Selasa, 15 Mei 2012

Kautamaan Istri




Di tatar Sunda, kalungguhan wanoja kacida dimuliyakeunana. Upamana : Sunan Ambu; Déwi Sri; jeung Ratu Purbasari, samalah kulawarga Sunda mun nyebut ka kolotna téh sok diheulakeun indung henteu bapa, saperti : teu boga indung bapa; ibu ramana baleunghar jst. Teu siga urang Malayu nyebut ka kolotna ku sebutan : ayah bunda. Apanan di kampung Pulo Cangkuang Lélés Garut mah, tétéla gening wanoja anu nyekel hak waris téh.
Laksamana Keumala Hayati
Tapi kétah, lain di Sunda waé kalungguhan wanoja dipihormat téh. Di karajaan Kaling oge anu mingpinna téh wanoja nu nelah Ratu Sima; di Majapait ogé kungsi dipingpin ku Ratu Tribhuwanatunggadéwi; kitu deui Demak kungsi ku wanoja anu nyakrawatina téh nya éta Ratu Kalinyamat; malahan urang Aceh mah moal bireuk deui ka Cut Nyak Dien, Cut Nyak Meutia, jeung Laksamana Keumala Hayati –Keumala Hayati hiji-hijina wanoja anu munggaran boga pangkat laksamana, mangsa Kasultanan Aceh Darussalam dipingpin ku Sultan Alauddin Riayat Syah al-Mukammil. Sedengkeun di Garut, tangtu moal bireuk deui ka tokoh wanoja Ratu Inten Dewata ti Karajaan Timbanganten jeung Radén Ayu Lasminingrat geureuhana Dalem Bintang Garut –Bupati RAA Wiratanudatar VIII.

Kalungguhan wanoja di tatar Sunda mimiti nyirorot mangsa féodalisme mekar dina jaman Mataram. Wanoja diperenahkeun jadi subyék, lain obyék. Jol agama Islam marengan budaya jeung pandangan bangsa Arab, yén imam téh kudu lalaki –ku kituna, lalaki jadi kawasa.
Budaya Arab jeung Mataram anu ngarameus jeung nyakar budaya Sunda, lumangsung terus nepi ka jaman kolonial. Sigana kalungguhan wanoja geus ditafsirkeun miring ku kaum lalaki. Lalaki diwenangkeun boga pamajikan nepi ka opat, numutkeun agama Islam –nu diulik teh ukur meunangna, lain sarat-saratna lalaki diwenangkeun nyandung (lantaran wanoja dijadikeun subyék téa). Antukna wanoja teu perlu pinter, nepi ka aya basa kieu : “Keur naon awéwé sakola luhur, da balikna bakal ka dapur-dapur deui.” Wanoja ukur disiapkeun lian ti alat réproduksi, ogé dihancengkeun nu kudu ngurus rumah tangga.
Pamaréntah kolonial ngahaja ngantep jeung nyuburkeun budaya kieu nepi ka kopong parongpong, ludes teu boga nanaon. Ajén diri luntur; rahayat jadi gumantung pisan ka pamaréntah; wanoja nyarandekeun nasib hirupna ka lalaki –utamana kaayaan kitu téh di kalangan para ménak.
Pakaya budaya jeung inteléktual bangsa urang, ku penjajah dikorédaskeun pisan. Malahan sajarah buhun ogé diparupus digaranti kumaha kahayang séwang-séwangan. Lembaga atikan dianggap jadi henteu perlu, geus kitu mah anteng wé penjajah téh nyakrawati ngabahudenda di bumi pertiwi.
Pamaréntah Walanda mémang henteu tanggungjawab kana urusan atikan –aya éta ogé anu diiwalkeun, nya éta pasantrén. Tapi henteu kitu waé pasantren téh bébas, saméméhna ahli Walanda sina nyulusup heula masang saringan akidah Islam nu dipandang baris ngabahayakeun kana kalanggengan pamaréntahan jajahan.
Bangsa urang di sina jadi pangedulan. Cenah hirup di dunya mah ukur sabéngbatan, dunya mah tempat ngumbara. Kahirupan anu saéstuna mah engké di ahérat, ku kituna kudu jongjon nyuprih élmu kaahératan –katungkulkeun teuing kana urusan ahérat, sabenerna mah henteu diajarkeun kitu ku Islam.
Alam pikir urang mangsa harita, jadi henteu rasional. Walanda teu hayangeun ngadegkeun sakola pikeun bangsa jajahan, sakola dihancengkeun pikeun bangsana baé –jeung sabagian leutik keur ménak anu tumut tuhu kana pamaréntahanana, kitu ogé lain pamaréntah anu ngayakeunana tapi pihak swasta jeung geréja.
Henteu dipopohokeun éta ogé, Gubernur Jéndral Willem Daéndéls (1762 – 1818) dina taun 1808 nétélakeun yén kawajiban atikan pikeun masarakat jajahan mangrupa tanggungjawab pamaréntah kolonial. Dianjurkeun yén para régént (bupati) kudu ngadegkeun sakola jeung ngangkat guru anu parigel pikeun ngatik barudak pribumi. Tapi henteu bisa laju éta putusan téh –henteu bisa dilaksanakeun, nepi ka ditetepkeun payung hukumna dina taun 1818 yén pamaréntah miboga tanggungjawab geusan nyadiakeun pasilitas atikan keur warga bumi putra anu sarua atawa mirip jeung pasilitas pikeun barudak Éropa. Sok sanajan kitu, jalan pikeun ngawujudkeun éta rencana téh kacida tarahalna.
Jaman Gubernur Jendral Van der Capellen (1816 – 1826) kakarék aya hojah ngawangun sakola keur bumi putra, diadegkeun di Pasuruan; Karawang; jeung Cianjur. Di Cianjur ngan aya 20 urang budak nu sakola –kaasup duaan anak bupati-, diajar maca; nulis; jeung ngitung dina basa Sunda jeung Malayu. Dibutuhkeun waktu anu lila pisan pikeun golongan cacah bisa ngambeu éta sakolaan, lantaran masarakat leuwih milih nyakolakeun ka madrasah atawa pasantrén pikeun diajar ngaji jeung maca kitab-kitab agama Islam tibatan ka sakola kafir.
Taun 1824 diadegkeun sakola husus keur wanoja, tapi murid-muridna ukur barudak wanoja bulé baé. Pikeun proyek sakola wanoja éta, pamaréntah Walanda ngaluarkeun waragad ƒ 32.000 salila 3 taun. Kusabab ngaluarkeun waragad anu gedé jeung ngabeuratkeun pamaréntah, antukna dina taun 1832 éta sakola wanoja Éropa téh ditutup.
Dina taun 1850 aya anu ngadongsok pamaréntah pikeun ngadegkeun deui sakola barudak wanoja di Batavia; Semarang; jeung Surabaya. Tapi tétéla, pamaréntah pusat di nagri Walanda nolak ngan ukur nitah ngalibetkeun pihak swasta waé.
Sakola kabupatén mimiti dibuka di Pati Kabupaten Jepara taun 1849, jeung di Cianjur taun 1853. Bangsa urang harita henteu wanoh kana aksara Latén, leuwih parigel ngagunakeun aksara Arab anu geus diropéa pikeun kapentingan nulis basa Sunda –Aksara Pégon téa. Dina jaman Mataram, ménak Sunda dijejelan kudu paham jeung bisa kana aksara Jawa : Hanacaraka. Ku pamaréntah Walanda, éta aksara Jawa téh jadi wajib –pikeun ngagampilkeun urusan administrasi. Ari aksara Sunda anu asli, bangun anu ngahaja disamunikeun. Karakter jeung budaya Sunda, ngahaja dipaténi diruang kérépés nepi ka urang henteu bisa ngungkab kaparigelan karuhun sorangan.

