Jumat, 26 April 2013

Pasir Pahlawan



R. Oto Iskandar Di Nata, Si Jalak Harupat.
Hamo aya nu bireuk ka R. Oto Iskandar Di Nata (Otista) anu ku pamaréntah dijungjung luguh jadi Pahlawan Nasional (SK Presiden RI No. 008/TK/Tahun 1973), margi sanés pédah gugur nalika ngalaksanakeun pancén nagara wungkul nanging dina pribadina ngancik sipat-sipat luhung anu merenah didamel conto ku urang sadaya –pangpangna ku para pamingpin sareng calon-calon pamingpin. Éta sipat-sipat anu teu kinten positif-na téh, sasat jadi modal utami dina raraga ngalaksanakeun pancén kapamingpinan.

Purwacarita
RH Rahmat Adam miwah Nyi Raden Siti Hatijah, sepuhna Otista.
R. Oto Iskandar Di Nata téh seuweuna (putrana) RH. Rahmat Adam ti Nyi Radén Siti Hatijah, anu lahir kaping 31 Maret 1897 di Désa Bojongsoang –pernahna teu tebih ti wewengkon anu bihari (baheula) kantos jadi puseur dayeuh Tatar Ukur. Sakawitna mah ieu wewengkon téh badé didamel deui ibukota Kabupatén Bandung, nya éta Balééndah di Desa Krapyak bihari –paeunteung-eunteung sareng anu kiwari nelah: Dayeuhkolot.
Satamatna ti Kweekschool Onderbouw (Sakola Guru Bagian Pertama) Bandung, anjeunna neraskeun sakola ka HKS (Hogere Kweekschool/Sakola Guru Atas) Poerworedjo Jawa Tengah –minangka Pendidikan Guru anu pangluhurna kanggo ukuran bangsa pribumi dina mangsa harita mah. Tamat dina taun 1920.
Munggaran pisan mancén damel, jadi guru HIS (Hollandsch Inlandsche School) di Banjarnegara Jateng –malahmah nya didinya pisan dikadarkeun tepang jodo sareng Nyai Radén Ajeng Sukirah. Dina taun 1921 dugi ka taun 1924, Oto kantos mancén damel di Bandung anu saterasna ngalih ka Pekalongan. Nya ti harita, anjeunna ngawitan ancrub kana pulitik praktis. Dupi anu dianggo wadah kanggo kagiatanana téh nya éta: Boedi Oetomo –janten wakil ketua Boedi Oetomo cabang Pekalongan taun 1924 malihan kalebet kader militan sarta kantos kapilih jadi anggota Gemeenteraad-Déwan Kota Pekalongan ngawakilan Boedi Oetomo.

Luhung
Oto Iskandar Di Nata (Otista)
Kapribadian Oto ngawitan tumuwuh mekar mintonkeun yén anjeunna téh bakal jadi lulugu rahayat anu pinunjul katut jadi ciri kaluhungan jiwana mangsa harita. Aya tilu kajadian anu jadi cicirén kaluhungan R. Oto Iskandar Di Nata, nya éta:
Kahiji: Peristiwa Bendungan Kamuning.
Tuan kontrak Wonogiri parantos kumawasa tanpa ras-rasan ngagunasika hak rahayat desa kanggo kapentingan pausahaanana, ku Oto hal ieu téh dibongkar dugi ka korédas. Atuh kajantenan ieu téh teu wudu narik perhatian kawan miwah lawan. Residen Pekalongan, gasik nyatet Oto pikeun calon buangeun ka Boven Digul –Irian Jaya/Papua. Nanging Oto kalawan teuneung ludeung, anjeunna ngabela pamadeganana. Antukna, sanés baé sadaya ancaman ka anjeunna jadi buyar, malah mah Residen Pekalonganana sorangan anu di onclah –di mutasikeun.
Kadua: tindakan anu taya ras-rasan ti pingpinan kapulisian ka rahayat Pekalongan, ku Oto dilawan dugi ka sagala kacurangan katut kajahatanna kabongkar.
Katilu: Oto ngungkab kajahatan-kajahatan anu dipraktekkeun ku rentenir –léntah darat, anu tanpa rasa kamanusaan meres rahayat anu hirupna teu kinten sangsarana.
Éta sadaya, mintonkeun kumaha luhungna jiwa kara’yatan miwah jiwa patriotik na R. Oto Iskandar Di Nata. Malahan, minangka tanda katineung sareng kadeudeuh ka rahayat Pekalongan, di ieu kota diadegkeun Sakola Kartini ku anjeunna.
 
