Jumat, 22 November 2013

Kiayi Jerajak ti Kota Inten




Ku Bung Karno, ieu ulama Garut téh dijulukan: Kiayi Jerajak –Jerajak/Jrajak tina basa Jawa anu salahsahiji hartina: sarigsig beusi. Naha ? kulantaran terus-terusan merjuangkeun kamerdékaan, ieu ulama Garut mindeng kaluar asup panjara, boh jaman kolonial Walanda atanapi jaman kolonial Jepang. Panjara henteu jadi panghalang pikeun anjeunna bajuang sangkan bangsa urang lésot tina leungeun kakawasaan bangsa deungeun, najan kudu dipanjara opat belas kali.

K.H. Mustofa Kamil
KH. Mustofa Kamil
Saha atuh Kiayi Jerajak téh ? Anjeunna, KH. Mustofa Kamil, anu dilahirkeun taun 1884 di Lembur Bojong, Désa Pasirkiamis, Kacamatan Pasirwangi, Kabupatén Garut –méméh dimekarkeun, ieu désa asup ka wilayah Kacamatan Tarogong.
Jenengan ramana, KH. Jafar Sidiq. Ari ibuna, Hj. Siti Habibah. Duanana ogé ahli agama. Keur burey kénéh mah ngaranna téh: Muhammad Lahuri. Anjeunna neuleuman bagbagan agama ti pasantrén ka pasantrén anu aya di Garut; Cirebon; jeung di Jombang Jawa Wétan. Kungsi masantrén di Pasantrén Bojong –dipupuhuan ku KH. Jafar Siddiq; di Pasantrén Biru, Tarogong –pingpinan Kiayi Muhammad Falah; jeung di Pasantrén Pangkalan, Tarogong –pingpinan Kiayi Kurtubi. Ngarasa tacan masagi jeung pikeun leuwih meuseuh deui bagbagan agama, anjeunna masantrén deui di Pasantren Dukuh, Tarogong –pingpinan KH. Syarbini; di Pasantrén Surajaya, Cirebon; di Pasantren Kuningan –pingpinan KH Abdul Qohar, jeung ngasakeunana di Pasantrén Tebuireng, Jombang –pingpinan KH. Hasyi ‘Asy’ari. Ti dinya –awal taun 1900-an, miang ka Tanah Suci Arab pikeun munggah haji bari sakalian ngantebkeun elmu agamana. Tepi ka taun 1914, mukim di Mekkah –malah meunang jodo ka Hj. Siti Aminah, siwi (putri) Syékh Salim, urang Indonesia anu mukim di Mekkah. Sanggeus rarabi, ngaranna diganti jadi: Mustofa Kamil.
Taun 1914, KH. Mustofa Kamil nyelang heula mulang ka Garut bari mawa kulawargana. Waktu di Garut, KH. Mustofa Kamil sadar yén nagara jeung bangsana keur dikeukeuweuk ku bangsa deungeun. Kaayaan kieu téh teu luyu jeung ajén-inajén Islam anu ngajarkeun kamerdékaan; kaadilan; jeung kalungguhan anu sajajar. Harita, kabeneran di Garut geus ngadeg Sarékat Islam (SI) Lokal Garut anu dipupuhuan ku Radén Yahya jeung Utar Junéd. Kusabab kataji ku perjoangan SI jeung ngarasa bajuang henteu bisa sosoranganan, antukna KH. Mustofa Kamil ngagabung. Mindeng ngayakeun ceramah jeung hutbah anu eusina ngeunaan ajaran Islam nu aya patalina jeung kamerdékaan.