Kaayaan Garut Mangsa Harita
Di Garut, aya anak Patih Limbangan anu dibenum jadi Panghulu ngabogaan cara mikir anu cénghar jeung rasional. Éta téh dibuktikeun ku karya mangrupa wawacan –antarana baé : Wawacan Panji Wulung. Tangtu urang wanoh atawa kungsi ngadéngé ka Panghulu Bintang Limbangan Raden Haji Moehamad Moesa (1822 – 1886) nu ngarangkep jadi Panaséhat Pamarentah Walanda mangsa harita, nya anjeuna anu milu ngaluluguan mopulérkeun aksara Jawa-Sunda babarengan jeung Karrel Frederick Holle.
RH Moehamad Moesa ogé kungsi ngaluluguan nyieun sakola Éropa (Bijzondere Europeesche School) henteu ukur keur barudak pribumi waé, urang Walanda ogé dimeunangkeun dialajar di Sakola Moehamad Moesa. Awéwé jeung lalaki disakelaskeun, teu dipisah jeung teu dibéda-bédakeun. Ieu sakola téh mangsa harita mah kasebut rada mahiwal. Demi waragadna, nya kapaksa udunan dikumpulkeun ti para ménak Limbangan –pikeun mayar guru Walanda 2 urangeun.
Sanajan rada teu parok, barudak pribumi jeung barudak Walanda disakelaskeun –awéwé lalaki dihijikeun. Muridna kaitung lumayan loba, aya kana 100 urangna. Kakarak dina taun 1876, pamaréntah Walanda bet hayang méré subsidi anu gedéna 100 gulden sabulan –upama nilik kana catetan sajarah, tokoh Moehamad Moesa perlu ditalungtik deui anu leuwih gemet minangka Bapak Pendidikan Indonesia.
Ceuk Profesor Dr. Mokihiro Moriyama ti Jepang, nétélakeun yén urang Sunda hususna jeung bangsa Indonésia umumna moal saperti ayeuna upama teu aya tokoh anu merjuangkeun dunya atikan saperti RH. Moehamad Moesa –Mokihiro ngahaja datang ti Jepang ngaluuhan “Silaturahmi rundayan RA Natalegawa” di Graha El Nusa Jakarta, 30 November 2008.
Tapi urang Sunda –hususna urang Garut- teu ngngeuh ngajénan kana tapak lacak perjuangan karuhunna. ‘Kepeloporan’ urang Sunda dina sagala widang, henteu weléh kasilihkeun ! duka kunaon.