R. Oto Iskandar Di Nata, artos kertas 20 rebuan.
Paguyuban Pasundan
Keuna kana paribasa: muncang labuh ka puhu, kebo mulih pakandangan, harita Oto nuju janten guru HIS Muhammadiyah di Batavia –taun 1928, anjeunna lebet jadi anggota Paguyuban Pasundan janten Sekertaris Pangurus Puseur. Teu lami, taun 1929 dugi ka 1942 anjeunna kapeto jadi Sesepuh Umum Pangurus Puseur –nu harita mah puseur Paguyuban Pasundan téh aya di Batavia/Jakarta.
Sanaos ti béh dituna kénéh ogé Paguyuban Pasundan téh parantos moyan, nanging ti ngawitan harita mah langkung tembong ciri mandirina Paguyuban Pasundan. Leresan ngagedurkeun sumanget perjoanganana nyanghareupan pamaréntahan penjajah Walanda, Paguyuban Pasundan aya di barisan pangpayunna. Cohagna mah dina asuhan R. Oto Iskandar Di Nata, Paguyuban Pasundan janten partéy pulitik anu mibanda ajén tur dipisérab –boh ku dulur, boh ku batur.
Minangka hasil tina pamadeganana –anu milih sikep kooperatif, nya wakil-wakil Paguyuban Pasundan réang ‘kongkorongok’ di déwan-déwan daérah buatan kolonial Walanda. Anu sanés mung jadi wakil sakadar ‘panambah bilangan’ baé, nanging leres-leres ngabéla kapentingan rahayat pribumi.

Si Jalak Harupat
Taun 1930 dugi ka 1941, Oto kapilih jadi anggota Volksraad –Déwan Rahayat. Nya di dieu pisan langkung natrat wewesén anjeunna anu dibarung ku wawanén katut kaweruh anu méré ajén ka Urang Sunda umumna –béh dituna, ngaronjatkeun martabat katut komara Ki Sunda.
Di Volksraad, R. Oto Iskandar Di Nata henteu ngan saukur nembongkeun jadi lulugu rahayat anu militan wungkul, nanging jadi pulitikus anu mibanda sipat parlementer tur demokrat deuih. Anjeunna mibanda pribadi kandel wedel; patriotismeu anu ngabebela; wawanén anu lébér; kaludeung anu teuneung; kamandang anu tebih ka payun; pangorbanan anu ihlas; disarengan ku kajujuran katut kabasajanan dina tingkah sadidinten.
Dipapandékeun kana hayam wedalan Ciparage anu: garung suwung musuh; can asor di mana-mana; kuat ku teunggeul; asak dina ulin –tapi ana ngabintih, sakali meupeuh matak ngarumpuyuk musuh, ti harita R. Oto Iskandar Di Nata kénging jujuluk: Si Jalak Harupat.