Ka Pangberokan
Pamaréntah kolonial Walanda, nganggap hutbah jeung ceramah-ceramah KH. Mustofa Kamil téh ngabahayakeun, bisa ngalantarankeun rahayat baruntak. Taun 1915, KH. Mustofa Kamil ditahan meunang sataun lilana. Sanggeus bébas, ancrub deui di SI Garut jadi pangurus Bagéan Propaganda. Ti taun 1916 dugi ka 1919, dipercaya jadi Adviseur –penaséhat SI Garut.
Taun 1919, Garut geunjleung. Haji Hasan ti Cimarémé, nolak mayar pajeg hasil nyawah. Alesanana: beubeunangan tina tatanén téh keur ngabayuan budak yatim piatu, lain keur pribadi. Haji Hasan katut 116 urang batur saperjuangana, gugur di imahna –alatan narah ka luar waktu rék ditepungan ku panguasa lokal anu dikawal ku pulisi jeung tentara Walanda. Pamaréntah Walanda nuduh KH. Mustofa Kamil anu jadi ‘aktor intelektualna’ anu mapanas sangkan Haji Hasan jeung urang Cimarémé, wangkelang. Antukna, KH. Mustofa Kamil dipanjara deui, meunang sataun. Kaluar ti panjara –taun 1920-an, miang ka Mekkah, kulawargana dibawa. Di Mekkah teu lila, masih dina taun 1920-an, balik deui ka Garut. Méméh mulang ka Garut, waktu di Mekkah kénéh jeung mertuana pabéntar paham. Melang ka minantu jeung jeung ka siwina, Syekh Salim meredih sangkan KH. Mustofa Kamil entong balik deui ka Garut tapi leuwih hadé mukim di Mekkah neruskeun pacabakanana jadi sudagar, ulah nuluykeun perjoanganana. Tapi, KH. Mustofa Kamil nolak kana kahayang mertuana. Lebah dieu, sigana Hj. Siti Aminah –bojo KH. Mustofa Kamil sapamadegan jeung bapana, leuwih milih di Mekkah batan kudu milu ka Garut, bari di Garutna téh hirup salalawasna pinuh ku kahariwang jeung pinuh ku pibahlaeun.
Sanggeus sababaraha lilana aya di Garut, KH. Mustofa Kamil ngadahup ka Siti Rochmah. Seuweu-siwina: Acé Saéfulloh; Abdullah Ridwan; Siti Rochwah; Gaus Saéfuddin; Aan Nasrulloh; jeung Kamil Mustofa. KH. Mustofa Kamil ogé aktif di dunya atikan. Taun 1922, SI Lokal Garut ngadegkeun sakola: Broederschap Onderbouw SI di Jalan Cikuray terus pindah ka Lio. Di ieu sakola, KH. Mustofa Kamil jadi guru agama. Anu diajarkeun ku anjeunna téh lain ngan ukur soal ibadah wungkul tapi ogé ajén-inajén agama Islam ngeunaan kamerdékaan jeung perluna bangsa urang ngarebut kamerdékaan.
Kaping 29 Desember 1924, di Garut ngadeg pakumpulan Moesjawaratoel Oelama (MO) anu anggotana para kiayi Garut. KH. Mustofa Kamil dibenum jadi Vice President –Wakil Ketua MO nepi ka taun 1926. Waktu keur ngajabat kénéh –taun 1925, ku pamaréntah Walanda dipanjara deui, sataun lilana. Dituduh ngabaruntakkeun rahayat sina demontrasi nolak vervording (aturan pajeg).
Kaluar ti panjara –masih dina taun 1925, KH. Mustofa Kamil ngadegkeun masjid di Ciledug dina lahan bogana Asikin. Masjidna dingaranan: Masjid Ciledug atanapi Masjid PSII (Partai Sarékat Islam Indonesia) kadieunakeun jadi Masjid Perintis Kemerdékaan. Ku anjeunna, Masjid Ciledug dijadikeun masjid jami. Méh unggal jumaahan, anjeunna jadi khotib di éta masjid. Hutbahna maké basa Sunda, padahal Walanda geus nyieun katangtuan: masjid anu meunang ngayakeun solat jumaahan mah, Masjid Kaum. Hutbahna kudu maké basa Arab, sarta ayat Al Qur’an teu meunang ditarjamaahkeun. KH. Mustofa Kamil mandang aturan kitu téh udaganana mah: sangkan kaum Muslim teu weruh kana ajaran-ajaran Islam nu saéstuna, sangkan kanyahona ngan ukur: solat; jakat; jeung munggah haji wungkul. Ajaran Islam anu aya patalina jeung pulitik; kanagaraan; pamaréntahan; hak asasi; hakékat manusa; jeung kalungguhan manusa mungguh agama, henteu dipikawanoh ku kaum Muslim.
Kulantaran ku cara kekerasan henteu mempan, antukna pamaréntah Walanda taun 1927 pikeun meruhkeun KH. Mustofa Kamil nawaran jabatan: Panghulu Masjid Kaum –masjid kabupatén, kalayan fasilitas anu matak uruy. Tapi KH. Mustofa Kamil nolak sapajodogan, alesanana: mun narima éta jabatan, ngandung harti, dirina teu konsistén dina perjoangan, sabab daék gawé bareng jeung penjajah. Balukar tina sikepna kitu, masih dina taun 1927, KH. Mustofa Kamil dipanjara deui meunang sababaraha bulan. Sanggeus dibébaskeun, teu lami, taun 1928 ditahan deui, kalayan tuduhan: hutbah jeung ceramahna dina pangajian umum, ngahasut rahayat sangkan teu tumut ka pamaréntah. Kungsi disingsieunan rék dibuang ka luar Pulo Jawa –ka Digul, tapi teu matak ngagedagkeun haté anjeuna. Ceuk KH. Mustofa Kamil ka jamaahna: “nu dipikahariwang téh, sieun umat Muslim keuna ku kasakit héngkér haté, keun waé simkuring sorangan nu ngalaman lara balangsak dina berjoang, keun waé simkuring jadi kifarat (jadi tumbal) umat Islam, asal cita-cita umat Islam kahontal”.