Raden Ayu Lasminingrat
“Mun ulin ka Bandung, aya ngaran jalan Kautamaan Istri.
Puguh matak kagét, ngaran Kautamaan Istri diabadikeun dipaké ngaran jalan.
Ari jalmana nu ngawujudkeun sakola Kautamaan Istri, henteu disabit-sabit sama sakali.
Malahan bangun nu kapopohokeun ku saréréa, nyaéta : RA Lasminingrat.”
Raden Ajoe Lasminingrat
Raden Ayu Lasminingrat téh putrana Hoofpanghulu Raden Haji Moehamad Moesa ti geureuha : Raden Ayu Ria. Anjeunna lahir di Balubur Limbangan Garut taun 1843. Ngagaduhan 2 rai istri anu saibu-sarama : Nyi Raden Ratnaningrum jeung Nyi Raden Lenggang Kencana. Lasmi alit kedah pisah sareng kulawargina, ngalih ti Garut ka Sumedang kanggo diajar maca; nulis; jeung teu kantun diajar basa Walanda. Di Sumedang dirorok jeung diaku anak ku sobat ramana nu urang Walanda, Levyson Noorman. Ku asuhan Norman, Lasmi janten hiji-hijina wanoja pribumi anu mahir nulis jeung nyarios basa Walanda. Sabada akil balég, ditikahkeun ka Radén Tamtu putra Pangéran Sugih –ménak Sumedang, ngan teu lami da maot. Ibu Lasmi disaur ku ramana mulih ka Garut sarta ditikahkeun ka Wiratanudatar VIII (janten istri kadua) taun 1871, anu sawatara lami ti harita dibenum jeneng Bupati Garut. Pangaresep kana nulis atanapi ngarang waktos di Sumedang, tetep dilakonan ku anjeunna mangsa mulih deui ka Garut. Taun 1875 anjeunna nerbitkeun buku Tjarita Erman nganggo basa Sunda –mangrupi terjemahan ti Christoph von Schmidt. Buku ieu dicetak 6.015 eksemplar kalawan nganggo aksara Jawa –taun 1911 dicetak ulang nganggo aksara Jawa, taun 1922 nganggo aksara Laten. Taun 1876 nerbitkeun buku Warnasari atawa Roepa-roepa Dongeng Djilid I nganggo basa Sunda dina aksara Jawa –mangrupi terjemahan tina buku Vertelsels uit het Wonderland voor Kinderen, Klein en Groot (1872) tulisan Marchen von Grimm jeung JAA Goeverneur. Sataun ti mangsa harita, Djilid II na diterbitkeun –dicetak ulang taun 1887; 1909 ; 1912 dina aksara Jawa jeung Laten. Buku-buku anu dikarang ku anjeunna téh eusina nyumponan kana selera barudak jeung ngeunah dibacana. Ku kituna, teu salah lamun ibu Lasmi disebut panulis wanita nu munggaran atawa sastrawati Sunda nu munggaran, sahenteu-henteuna atuh : panulis wanita entragan munggaran.
Ngeunaan karancagéan ibu Lasmi, bangunna mah turunan ti ramana. Ramana teh kagolong pangarang anu geus kamashur, nu katelah Raden Haji Moehamad Moesa –Kapala Panghulu Kabupaten Garut nu ngarangkep jadi Panaséhat Pamaréntah mangsa harita, kitu deui sareng raina ibu Lasmi nya éta R. Kartawinata, kakenal sabage penulis Sunda.
Kulantaran ibu Lasmi téh geureuhana Bupati Garut, nyaéta RAA Wiratanudatar VIII, balaréa reremenna nyebutna téh Ibu Ayu Lasminingrat –ari sesebutan dalitna mah Ibu Lasmi baé.
Numutkeun katerangan mah, di sagigireun salaku sastrawati Sunda nu munggaran, ibu Lasmi ogé mangrupa wanita Sunda munggaran nu bisa kana basa Walanda. Kamampuhan kana basa deungeun téh teu ukur kawatesan dina paguneman jeung jalma-jalma biasa, tapi ogé jeung para gegedén Walanda mangsa harita –malahan jeung Gubernur Jendral ogé dipaké basa loma.
Lian ti éta, pangaweruhna ngeunaan basa Walanda digunakeun pikeun nyalin buku-buku basa deungeun kana basa Sunda –anjeunna nyalin buku-buku deungeun ancokeuneun pikeun atikan barudak. Kamampuh ibu Lasmi anu samodel kitu teh, matak ngondang pamujian ti Karrel Frederick Holle –Tuan Kawasa. Saperti eusi surat anu ditulis Holle ka PJ Veth : “Anak perempuan penghulu yang menikah dengan Bupati Garut, menyadur dengan tepat cerita-cerita dongeng karangan Grimm, cerita-cerita dari negeri dongeng (Oleg Goeverneur), dan cerita-cerita lainnya ke dalam bahasa Sunda”.
Ngeunaan atikan barudak –utamana mah kana atikan barudak awéwé-, bangunna jadi bahan pamikiran anjeunna. Pamustunganana, nya anjeunna ngadeukeutan urang Walanda nu baroga pangaruh, antarana : Controleur Assisten Resident Dokter Meulder, KF Holle (Panaséhat Pamaréntah Hindia Walanda, ogé Administrator Perkebunan Teh Waspada Cikajang anu gawé bareng jeung RH Moehamad Moesa). Urang Walanda nu baroga pangaruh, saterusna jadi batur gawé babarengan –nepi ka ngembarkeun murid nu naék kelas ogé dibacana ku Controleur Walanda.
Jigana ibu Lasmi sadar, ngaliwatan urang Walanda, usaha téh bisa leuwih lancar jeung kapetik hasilna –nepi ka saurang Controleur Walanda (jabatan sahandapeun Assisten Residentt Pamongpraja) daék dititah pangmacakeun daptar barudak nu naék kelas di sakolana.
Ibu Lasmi mimiti ngadegkeun sakola nu dicita-citakeunana téh taun 1907 –husus pikeun budak awéwé nu dibuka di kota Garut.
Pikeun rohangan diajarna, kapaksa ngagunakeun rohangan tempat nyimpen gamelan di gedong kabupatén –gamelanana mah teuing dikamanakeun. Guruna diusahakeun ti antara dulur-dulurna, saperti : Surianingrum –Gan Enong; jeung putu ibu Lasmi nyaeta R. Rajakusumah –sok disebut Atang Mimi. Guru sejenna didatangkeun ti Bandung, jenenganana Ibu Murtasiah –Ibu Emur.
Lantaran dina mangsa harita mah loba kénéh nu baroga pamadegan yén kaum wanoja mah teu perlu sakola nu penting bisa digawé di dapur jeung bisa ngaladénan salaki, ku kituna pikeun munggaran mah nu sakola téh barudak wargi ibu Lasmi baé ditambah barudak pagawé nagri nu geus meunang panglelemu.
Ku kalungguhanana salaku Radén Ayu Bupati, usahana téh teu pati nyanghareupan halangan gedé. Sakabeh jalma nurut, komo bari dibantu ku para pajabat Walanda nu boga kalungguhan luhur mah. Dokter Walanda Meulder, loba pisan ngabantuna. Waktu ibu Lasmi madep ka Gubernur Jendral di Istana Bogor ogé, nya Dokter Meulder pisan nu maturanana téh. Ibu Lasmi ka Gubernur Jendral seja ménta pangrestu ngadegna sakola kaputrian téa, nu disebut “Vereeniging (Pakoempoelan) Kaoetamaan Istri”.
Teu disangka, taun 1911 sakolana mesat –dugi ka ngagaduhan murid 200 urang, kalayan 5 wangunan kelas di gigir pendopo.
Maksud ibu Lasmi ngawangun sakolah téh, kagugah ku Déwi Sartika anu remen datang ti Bandung ka Garut pikeun madungdengkeun sakola jang ngatik barudak awéwé –tidituna mah Déwi Sartika téh ménta pituduh jeung pituah-pituah ka nu jadi indung. Hal kitu téh lantaran Déwi Sartika uningaeun yén ibu Lasmi kagungan perhatian nu gedé kana widang atikan, ogé kagungan kaunggulan-kaunggulan dina widang sejenna.
Déwi Sartika nyanghareupan hahalang pikeun ngadegkeun sakola anu dicita-citakeunna téh, nya éta idin ti Bupati Bandung RAA Martanagara –pédah ramana Déwi Sartika nu jenenganna Radén Somanagara (waktos Déwi alit kénéh, nuju yuswa 9 taun) dibuang ka Ternaté, dianggap kalibet kana usaha rék maéhan Bupati Bandung katut pajabat Walanda di Bandung. Janten RAA Martanagara nganggap Déwi Sartika téh, anak musuh pulitikna. Katambah-tambah sakola pikeun barudak awéwé dijaman harita mah kapan tacan ilahar; salian ti ngarémpak adat kabiasaan, oge gedé pisan pimatakeunana. Sanggeus sababarahakali ditolak, Déwi Sartika muntang ka bojona wadana Cicalengka nya éta Nyi Raden Mojaningrat (putrana ibu Lasmi). Déwi Sartika dititipkeun ka ua na Mojaningrat nu jeneng patih Cicaléngka tug nepi ka dalit sareng ibu Lasmi.
Ningal kaayaan kitu, ibu Lasmi teu cicingeun kalayan bantosan carogéna (RAA Wiratanudatar VIII –Bupati Garut) ngalelemu RAA Martanagara supados masihan idin ka Déwi Sartika. Saparantos aya paguneman catur sareng RAA Wiratanudatar VIII, ahirna RAA Martanagara masihan idin ka Dewi Sartika kanggo ngadegkeun Sakola Istri di Bandung taun 1904.

