Sabtu, 15 Maret 2014

Wayang Wanda Anyar



Ka hareup kudu ngala sajeujeuh, ka tukang ngala saléngkah. Ka kamari, pulang-anting. Pagéto, remen longokan. Isukan, purug-anjangan.

Kaping 7 Novémber 2013, Mr. Koichiro Matsuura –salaku Direktur Jenderal UNESCO nandeskeun: UNESCO maparin pangajén ka sakabéh jenis wayang Indonesia, ku ditetepkeunnana wayang salaku karya adiluhung –masterpiece budaya dunya, kalawan nyangking gelar: “Wayang Puppet Theatre Indonesia a Masterpiece of the Oral and Intangible Heritage of Humanity”. Saméméhna, ping 21 April 2004, di Paris Perancis lumangsung upacara penghargaan Wayang Indonesia sebagai Karya Agung Budaya Dunia dipasrahkeun ku Koichiro Matsuura ka Drs. Solichin –Ketua Umum SENAWANGI (Sekretaris Nasional Pewayangan Indonesia).
Tangtu éta préstasi, lain sakadar datang kitu baé atawa lir murag ti langit pingpitu. Tapi, ngaliwatan prosés anu kacida beuratna tur merlukeun waktu –pikeun panalungtikan anu kalintang lilana. Éta pangajén, marupi hiji panghormatan anu ngajait harkat jeung martabat bangsa Indonesia –ngaliwatan seni tradisina di mata dunya internasional.
Ku ayana éta préstasi, masarakat pawayangan Indonesia dipiharep ngabogaan itikad pikeun terus ngalestarikeun jeung ngamotékarkeun wayang, sangkan leuwih dipikawanoh ku sapangeusi dunya. Anu antukna, wayang lain saukur dipikaresep di Indonesia tapi bisa natrat dipikaresep ogé di dunya internasional.

Pakem jeung Tetekon
Kamotékaran wayang dina napsirkeun katradisian ku dangdanan modern, teu saeutik bisa nimbulkeun kamandang anu beda-beda. Utamana ku inohong pawayangan anu ngagugulung paham konvénsional anu nganggap yén tradisi téh nya éta: réalitas budaya salaku warisan anu teu meunang dirobah atawa diisedkeun. Tempatna geus maneuh dina aturan pakem jeung tetekon anu geus baku, sarta teu meunang digunasika.
Teu saeutik dalang-dalang konvénsional anu nyebutkeun pintonan wayang kiwari, geus ngarumpak pakem jeung tetekon pawayangan. Mun ngarumpak pakem jeung tetekon, éta téh bid’ah cenah –malah aya anu nyebutkeun ‘murtad’ sagala. Bakat ku mupusti teuing kana pakem jeung tetekon, tungtungna katangar jadi: migusti. Aturan ngawayang, jadi disaruakeun jeung aturan agama. Anu ngarumpak, dianggap dosa. Padahal, pakem jeung tetekon téh jijieunan seniman bihari –ari seniman téh apanan manusa-manusa kénéh.
Tradisi anu ulukutek dina pakem jeung tetekon –kalayan teu daék ngamotékarkeun dirina, ku pajamanan kiwari mah tangtu baris nyanghareupan Batara Yamadipati –dina harti: baris téréh punah. Pakem téh titincakan, lain pager panyengker.
Ngeunaan mimiti ayana pakem dina wayang, dicaritakeun ku MA Salmun dina buku anu judulna Padalangancitakan taun 1942. Dina éta buku, nétélakeun yén perlu ayana pakem téh sangkan anu ngalalakonkeun wayang dimana-mana, kudu: sarua. Ulah belang atawa tutung atahan, komo lamun nepi ka ngacaprak apruk-aprukan. Nya taun 1584, Sultan Pajang ngadamel Pakem Wayang Purwa jeung Wayang Gedog. Sakur anu ngadalang –anu ngawayang atawa anu nganggit lalakon wayang, kudu nurutkeun éta pakem. Tah ti harita nepi ka ayeuna, wayang téh teu pati dirobah deui ngan ukur disampurnakeun, saluyu jeung pajamanan. Nyampurnakeun wayang, lain hartina ngarumpak pakem. Tapi, nyampurnakeun tongtonan sangkan hégar –narik ati nu lalajo. Sabab pungsi vérbal tina wayang, nya éta: ‘jang dilalajoan jeung dibandungan’. Hégarna tongtonan wayang, tangtuna ogé kudu dirojong ku rupa-rupa hal. Saperti: tina wangunan wayangna; kaparigelan dalangna; genah gendinganana; merenah caritana; jeung halimpu sindénna. Cindekna mah, tongtonan anu ngandung ajén tuntunan.
Pon kitu, dalang. Kudu ngawasa élmuning padalangan, nya éta: antawacana –ngawasa leunjeuran carita jeung penokohan; amadawalagu –ngawasa surupan jeung lagu; amardibasa –ngawasa basa; pramakawi –ngarti kana basa Kawi; enges –ngawasa bagbagan émosi; sabet –ngamaénkeun wayang; jeung lacrekan –ngawirahma.
Jaman kiwari, harti tongtonan jeung tuntunan téh kudu nyumponan tungtutan jaman –tina barobahna dinamika budaya. Naha sanggup –tatacara tradisional anu keukeuh peuteukeuh, ngungkulan lumpatna jaman ?. Karakter manusa, apanan terus robah nuturkeun peradaban anu diciptakeunana. Globalisasi, geus jadi kanyataan anu teu bisa dihalangan. Ruang jeung waktu, taya watesna.
Minangka gambaran, akibat robahna jaman. Taun 1988, di Pulo Jawa kurang leuwih aya 40 jenis pintonan wayang anu digolongkeun nurutkeun: caritana; cara pentasna; jeung cara nyieunna. Kiwari, sapertiluna, geus kubra –musna.
Asep Sunandar Sunarya