Seikerei
Waktu SI robah jadi partéy –nya éta PSII, KH. Mustofa Kamil taun 1929 ngagabung ka PSII. Sataun ti harita –taun 1930, dibenum jadi Ketua PSII Cabang Garut sakaligus jadi Ketua Departemén Syariat wal Ibadah PSII Cabang Garut. Atuh kagiatan pulitikna téh beuki leubeut waé. Teu cukup kitu, pikeun ngahangkeutkeun perjuanganana dina ngahontal kamerdékaan, dina taun 1930, bareng jeung KH. Badruzzaman –ulama Garut ogé, ngadegkeun pakumpulan Al-Muwafaqoh, anu saterusna dipupuhuan ku KH. Badruzzaman; sekretarisna: H. Sanusi. Sedengkeun KH. Mustofa Kamil mah jadi penasihat. Udagan ieu pakumpulan: keur ngabébérés pabéntar pahamna di kalangan anggota SI. Anjeunna teu mikeun mun SI kudu tepi ka paburencay balukar masing-masing anggotana mertahankeun pamadegan séwang-séwangan. Waktu keur satékah polah ngahijikeun deui SI, KH. Mustofa Kamil dipanjara deui, lilana saratus poé, dituding: tatahar rék baruntak. Sanggeus kaluar panjara, ku gedé komitmenna ka organisasi, KH. Mustofa Kamil bareng jeung KH. Yusuf Taujiri dibenum jadi anggota Déwan PSII. Tilu taun ti harita –taun 1940, KH. Mustofa Kamil deui-deui dipanjara kalayan tuduhan: keur tatan-tatan rék baruntak. Awal-awal Perang Dunya Kahiji, dibébaskeun ti panjara sarta aktif deui dina organisasi pergerakan.
Nusantara dikawasa ku Jepang –anu ngakuna mah ‘saudara tua’, teu ngalantarankeun KH. Mustofa Kamil ngendorkeun perjoanganana. Keur anjeunna mah, Jepang jeung Walanda téh taya bédana: sarua penjajah; sarua ngeruk kakayaan Nusantara; sarta duanana ogé sarua ngalantarankeun bangsa urang kapépéhék, henteu merdéka. Ku Jepang diajak gawé bareng, tapi ditolak. Antukna ti taun 1942 tepi ka taun 1943, KH. Mustofa Kamil dipanjara. Kaluar ti panjara –taun 1943, ngagabung jeung Majelis Islam A’la Indonesia (MIAI). Waktu Majelis Syuro Muslimin Indonesia (Masyumi) ngadeg bulan Novémber 1943, KH. Mustofa Kamil dibenum jadi ketua bagéan propaganda Masyumi Cabang Garut.
KH. Mustofa Kamil teu nolak kana pangajak Jepang anu sakira engkéna gedé mangpaatna. Bareng jeung Hisbullah, milu latihan militér di Cibarusah Bekasi anu diayakeun ku tentara Jepang. Réngsé latihan militér, anjeunna umajak ka para ulama jeung nonoman Garut pikeun ngagabung ka Hisbullah.
Di Cipanas Tarogong Garut, KH. Mustofa Kamil ngayakeun latihan militer anu diiluan ku anggota Hisbullah. Najan kitu, angger sikep jeung pamadeganana matak wera Jepang. Hisbullah Garut, nolak seikerei –ngahormat panon poé ku cara ngadongkokeun awak ka lebah panon poé. Ku Hisbullah, seikerei diganti ku takbir bari nyanghareup kiblat. Alatan éta, KH. Mustofa Kamil dipanjara ku Jepang –tapi ngan sakeudeung. Teu lila, sanggeus kaluar ti panjara, bareng jeung KH. Yusuf Taujiri katut KH. Busrol Arifin, ngirim surat protés ka Jepang. Eusi suratna, protés kana katelengesan Jepang –babakuna mah dina lebah romusha. Deui-deui, KH. Mustofa Kamil dipanjara. Bébas, waktu Jepang geus kadéséh ku pasukan Sekutu.