Urang wangsul deui kana usahana ibu Lasmi.
Pikeun meunangkeun guru; meunangkeun murid didikeuneun; jeung waragad ngokolakeun sakola, nya kudu ditanggung jeung jadi bahan pamikiran ibu Lasmi. Lian ti éta, ngeunaan buku pangajaran jeung bacaan katut pangajaran anu kudu diajarkeun geus karuhan lain pasualan nu énténg-énténg –komo pikeun pantaran sakola kaputrian nu sasat masih mangrupa panaratas mah. Untungna téh, ngeunaan buku bacaan jeung karajinan tangan pikeun wanoja mah bisa diungkulan ku kamampuh ibu Lasmi ku anjeun. Buku-buku bacaan mah ngagunakeun buku-buku karangan atawa salinan karyana sorangan jeung nu jadi ramana. Di Sakola Kautaman Istri, diajarkeun rupa-rupa kabinékasan anu aya patula-patalina sareng kahirupan rumah tangga, kaya-kayaning : masak; ngarapihkeun pakéan; ngumbah; nyeuseuh; jeung ngaput pakéan. Tujuanna, sangkan isuk jaganing geto mangsa mangkat dewasa tiasa ngabahagiakeun salaki jeung anak, oge bisa ngagawean sorangan naon bae anu aya hubunganna sareng rumah tangga. Karajinan tanganna, diantarana :
1.    Dangdaunan dikeueum dina leutak meunang sababaraha poé, dimangpaatkeun seratna, teras diwarnaan dijadikeun hiasan (ornamént);
2.    Ganas –boh ganas biasa atawa ganas peutas- seratna bisa diwarnaan dijieun mangrupa barang-barang;
3.    Guntingan-guntingan kaén sésa kaputan, disusun; diatur; jeung dikaput nepi ka ngawujud jadi taplak méja, tilam diuk, jeung simbut;
4.    Dina hal ngarajut, ngabordél, ngabatik, jeung nyulam, mangrupa pagawéan anu ilahar pikeun Lasminingrat mah.
Sawadina dipikaweruh, yén sanggeus “Vereeniging Istri Schoolen” diaku jeung disahkeun ku pamaréntah mangsa harita, kalawan Akte No. 12 tanggal 12 Pébruari 1913, muncul sakola-sakola Kautamaan Istri di sawatara kabupatén di Jawa Barat, saperti : Bandung; Tasikmalaya; Cianjur; Sukabumi; Cicurug; Purwakarta; jeung Rangkasbitung. Di Garut jadi nambahan 2 sakola, terus dina taun 1934 ngadeg deui di distrik Tarogong/Kota Wetan Garut; Cikajang; jeung Bayongbong.
Taun disahkeunana Sakola Kaoetamaan Istri téh dina taun 1913, méh bareng jeung mimiti ngadegna sakola Kartini di Bogor –sanggeus ngadegna Kartini Fonds, nya éta hiji organisasi nu diadegkeun ku urang Walanda.
Raden Ajoe Lasminingrat (calik nganggo acuk hideung) sareng RAA Wiratanoedatar VIII (ngadeg paling tengen)
Saparantos carogéna pangsiun tina kalungguhan Bupati Garut –digentos ku RAA Suria Kartalegawa- ibu Lasmi ngalih ti pendopo ka bumi di Regensweg/Jalan Siliwangi. Bumi anu dicalikan ku ibu Lasmi, kiwari janten Yogya Department Store. Dugi ka yuswa 80, anjeunna masih aktip di dunya atikan –sanaos henteu sacara langsung. Waktu jaman Jepang, Sakola Kautamaan Istri gentos nami janten Sekolah Rakyat (SR) jeung ngawitan nampi murid lalaki. Taun 1950, SR gentos nami janten Sekolah Dasar Negeri Ranggalawe 1 jeung Sekolah Dasar Negeri Ranggalawe 4 -sapagodos sareng ngaran tempatna di Jalan Ranggalawe- anu dikokolakeun ku Dinas Pendidikan dan Kebudayaan Daerah Tingkat II Kabupaten Garut. Taun 1990 gentos deui janten SDN Regol VII jeung SDN Regol X, dupi tempatna mah angger di leresan Jalan Ranggalawe nyambung jeung belokan anu ka Jalan Kiansantang Kecamatan Regol Kabupaten Garut.
Pikeun panghargaan kana yasa-yasa nu kungsi disumbangkeun pikeun kapentingan masarakat, ibu Lasmi ku Pamaréntah Hindia Walanda dibéré anugrah Bintang Emas jeung bantuan tetep unggal bulan 160 gulden.
Mangsa perang kamerdékaan taun 1946, ibu Lasmi kungsi ngungsi ka Waaspojok. Tetep  renggenek didinya dina waktos sababaraha lamina, dugika anjeunna teu damang wales.
Ibu Lasmi mulih ka jati mulang ka asal, ping 10 April 1948 di Garut dina yuswa 105 taun. Saméméh tilar dunya, ibu Lasmi ngawakafkeun tanah warisan ramana –nu ayeuna jadi Alun-alun; Babancong; jeung Masjid Agung Garut.
Mugia Alloh SWT nampi kana sagala amal saé anjeunna, sareng maparin ganjaran anu satimpal ka anjeunna –Radén Ayu Lasminingrat.
Amiiiiin…






Kana Kakiranganana, hapunten nu kasuhun.

