena pati, mati ukur warugana da geuning teu ngajirim ogé teu burung lir teu weléh kumelendang. Bubuhan, Sipatahoenan mah asset nasional. Teu anéh upama kalanggenganana téh lir durukan huut, teu weléh ngelun. Lantaran geuning nu leungiteun ka Sipatahoenan téh lain baé balaréa anu loba kénéh micangcam, tapi ogé pamaréntah. Sipatahoenan ahirna mah ngahiang, tapi mungguh saréat mah aya bubat panjang-punjung kénéh.



***

1 komentar:

  1. Koran Sipatahoenan jadi jeger alatan neumbrag jéger. Di "tunggel jangga" ku jéger. Wayahna. Memang kitu nasib nu neumbrag mah. Sok tuluy jeger. Di "tunggel jangga".

    BalasHapus