Palagan Surabaya
Nagara urang diproklamasikeun ping 17 Agustus 1945, tapi lain hartina kaayaan saterusna jadi lulus banglus. Tentara Sekutu kaiket ku perjangjian jeung Walanda, nya éta: sakabeh urut jajahan Walanda anu direbut ku Jepang, kudu dipulangkeun deui ka Walanda ku Sekutu. Ngandung harti, tentara Sekutu daratangna ka nagara Indonesia téh rék merenahkeun deui Walanda di Nusantara. Puguh waé parapajuang teu narima. Di Surabaya, Sutomo –bung Tomo cumeluk sangkan bangsa urang ngalawan tentara Sekutu. Pidatona téh disiarkeun dina radio. KH. Mustofa Kamil ogé mindeng ngabandungan pidato bung Tomo, antukna jorojoy hayang milu bajoang jeung urang Surabaya.
Bareng jeung Lasykar Hisbullah katut sababaraha ulama Garut –diantarana: KH. Badruzzaman, KH. Mustofa Kamil miang ka Surabaya. Maké karéta api, Banjar-Yogyakarta-Malang. Ti Malang, laju ka Surabaya. Di Surabaya, ngagabung jeung Badan Pemberontak Rakyat Indonesia (BPRI), ditempatkeun di Divisi VII Komando Tentara Keamanan Rakyat (TKR) Surabaya. Mancén tugas di Surabaya, di Séktor Selatan. Pangna bisa langsung ngagabung jeung TKR téh, pédah KH. Mustofa Kamil jaman Jepang kungsi milu jeung ngayakeun latihan militér.
Ping 10 November 1945 –anu saterusna dijadikeun Hari Pahlawan, tentara Sekutu digempur ku parapajuang, Brigjen Mallaby –komandan Sekutu, tiwas. Aya nu nyebutkeun, tiwasna Mallaby téh ku KH. Badruzzaman. KH. Badruzzaman téh ahli hikmah; tasawuf; jeung ahli penca atanapi jawara. Teu beda ka KH. Mustofa Kamil, urang Surabaya mangsa harita, kacida pisan ngahormat jeung ajrihna ka KH. Badruzzaman –samalah, sanggeus nagara aman ogé, réa urang Surabaya anu ngahaja nganjang ka Garut nepungan KH. Badruzzaman.
Waktu peperangan mundur ka luar Surabaya, KH. Mustofa Kamil ogé mundur ka wewengkon Gedangan Sidoarjo. Ti harita, laratan KH. Mustofa Kamil teu kabéjakeun deui kumaha-kumahana –mulang ka Garut ogé, henteu deuih. Kulawargana di Garut miharep KH. Mustofa Kamil salamet teu kasambut di medan perang sarta balik deui ka Garut –saperti KH. Badruzzaman.