Senin, 14 Mei 2012

Mooi Garoet




Moal aya nu kiwari mun euweuh nu bihari” kitu kira-kira cek babasan mah, moal aya anu ayeuna mun euweuh nu baheula. Mooi Garoet (Garut Éndah)

Nyoréang Alam Ka Tukang
Dumasar kana kawijaksanaan Raffles anu ngaluarkeun putusan 16 Pebruari 1813 yén Kabupatén Limbangan diadegkeun deui, nu jadi bupatina Radén Tumenggung Adiwijaya (Abdul) –asalna mah jadi bupati Parakanmuncang. Puseur dayeuhna Suci. Distrik anu asup ka wewengkon Kabupaten Limbangan : Wanakerta; Wanaraja; Suci; jeung Panémbong. Sedengkeun Distrik Limbangan diasupkeun ka kabupatén Bandung jeung ganti ngaran jadi Balubur Limbangan. Rd. Adipati Adiwijaya (tedak ménak Sumedang; putrana Pangéran Kornél) maksakeun néangan deui tempat anu leuwih merenah. Panitia pikeun néangan tempat téh manggihan tempat di daérah Cimurah anu padatarana lega ngan hanjakal hésé cai (lembur Pidayeuheun), tuluy néangan ka kuloneun Suci manggihan padataran lega tur pamandangana éndah dipager ku gunung-gunung.
Wewengkon anu engkéna dingaranan Garut, ngabogaan pamandangan anu éndah dikuriling ku gunung-gunung : Gunung Srimanganti (Cikuray); Gunung Kutu (Guntur); Gunung Papandayan; Gunung Talagabodas: jeung Gunung Cakrabuana.
Gunung Papandayan bitu rongkah ping 11 – 12 Agustus 1771 anu ngalantarankeun ancurna sabagéan awak gunung nepi ka ngabentuk kawah tapal kuda. Aktif deui ping 11 Maret 1923 jeung 9 Maret 1925, waktu kawah Papandayan (kawah Emas) ngagolak. Sanggeus istirahat panjang, gunung Papandayan bitu deui 11 November 2002.
Dina taun 1800 nepi ka 1847, gunung Guntur kungsi bitu 21 kali. Ti mimiti taun 1847 éta gunung Guntur geus teu bitu deui, kaayaan kitu téh ngabalukarkeun perkembangan kota Garut jadi ngaronjat –utamana dina wisata. Kusabab kahirupan wisata beuki mekar, ieu kota nampa landian Mooi Garoet (Garut Éndah) –buku wisata The Garoet Express and Tourist 1922 : “Garoet the Hill Town of the Future”.
Ku urang Éropa, Garut kawentar jadi kota pelancong anu nawarkeun kaéndahan alam nu béda jeung kota wisata lainna. Énsiklopedia Hindia Walanda taun 1917, nyebutkeun : Garut sebagai salah satu tempat yang terindah di Jawa dengan iklim nyaman dan lingkungan yang sangat digemari oleh orang-orang Batavia (Jakarta).
ti kiwa ka tengen : Chaplin jeung Mary Pickford, Chaplin mun keur manggung, Chaplin jeung Paulette Goddard
Charlie Chaplin –béntang komedian Hollywood Amerika Serikat, geus 2 kali liburan ka Garut mangsa taun 1927 jeung 1935. Stasion Cibatu Garut, jadi sajarah kadatangan béntang anu kawentar ku kumis anu ngan sauted. Munggaran datang dibaturan ku Mary Pickford –artis Kanada anu meunang Piala Oscar, nu kadua kali na mah jeung geureuhana kuanjeun Paulette Goddard –dina kadatangan anu mindo ieu, Charlie Chaplin méré jujuluk ka Kota Garut “Switzerland van Java”. 
PM Georges Clemenceau




Lain ku bentang Hollywood wungkul, stasion Cibatu Garut pernah katincakna téh. Georges Clemenceau –Perdana Menteri Perancis- ogé kungsi ka Garut dina taun 1920-an. 






Gubjen Dirk Fock waktos di Hotel Ngamplang sareng lalayaran di Situ Bagendit.
Ti kawit persiapan kanggo nyambut kasumpingan Dirk Fock, dugi ka anjeunna ngarongheap ka Garut
Seremonial (Upacara Penyambutan) kasumpingan Dirk Fock di Garut
Inohong Walanda ngiringkeun Dirk Fock, teu kantun ku pintonan adu domba has Garut
Bilih Dirk Fock hoyong amengan ngitung lembur milangan kori, teu hariwang da tos disayogikeun alat transportasi kuda.
Gubernur Jendral Dirk Fock nuju curak-curak sukan-sukan di Bagendit Banyuresmi Garut.
Teu kantun Gubernur Jendral Hindia Walanda Dirk Fock, ngersakeun sumping ka Garut dina ping 18 dugi 20 September 1921.

Princes Astrid & King Leopold III





Kitu deui Raja Leopold III ti Belgia sareng garwana Putri Astrid, datang ka Garut dina taun 1928. 






Renate Muller (palih kiwa), Hans Albers (palih tengen)
Inohong lainna nu datang ka Garut, nyaeta : Renate Muller  jeung Hans Albers –dua-duana panyanyi ti Jerman. 