Wanda Anyar
Ti saprak wayangna bisa utah emih atawa bencar huluna –taun 1980-an, ngaran Asép Sunandar Sunarya jadi sohor. Wayang utah emih; bisa ngiceup; jeung sajabana, harita ngageunjleungkeun jeung nimbulkeun kontrovérsiantara pro jeung kontra. Gaya wayang utah emih –anu diciptakeun ku lanceukna suargi, nya éta: Adé Kosasih Sunarya, dianggap ngarumpak pakem. Pajarkeun téh, ‘da euweuh ti dituna wayang kudu utah emih mah’. Piraku dina dunya wayang, aya kadaharan samodel emih –mun tutug oncom mah, kaharti kénéh meureun. Tapi pan teu kitu, kréativitas mah teu bisa disungkeret jeung euweuh wates wangenna.
Ide Asép Sunandar Sunarya jeung lanceukna pikeun ngaéksplorasi beungeut wayang bébas pakem, jadi trend anyar anu populér pisan –sakaligus mampuh ngoréjatkeun deui wayang golék Sunda di pakalangan seni tradisi Indonesia. Padépokan Giri Harja 3 anu dikokolakeunana –perenahna di Kampung Jelekong Balééndah; Kabupaten Bandung, teu petot-petot didareugdeug ku paradalang ngora jeung ku calon-calon dalang. Tingpuncunghulna dalang-dalang ngora ogé saenyana teu lésot tina peran Asép Sunandar, minangka guru anu kudu ‘digugu jeung ditiru’ boh langsung boh henteu langsung. Aya opatan dalang ngora anu dianggap jadi ‘pawaris’ gaya ngadalang Asép Sunandar Sunarya, nya éta: Dadan Sunandar Sunarya –dalang Turunan; Opik Sunandar Sunarya jeung Riswa Sunandar Sunarya –dalang Katurunan; sarta Rahmat Sunandar Sunarya –dalang Tuturunan. Éta dalang nu opatan téh kawilang mibanda gaya komunikasi ngadalang anu mandiri, tur kreatif jeung inovatif deuih.
Kiwari di Jawa Barat, jigana anu boga wayang golék téh ngan Asép Sunandar Sunarya wungkul. Ieu dalang geus ka celuk ka awun-awun, ka koncara ka janapria. Sa-Indonesia, moal bireuk deui –ngaranna sabanding jeung dalang-dalang sohor ti Jawa. Nepi ka di Sunda mah, asa euweuh deui lingkung seni wayang golék téh iwal ti: Giri Harja 3. Padahal, kapan aya: Munggul Pawenang atawa Panca Komara –anu cabang jeung aliranana, mencar nepi ka lembur-lembur. Tah duka marana éta téh, beuki ka dieu asa teu kadéngé ngajrékjrékna.
Taun 2006, Wayang Ajén –yasana Wawan Gunawan jeung Arthur S Nalan jadi unggulan seni Kakufi –kayu, kulit, fiber. Harita dipintonkeun dina even internasional ‘For days Literatur Arts and Festival’ –Séptember 2006 di Kota Agios Nikolaos, Crete Yunani. Taun 2010, UNESCO mere pangajen ka Wayang Ajen pikeun tampil dina Festival International BICHE (Bucheon World Intangible Cultural Heritage Expo) di Kota Bucheon, Provinsi Gyeonggi, Korea Selatan, 28 September - 2 Oktober 2010. Laju, Wayang Golék Ajén geus hasil nyabet dua medali emas dina ajang The 3rd International Marionette Festival nu lumangsung 3 – 11 September 2012 di Hanoi Vietnam, anu diiluan ku 16 pamilon ti mancanagara. Dua emas éta, keur kategori: Dalang Terbaikku Wawan Gunawan; jeung Peserta Terbaikku Wayang Ajén. Wayang Ajén Parwa Pujangga ti Bekasi, mangrupa jenis wayang golék pengembangan –utamana dina ngaadumaniskeun idiom-idiom seni tradisi; kontémporér; jeung modern. Ti taun 1998, Wayang Ajén geus mimiti ngabaladah konsép gelar: wayang ékspériméntal. Anu jadi prinsipna, nya éta: dumasar kana pamikiran Shill –yén seni téh kudu dinamis, usik malikna nuturkeun kumaha lengkahna jaman. Ku Wayang Ajén, satékah-polah ‘maca tradisi, ku kacamata modern’ kalayan ngagunakeun konsép anu jelas. Wanda wayang golék anyar, kiwari katambahan deui ku Tatan Sugandi anu keur ngulik: Wayang Dusun.



*** 

2 komentar:

  1. Sampurasun,

    Nyuhunkeun widina nun pikeun sim kuring nyandak sabagéan seratan salira. Sim kuring nuju nyanggi buku pikeun kagiatan sosial ngamumulé kasenian wayang golék. Kaleresan ngalaman kirang bahan kanggo buku kasebat.

    Mangke si buku ieu pikeun anggoeun nyalira, sanés pikeun dikomersilkeun sacara massal.

    BalasHapus