Pembéla Tanah Air (PETA)
Sakumna beungkeutan –pangpangna anu ngagem ageman pulitik, dina mangsa Jepang mah kedah dibubarkeun. Kalebet: Paguyuban Pasundan.
R. Oto Iskandar Di Nata anu jadi satru kabuyutanana Walanda, ku sumpingna bala tentara Jepang téh sasat mobok manggih gorowong –sanajan kedah ditebus ku ngabubarkeun Paguyuban Pasundan/beungkeutan kameumeutna. Saterasna antawis Oto jeung Jepang, nganteng gawé bareng –sasat silih ngamangpa’atkeun sanajan tangtos anu jadi udaganana mah patukang tonggong.
Mangsa Jepang, Oto nyangking kalungguhan:
1.      Diréksi warta harian ‘Tjahaja’ (1942-1945);
2.      Pingpinan ‘Jawa Hokokai’;
3.      Pingpinan Badan Penolong Keluarga Korban Perang (BPKKP);
4.      Anggota Tyuo Sangiin;
5.      Anggota Dokuritsu Junbi Coosakai –Badan Penyelidik Usaha-usaha Persiapan Kemerdékaan Indonesia (BPUPKI);
6.      Anggota Dokuritsu Junbi Inkai –Panitia Persiapan Kemerdékaan Indonesia (PPKI).
Anu pohara ageung mangpa’atna mah, ku alpukah R. Oto Iskandar Di Nata kalayan sasarengan sareng Gatot Mangkoepradja, ngusulkeun sangkan bangsa urang di didik militer ku Jepang –anu tujuanna: kanggo ngabéla lemah cai sorangan. Hasilna, nya ngawujud pasukan PETA (Pembéla Tanah Air). Mangpa’atna éstu mutlak karaos mangsa perang ngarebut kamerdikaan –PETA téh mangrupi galeuhna sareng cikal bakal lahirna Tentara Nasional Indonesia kiwari.

Revolusi
Salam Perjoangan: "MERDEKA....", Yogyakarta 1947.
Mangsa awal kamerdikaan, R. Oto Iskandar Di Nata anu pangheulana ngusulkeun sangkan Soekarno-Hatta diangkat jadi présidén-wakil présidén kalayan aklamasi –saur manuk, anu ahirna kamandang éta disaluyuan ku sakabéh anggota PPKI dina sidang munggaran ping 18 Agustus 1945. Dina kabinét munggaran, Oto kapeto jadi Menteri Negara. Anjeunna ogé ngiring ngadegkeun Badan Keamanan Rakyat (BKR) anu jadi taméng kaamanan rahayat sarta ngusulkeun dianggona pekik “Merdéka” anu saterasna sacara resmi didamel ‘salam perjoangan’ –ngucapkeun “Merdéka” teh dijorowokkeun bari ngacungkeun ramo limaanana ka luhur. Kantenan baé mangsa harita mah ngajorowok “Merdéka” téh lir kasandingan kakuatan gaib, nyandak hawa wawanén anu ngabebela sarta sanggup lali rabi téga pati.
Dina mangsa seuneu revolusi kamerdikaan anu sumedeng ngabubulak; hangru getih; hanyir késang; haregung nu tatu; tur bangingik nu ceurik; R. Oto Iskandar Di Nata aya nu ngiwat –sasat dilejokeun, dipapag pajar rék rapat.
R. Oto Iskandar Di Nata katangen teu embol-embol deui, sanggeus dipaluruh ka ditu ka dieu, nya aya raratan anu tétéla. Anjeunna aya anu nyulik (ku Laskar Hitam) dibawa ka Tangerang, anu saterasna ditelasan di Katapang –wewengkon basisir Mawuk 20 Desember 1945. Sasat layonna mangrupi pasir basisir Mawuk, dipendem di Pasir Jati Lembang Bandung Kalér –anu saterasna katelah: Pasir Pahlawan.
Monumen Pasir Pahlawan di Lembang, Bandung Kaler.
Rupina waktos dibenum ku Bung Karno jadi Menteri Negara anu tugas pokona pikeun nyiapkeun dibentukna BKR –nu asalna ti Laskar-laskar Rahayat anu nyebar di sakuliah wewengkon Indonesia, aya laskar anu kuciwa. Antuknya aya kajadian nu di luhur éta, wallohu’alam.





***

Tidak ada komentar:

Posting Komentar