Pakubuwono X sareng bojo (poto kiwa), PB X di tengah diapit ku Bupati Garut RAA Soeria Kartalegawa caket tihang kiwa (poto tengah), Pakubuwono X (poto tengen)
Susuhunan Pakubuwono X ti Surakarta oge kantos sumping ka Garut taun 1936 sareng nginep di Hotel Papandayan. Teu kantun dina taun 1946, kareta luar biasa Presiden Soekarno miwah Wakil Presiden Mohammad Hatta oge transit heula di stasion Cibatu mangsa nganteurkeun aranjeunna ka Garut –direncangan ku ibu Fatmawati Soekarno sareng ibu Rachmi Hatta.
Malihan Ratu Walanda –Wilhelmina- ogé, apanan gaduh peristirahatan khusus di wewengkon Palalangon Lélés Garut.
Hotel Ngamplang ti payun (poto luhur), ti pengker (poto handap)








Unggal poé di stasion Cibatu, diparkir losinan limousine jeung taksi milik hotél-hotél di Garut. Diantarana baé : Hotél Papandayan, Villa Dolce, Hotél Belvedere, Hotél Van Hengel, Hotél Bagendit, Villa Pauline, jeung Hotél Grand Ngamplang.







Cipanas Tarogong




Taun 1927 Bupati Garut RAA Suria Kartalegawa, ngaresmikeun pamandian cai panas di Cipanas Tarogong. Pamandian Cipanas Garut tug ka kiwari pada ngadeugdeug ku balaréa lantaran dipercaya bisa nyageurkeun sanéskanten panyakit kulit.






Tuan Walanda keur ngaroris perkebunan.
Lian ti éta, Garut ogé kasohor jadi kota perkebunan –utamana : entéh; karét; jeung kina. Perkebunan anu dikokolakeun ku para pangusaha swasta Walanda lolobana di wewengkon : Giriawas; Cisaruni; Cikajang; Papandayan; jeung Darajat.
Tangkal entéh (camellia sinensis) asalna ti Tiongkok, Cina. Mimiti asup ka nusantara taun 1648 (1684?) mangrupa siki entéh ti Jepang anu dibawa ku Andreas Cleyer urang Jerman –dipelak jadi tanaman hias di wewengkon Tijgersgracht (elite) Batavia. Taun 1694 perdu entéh ngora ti Cina, mekar di Taman Istana Gubernur Jendral Champhuys di Batavia. Taun 1728 Vereenigde Oost-indische Compagnie (VOC) mawa siki entéh jeung buruh Cina ka pulo Jawa. Taun 1824 entéh dipelak di Sland Plantentium te Buitenzorg (Kebun Raya Bogor) anu satuluyna taun 1826 dikembangkeun di sabudeureun Buitenzorg (Bogor). Taun 1827 entéh dipelak di Garut-afdeling Limbangan, saterusna dina taun 1829 dikembangkeun di Cisurupan (Garut) jeung Wanayasa (Purwakarta). Entéh ti pulo Jawa mimiti diiangkeun jeung ka tarima di Amsterdam dina taun 1835. Mekarna perkembangan entéh di tatar Sunda, teu leupas tina peran The Jonkers van Preanger nyaeta para “Pangeran Enteh Priangan” atawa “Preanger Planter” ti kawit taun 1840-an. Para pangusaha entéh asal Walanda éta, nya éta : Guillaume Louis Jacques van der Hucht di Parakan Salak Sukabumi (1844); jeung Karel Frederick Holle di Perkebunan Waspada Garut (1865). Tumuwuhna perkebunan entéh di pulo Jawa, beuki tambah mekar waktu taun 1877 dikenalkeun jenis entéh Assam ti India jeung Ceylon (Srilanka) anu dipelak ku R.E. Kerkhoven di Kebon Gambung Jawa Barat. Asupna entéh Assam, lila-lila ngaganti entéh Cina –komo sanggeus dikenalkeun di Bumi Parahyangan ku urang Walanda mah.
Keur wewengkon Garut, Pamaréntah Walanda méré kahormatan ka KF Holle kana yasa-yasana ku jalan nyieun patungna di alun-alun jeung ngajadikeun ngaran jalan di Garut –Jalan Holle/Mandalagiri.
Tukang ngasaan enteh di Waspada Cikajang
Ngaramu campuran entéh nu nikmat, henteu bisa sagawayah jeung lain pagawéan anu gampang. Kulantaran hasil entéh keur iangkeuneun ka Éropa, atuh méméh diiangkeun téh kudu diasaan heula ku urang Eropa. Tiap-tiap perkebunan entéh di Garut, ngabogaan tukang ngasaan ti bangsa Eropa.
Biasana si bulé nyicikeun ci entéh tina téko kana cangkir terus diasaan, ci entéh nu geus diasaan diutahkeun deui kana cangkir. Keur nganétralkeun deui biwir atawa létah tina rasa entéh anu bieu diasaan, si bulé kudu udud. Geus kitu kakara si bulé ngasaan deui entéh-entéh nu lainna saperti tadi.
Para pagawe di perkebunan karet Bunisari-Lendra Cisompet Garut, onderneming van Pirelli taun 1925

Dalem Bintang
Walungan Cimanuk, paranti Dalem Bintang munday.

Disagédéngeun pamandangan alamna nu éndah, Garut ogé nawarkeun wisata moro binatang,  ka palancongna. Dugi ka taun 1920, di sabudeureun Garut masih kénéh loba binatang buruan kaya-kayaning : macan coréléng; macan kumbang; badak; bagong; anjing leuweung; japati liar; uncal; tug nepi ka buaya. Promosi ngeunaan hewan buruan di Garut, loba dipublikasikeun ku The Garoet Express and Tourist Guide Geillustreerd Weekblad edisi 2 Februari 1923.



