Jumat, 05 Oktober 2012

Aksara Indung


“Peso pangot ninggang lontar, daluang katinggang mangsi”
Aksara Swara
Aksara Sunda seueurna aya 32 huruf, diwangun ku 7 aksara swara (a, é, i, o, u, e, eu); 23 aksara ngalagena (ka-ga-nga, ca-ja-nya, ta-da-na, pa-ba-ma, ya-ra-la, wa-sa-ha, fa-va-qa-xa-za,).
Aksara Ngalagena
Peryogi kauninga dina sistim tata tulis aksara Sunda Kuno, jumlah aksara ngalagena saleresna mah aya 18 huruf. Tambihan 5 lambang aksara kana sistim tata tulis aksara Sunda Baku, nyaéta: lambang aksara fa sareng va (tina aksara pa); lambang aksara qa sareng xa (tina aksara ka); teras lambang aksara za (tina aksara ja).
Angka
Di sagigireun éta, dipikawanoh ogé lambang-lambang bilangan mangrupa angka dasar anu ngabogaan ajén itungan ti mimiti enol dugi ka salapan.
Rarangkén
Lambang rarangkén aksara Sunda diwangun ku 13 rarangkén, anu cara nulisna:
·      Anu ditulis “di luhureun” lambang aksara dasar. Jumlahna 5 rarangkén, nyaéta: panghulu /i/; pamepet /e/; paneuleung /eu/; panglayar /+r/; dan panyecek /+ng/.
·      Anu ditulis “di handapeun” lambang aksara dasar. Jumlahna 3 rarangkén, nyaéta: panyuku /u/; panyakra /+ra/; panyiku /+la/.
·      Anu ditulis “sajajar” jeung aksara dasar. Jumlahna 5 rarangkén, nyaéta: panéléng /é/; panolong /o/; pamingkal /+ya/; pangwisad /+h/; pamaeh.




Hapunten upami lepat.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar