… ujang anaking anu ku ema teu weleh
dipicangcam beurang-peuting, hampura ema, bageur. Salila ieu ema teu bisa
nyumponan kawajiban ngabayuan ujang nepi ka gede. Ema rumasa teu walakaya
nyanghareupan paitna kahirupan nepi ka ujang ngarasa katalangsara. Paralun
anaking, lain ema ngamomorekeun, estuning sangsara ku kaayaan. Kahayang mah
siga batur bisa nyenangkeun nu jadi anak. Tapi sanajan kitu, unggal renghap ema
teu petot-petot ngadu’akeun hidep sangkan pinanggih jeung kabagjaan. Alhamdulillah
gening, du’a ema teh diijabah.
Anaking hampura ema baheula salilana
ukur ngerakeun nepi ka hidep sok dipoyokan ku babaturan. Kitu deui basa ema ka
Bekasi, maksud mah hayang nyacapkeun kasono ka hidep, tapi kalah ukur
nyingsieunan budak.
Tapi aya hiji nu can kaburu dicaritakeun
ka hidep. Waktu hidep rek asup SD, kungsi labuh kana pager. Panon hidep kacolok
nepi ka teu bisa diubaran. Ema teu werat ngagedekeun hidep bari pecak sabeulah.
Minangka tarekahna, digantian ku panon ema kalayan diwaragadan ku guru-guru
tempat ema digawe. Bral kasep, sing nyorang kabagjaan lahir-batin dunya-aherat.
Ema rido lillahita’ala. Hidep geus teu boga dosa ti ema.
Salam sono ti indung nu kacida mikanyaah
ka hidep.
Bilih seueur kirangna, hapunten nu kasuhun.
Mung sakadar tamba kesel wungkul, he...he...he...
Bilih seueur kirangna, hapunten nu kasuhun.
Mung sakadar tamba kesel wungkul, he...he...he...
Tidak ada komentar:
Posting Komentar