Moro maung di Garut taun 1920
Moro binatang téh ti mangkuk Dalem Bintang (RAA Wiratanudatar VIII) kénéh ogé geus dilakonan, malahan kagiatan anjeunna diantarana :
1.    Di basisir kidul aya leuweung larangan (moal salah, leuweung Sancang téa) paranti Dalem bubujeng uncal jeung bagong. Tara kurang ti 2 uncal, biasana mah dibagikeun ka paburu-paburuna.
2.    Aya Cimanuk larangan paranti Dalem munday, heurapna damelan Dalem kuanjeun. Beunteur; lélé; bogo; beureum panon; jeung jongjolang anu dialana.
3.    Pasir Tujuhpuluh di wewengkon Cikajang sok dipaké bubujeng uncal ku Dalem bari nganggo panganggo beureum, kaos panjang, bedil jeung landepan anu tungtungna inten.
4.    Kuda Dalem leuwih ti 40, mun ngadu kuda aya kana 5 atawa 7 kuda anu dibalapkeun. Raména iring-iringan; angklung jeung badud, upama kuda Dalem meunang.
Mun lebaran, ti suklakna ti siklukna urang padésaan kumpul di alun-alun. Pukul 5 Subuh, Dalem angkat ka masjid dipapag ku haji-haji. Waktu mulihna, mariem diseunget, gamelan ditabeuh, istri-istri priyayi marunjungan. Tidinya, Dalem gentos panganggo, pukul 9 tunggang karéta ka kaasisténan nyarioskeun hal lebaran, pukul 11 beurang résépsi di kabupaten.
Di alun-alun salawasna aya raraméan ngadukeun maung jeung munding, kolong babancong disarigsig beusi paranti nunda maung mun rék diadukeun.
Ngadu domba di alun-alun Garut.

Ngadu domba jeung ngadu bagong mah geus teu kacaturkeun (matak nepi kaayeuna, domba Garut mah sohor minangka domba aduan).
Ti peuting diayakeun nayuban nepi ka jam 8 beurang.
Katompérnakeun, Dalem meunang 7 taun teu damang. Kungsi damang deui lantaran mindeng ngebak di laut (singhoreng cai laut kidul tiasa janten landong nyéhatkeun awak).
Waktu pagebug koléra di basisir Kidul (Desember 1909), beurang peuting Dalem tunggang karéta atawa kuda ngawurukan rahayat anu rék kalabur kajauhna –sangkan ulah tulus kaburna. Kana yasana dina ngaheuyeuk dayeuh ngolah nagara, pamaréntah Hindia Walanda ngalangkungan gupernemen, maparin nugraha Bintang Officier in de Orde van Oranje Nassau jeung Bintang Emas. Ku kituna, bupati Garut RAA Wiratanudatar VIII nelah Dalem Bintang.

Wisata Kuliner
Malahan kanggo urusan kadaharan atawa “wisata kuliner” pikeun ngogo wisatawan anu datang ka Garut, The Garoet Express and Tourist Giude Geillustreerd Weekblad nyantumkeun kosa-kata jeung kalimat-kalimat paréntah praktis ngeunaan kuliner dina basa Inggris; Walanda; katut basa Malayu anu bisa digunakeun ku wisatawan.
Ieu contona :
Boy bring me a Menu, a winelist, icewater, sodawater, whiskey and soda’ (Inggris)
Jongen breng een menu, wijnlist, ijswater, sodawater whisky soda’ (Belanda)
Djongos kassi kartoe makan, kartoe minoeman, aijer ijs, aijer blanda’ (Melayu)
Hurry up fetch ice’ (Inggris)
Haas[t] je haal ijs’ (Belanda)
Lekas ambil ijs (aijer batoe)’ (Melayu)
Atanapi  kosa kata anu aya patalina jeung aktivitas kuliner, peralatan, katut menu seperti:
To boil (Inggris); ko[o]ken (Belanda); masak (Melayu)
To drink (Inggris); drinken (Belanda); minoem (Melayu)
To eat (Inggris); eten (Belanda); makan (Melayu)
To fry (Inggris); bakken/braden (Belanda); goreng (Melayu)
To mix (Inggris); mengen (Belanda); tjampoer (Melayu)
Clean plate (Inggris); schoon bord (Belanda); piring bresi (Melayu)
A knife (Inggris); mes (Belanda); piso (Melayu)
Cold water (Inggris); koud water (Belanda); aijer dingin (Melayu)
Soft boilled eggs (Inggris); zacht gekookte eieren (Belanda); telor stengah mateng (Melayu)
Hard boilled eggs (Inggris); harde eieren (Belanda); telor kras (Melayu)
Bacon and eggs (Inggris); spek met eieren (Belanda); mata sampi sama sepek (Melayu)
Ngantos si Gombar di halteu Cinunuk Wanaraja
Mangsa 1920 nepi ka 1940, pangwangunan kota Garut beuki pesat. Saniskara fasilitas kota mimiti diwangun, saperti : stasion karéta api; kantor pos; apoték; sakola; hotel; oge pertokoan anu dikawasa ku urang Cina, Eropa, Jepang, jeung urang India.
Jaringan karéta api mimiti efektif di pulo Jawa dina ping 1 Oktober 1927, tapi éta ogé masih terbatas rute-na :
o  Batavia (Jakarta) – Buitenzorg (Bogor), 4 kali sapoé.
o  Batavia – Bandung, 4 kali sapoé.
o  Batavia – Garut, 2 kali sapoé.
o  Batavia – Yogyakarta, sakali sapoé.
o  Batavia – Semarang (via Cirebon), sakali sapoé.
Rute ka Garut leuwih remen, ngéléhkeun ka Yogyakarta jeung ka Semarang.
Lian ti éta, The Garoet Express and Tourist Giude Geillustreerd Weekblad nawarkeun paket tour maké taksi borongan :
o  2 days tour to Bandung.
o  3 days tour to Garut.
o  6 days tour to Yogyakarta.
o  10 days tour to Surabaya.


Halteu Lebakjero Garut.
Ti mangsa Walanda kénéh, geus loba model jasa anu disadiakeun ku badan/organisasi pariwisata swasta keur ngembangkeun wisata daérah, saperti :
- Tourist Association Garoet, didirikeun taun 1923
- Tourist Association Magelang, didirikeun taun 1926
- Bandung Vooruit, didirikeun taun 1926
Kagiatan tour di Jawa jeung Sumatera, ti taun 1927 dikokolakeun ku LisLind (Lissone Lindeman)




Poto-poto Panineungan
Kiwa ka tengen, calik : Bupati Sukapura RT Wiratanoeningrat; Bupati Garut RAA Wiratanoedatar VIII; Bupati Sumedang AA Koesoemadilaga; Bupati Bandung RAA Martanagara; Bupati Cianjur RD Nata Koesoemah. Taun 1912.
Bupati Garut RAA Soeria Kartalegawa (calik), Pertemuan Bupati Priangan 1920. Diluuhan ku perwakilan Pamarentah Hindia Walanda.
Garut sok dianggo tempat ngariungna (pertemuan) Bupati-bupati sa Priangan.