Sahid
Taman Makam Pahlawan 10 November, Surabaya.
Ngaranna téh Dono, anu mangsa harita jadi lurah –kepala désa Dongkol, Gedangan Surabaya. Inyana jadi saksi mata gugurna KH. Mustofa Kamil. Ti kajauhan –bari nyumput, Dono nyaksian ku panon sorangan, KH. Mustofa Kamil dikepung ku pasukan Sekutu anu terus-terusan ngudag pajuang, rék males pati pédah komandanna tiwas. “Mastaka anjeunna dibabuk satarikna ku pohpor bedil,” ceuk Dono. Sanggeus karuhan tilar dunya, ku pasukan Sekutu layonna ditinggalkeun kitu waé. Najan ceuk aturan Islam, nu maot sahid –syuhada bisa langsung dikurebkeun sapada harita. Tapi, ku masarakat di dinya, layon KH. Mustofa Kamil dipulasara luyu jeung katangtuan Islam –dimandian; diboéhan; jeung disolatkeun. Dimakamkeunana, di dinya kénéh –anu kiwari, éta tempat téh ngaranna: Taman Bahagia. Ku masarakat, baju; topi; jeung tasbéhna diampihan sarta dipasrahkeun ka kulawargana anu ngahaja datang ka Gedangan.
Milu bajuangna KH. Mustofa Kamil di Surabaya, dikuatkeun ku Surat Persaksian Badan Kerja Sama (BKS) Ulama-Militer Pusat. Dumasar kana hal éta, kalayan Surat Keputusan Menteri Sosial No. Pol. 159/PK tanggal 23 Februari 1959, Pemerintah Republik Indonesia netepkeun KH. Mustofa Kamil diangkat jadi Perintis Kemerdekaan Republik Indonesia.
KH. Mustofa Kamil ogé ku pamarentah, dilélér pangkat: Létnan Kolonél Anumerta. Lima taun ti saentasna ditetepkeun jadi Perintis Kemerdekaan RI, kaping 21 Juli 1964, makamna dipindahkeun ti Gedangan ka Taman Makam Pahlawan 10 Novémber di Kota Surabaya. Dimakamkeun deui maké upacara militer.

Panutup
KH. Mustofa Kamil teh ulama atanapi kiayi anu masagi. Kaulamaanana, ngajurung keur bajuang ngabéla lemah cai sangkan leupas tina kakawasaan kolonial. Perjoanganana ngaleuwihan wates tanggung jawabna. Tadina bajuang ngaliwatan dakwah jeung organisasi pergerakan, antukna ancrub di medan perang.
Di nagara urang, gelar pahlawan nasional, memang ditetepkeun ku pamaréntah pusat. Anu ngusulkeunana ti daérah sarta anu mutuskeunana présidén. Tapi aspek pulitisna, leuwih gedé. Najan ku pamaréntah kabupaten Garut tos diseminarkeun taun 2009 –sabada taun 2008, Bung Tomo dilélér gelar Pahlawan Nasional pikeun diusulkeun janten Pahlawan Nasional. Ulah héran, lamun anu ngusulkeunana lain ngan ukur nyodorkeun data jeung pakta sejarah wungkul, tapi ogé maké jalur lobi pulitik –anu tétéla leuwih éféktif.
Di Kabupatén Garut sorangan, KH. Mustofa Kamil ukur dipaké ngaran jalan –anu heureut, panjangna kira-kira dua kilométer, pagigir-gigir jeung Jalan Arudji Kartawinata di daérah Ciawitali –teu jauh ti terminal antarkota Guntur.
Asa ku teu pas pisan mun dibandingkeun jeung ajén perjoangan KH. Mustofa Kamil anu sakitu luhungna, malah geus diaku sacara nasional.
Sakedahna, dina palajaran sejarah ogé diguar didadarkeun perjoangan anjeunna téh. Pikeun eunteung jeung picontoeun generasi ngora anu kiwari keur kaleungitan figur tuladaneun.



Bacaan:
Musin, Mumuh. Kiai Jerajak Dari Kota Intan Kepahlawanan K.H Mustofa Kamil (1884 – 1945) Dalam Merebut Dan Mempertahankan Kemerdekaan Republik Indonesia. Yayasan Masyarakat Sejarawan Indonesia Jawa Barat Bandung, Unpad Bandung.





***

Tidak ada komentar:

Posting Komentar