Bupati Garut RAA Soeria Kartalegawa (acuk bodas, palih tengen) nuju ngengklak najoeban.




Kasenian Tayuban di Garut sok ditanggap ku para gegeden /priyayi.
Wanoja anu keur ngabatik (palih kiwa), sareng anu keur icalan batik (palih tengen)
Batik Garutan, parantos kaconcara kamana-mana.Sanes mung ku kaum pribumi wungkul dianggona, dalah urang Walanda oge katajieun dugi ka hoyong nganggo kanggo anggeeun sadidinten.
Sarung jeung kabaya batik diaranggo ku urang Walanda
Lucu tur anggun upami ningal nonie Walanda nganggo batik.
Kanggo kabeuratan (buang air besar), geus henteu nganggo sistim Dolbon (modol di kebon) deui.
Pacilingan kanggo kabeuratan
Imah bilik
Wangunan imah tina bilik, ciri has mangsa harita.
Stasiun kareta di Garut, gigireun Kodim 0611 Garut.
Hotel Papandayan kari waasna, nu tinggal kantun nami jalanna : Jalan Papandayan.
Hotel Papandayan Garut, ti luar jeung ti jero rohangannana.
Stasiun kareta api Garut, lawang para palancong pikeun anjog ka kota Garut. Lokasina strategis pisan, bisa langsung reureuh di Villa Dolce atanapi di Hotel Papandayan. Malihan upami hoyong langsung ngeueum di Cipanas, kantun jung da teu patos jauh ti stasiun.

Keur ninun (poto luhur), Pabrik Tenun Garut (poto handap)









Ninun kaen tug nepi ka aya pabrikna.













Suasana Situ Bagendit taun 1920-an, sareng anu keur nyieun garabah (tembikar) di Cibuyutan Bagendit.
Situ Cangkuang Leles, di tengahna aya gundukan Kampung Pulo.
Situ Cangkuang Leles jeung Kampung Pulo.
Situ Bagendit di Banyuresmi, dipika reueus ku urang Garut. Urang Eropa oge -utamina Walanda, seueur anu ngadeugdeug ngahajakeun lalayaran atanapi ngadon niis di ieu situ. Teu kantun, Situ Cangkuang di Leles Garut. Ngirut ka balarea ku candi jeung Kampung Pulo-na.

Wangunan Hotel Ngamplang (poto luhur), pamandangan di palataran hotel (poto handap)
Hotel Ngamplang Cilawu Garut jeung palataranna.
Panorama Hotel Ngamplang ti luar (poto luhur), panorama ti rohangan bilyar hotel (poto handap)
Hotel sareng Villa, angcoeun para palancong anu hoyong ngawengi di Garut. Atuda mapay-mapay tempat wisata di Garut mah, moal cekap ku sadinten-dua dinten. Matak pikabetaheun.
Hotel Cisurupan
Villa Dolce, kiwari mah janten wangunan Islamic Centre.
Villa Dolce di taun 1920-an.
Hotel Cipanas Tarogong Garut, dipasieup ku Gunung Guntur.
 Wisata alam Gunung Papandayan, teu kalangkung pada ngadareugdeug ku para palancong.
Alun-alun Cisurupan sok dianggo reureuh heula ku para palancong anu bade naek atanapi lungsur ti Gunung Papandayan, ngala napas heula.
Ti Maktal sanggeus ngalangkungan sasak anu ka rumah sakit, bakal anjog jeung Lapang Paris.
Mun nagri Perancis ngagaduhan Paris, di Garut mah Paris teh ngaran lapang, nyaeta : Lapang Paris.
Ka Cipanas Tarogong Garut, tumpak keretek dipapaes ku Gunung Guntur.
Jalan ka Cipanas Tarogong Garut, najan leutik tapi resik.
Upami hoyong kokojayan dina cai panas, kantun amengan ka Cipanas Tarogong Garut. Tumpak keretek anu full angin gelebug, matak jararauh panineungan.
Talagabodas jeung paviliun-na.
Panorama Talagabodas, waraas pisan.
Tong hilap ka Talagabodas Wanaraja Garut, matak waas.


Suasana pamukiman di Garut, kagiatan pasar (poto handap paling tengen)
Kiwa-tengen : Jalan Talun sareng Jalan Karangpawitan (luhur). Jalan Ciledug sareng Pengkolan (handap).
Pamukiman; pasar; jalan; sareng pasilitas lain tambih ngaronjat. Ngigelan parobahan jaman. 

Di Pagaden/Pakgade, warga Garut tiasa nambut modal.
Kanggo nunjang ekonomi warga Garut, pamarentah ngadegkeun Pagadean.
Babancong; Pendopo; katut Tugu Holle di Alun-alun Garut.
Babancong anu jadi ikon kota Garut.

Bung Karno di Babancong Garut, 1962.








Mangsa Raden Gahara Widjaja Soeria (Bupati Garut ka-13), Presiden Soekarno taun 1962 biantara di babancong ngaanugrahkeun Garut jadi kota terbersih di Indonesia ku nyerahkeun mangrupa piagam logam –Piagam Adipura, mangsa kiwari mah. Sakaligus ngaanugrahkeun Garut jadi Kota Intanindah; tertib; nyaman.









Nanging satutas éta, pamor Garut nu kawentar kota wisata mimiti nyirorot turun. Ti kawit wewengkon nu dirancang ku Walanda keur jadi kota wisata jeung perkebunan, Garut ngised jadi saperti kota-kota lainna di Indonesia anu tumbuh tak terkendali. Tarékah keur malikkeun citra Garut minangka Swiss van Java ogé, lain pagawéan anu énténg.










Ku kakirangannana, hapunten anu kasuhun.

Mugia aya manpaatna.