Ka
hareup kudu ngala sajeujeuh, ka tukang ngala saléngkah. Ka kamari,
pulang-anting. Pagéto, remen longokan. Isukan, purug-anjangan.
Kaping 7 Novémber 2013, Mr. Koichiro
Matsuura –salaku Direktur Jenderal UNESCO
nandeskeun: UNESCO maparin pangajén ka sakabéh jenis wayang Indonesia, ku
ditetepkeunnana wayang salaku karya adiluhung –masterpiece budaya dunya, kalawan nyangking gelar: “Wayang Puppet Theatre Indonesia a
Masterpiece of the Oral and Intangible Heritage of Humanity”. Saméméhna,
ping 21 April 2004, di Paris Perancis lumangsung upacara penghargaan Wayang
Indonesia sebagai Karya Agung Budaya Dunia dipasrahkeun ku Koichiro Matsuura ka
Drs. Solichin –Ketua Umum SENAWANGI
(Sekretaris Nasional Pewayangan Indonesia).
Tangtu éta préstasi, lain sakadar datang
kitu baé atawa lir murag ti langit pingpitu. Tapi, ngaliwatan prosés anu kacida
beuratna tur merlukeun waktu –pikeun
panalungtikan anu kalintang lilana. Éta pangajén, marupi hiji panghormatan
anu ngajait harkat jeung martabat bangsa Indonesia –ngaliwatan seni tradisina di mata dunya internasional.
Ku ayana éta préstasi, masarakat
pawayangan Indonesia dipiharep ngabogaan itikad pikeun terus ngalestarikeun
jeung ngamotékarkeun wayang, sangkan leuwih dipikawanoh ku sapangeusi dunya.
Anu antukna, wayang lain saukur dipikaresep di Indonesia tapi bisa natrat
dipikaresep ogé di dunya internasional.
Pakem
jeung Tetekon
Kamotékaran wayang dina napsirkeun katradisian
ku dangdanan modern, teu saeutik bisa nimbulkeun kamandang anu beda-beda.
Utamana ku inohong pawayangan anu ngagugulung paham konvénsional anu nganggap yén tradisi téh nya éta: réalitas budaya
salaku warisan anu teu meunang dirobah atawa diisedkeun. Tempatna geus maneuh
dina aturan pakem jeung tetekon anu geus baku, sarta teu meunang digunasika.
Teu saeutik dalang-dalang konvénsional anu nyebutkeun pintonan
wayang kiwari, geus ngarumpak pakem jeung tetekon pawayangan. Mun ngarumpak
pakem jeung tetekon, éta téh bid’ah cenah –malah
aya anu nyebutkeun ‘murtad’ sagala. Bakat ku mupusti teuing kana pakem
jeung tetekon, tungtungna katangar jadi: migusti. Aturan ngawayang, jadi
disaruakeun jeung aturan agama. Anu ngarumpak, dianggap dosa. Padahal, pakem
jeung tetekon téh jijieunan seniman bihari –ari
seniman téh apanan manusa-manusa kénéh.
Tradisi anu ulukutek dina pakem jeung
tetekon –kalayan teu daék ngamotékarkeun
dirina, ku pajamanan kiwari mah tangtu baris nyanghareupan Batara
Yamadipati –dina harti: baris téréh punah.
Pakem téh titincakan, lain pager panyengker.
Ngeunaan mimiti ayana pakem dina wayang,
dicaritakeun ku MA Salmun dina buku anu judulna Padalangan –citakan taun 1942.
Dina éta buku, nétélakeun yén perlu ayana pakem téh sangkan anu ngalalakonkeun
wayang dimana-mana, kudu: sarua.
Ulah belang atawa tutung atahan, komo lamun nepi ka ngacaprak apruk-aprukan.
Nya taun 1584, Sultan Pajang ngadamel Pakem Wayang Purwa jeung Wayang Gedog.
Sakur anu ngadalang –anu ngawayang atawa
anu nganggit lalakon wayang, kudu nurutkeun éta pakem. Tah ti harita nepi
ka ayeuna, wayang téh teu pati dirobah deui ngan ukur disampurnakeun, saluyu
jeung pajamanan. Nyampurnakeun wayang, lain hartina ngarumpak pakem. Tapi,
nyampurnakeun tongtonan sangkan hégar –narik
ati nu lalajo. Sabab pungsi vérbal
tina wayang, nya éta: ‘jang dilalajoan jeung dibandungan’. Hégarna tongtonan
wayang, tangtuna ogé kudu dirojong ku rupa-rupa hal. Saperti: tina wangunan
wayangna; kaparigelan dalangna; genah gendinganana; merenah caritana; jeung
halimpu sindénna. Cindekna mah, tongtonan anu ngandung ajén tuntunan.
Pon kitu, dalang. Kudu ngawasa élmuning
padalangan, nya éta: antawacana –ngawasa
leunjeuran carita jeung penokohan; amadawalagu –ngawasa surupan jeung lagu; amardibasa –ngawasa basa; pramakawi –ngarti
kana basa Kawi; enges –ngawasa
bagbagan émosi; sabet –ngamaénkeun
wayang; jeung lacrekan –ngawirahma.
Jaman kiwari, harti tongtonan jeung
tuntunan téh kudu nyumponan tungtutan jaman –tina barobahna dinamika budaya. Naha sanggup –tatacara tradisional anu keukeuh peuteukeuh, ngungkulan lumpatna
jaman ?. Karakter manusa, apanan terus robah nuturkeun peradaban anu
diciptakeunana. Globalisasi, geus jadi kanyataan anu teu bisa dihalangan. Ruang
jeung waktu, taya watesna.
Minangka gambaran, akibat robahna jaman.
Taun 1988, di Pulo Jawa kurang leuwih aya 40 jenis pintonan wayang anu digolongkeun
nurutkeun: caritana; cara pentasna; jeung cara nyieunna. Kiwari, sapertiluna,
geus kubra –musna.
Asep Sunandar Sunarya |
Wanda
Anyar
Ti saprak wayangna bisa utah emih atawa
bencar huluna –taun 1980-an, ngaran
Asép Sunandar Sunarya jadi sohor. Wayang utah emih; bisa ngiceup; jeung
sajabana, harita ngageunjleungkeun jeung nimbulkeun kontrovérsi –antara pro jeung
kontra. Gaya wayang utah emih –anu
diciptakeun ku lanceukna suargi, nya éta: Adé Kosasih Sunarya, dianggap
ngarumpak pakem. Pajarkeun téh, ‘da
euweuh ti dituna wayang kudu utah emih mah’. Piraku dina dunya wayang, aya
kadaharan samodel emih –mun tutug oncom
mah, kaharti kénéh meureun. Tapi pan teu kitu, kréativitas mah teu bisa disungkeret jeung euweuh wates wangenna.
Ide Asép Sunandar Sunarya jeung lanceukna
pikeun ngaéksplorasi beungeut wayang
bébas pakem, jadi trend anyar anu populér
pisan –sakaligus mampuh ngoréjatkeun deui
wayang golék Sunda di pakalangan seni tradisi Indonesia. Padépokan Giri
Harja 3 anu dikokolakeunana –perenahna di
Kampung Jelekong Balééndah; Kabupaten Bandung, teu petot-petot didareugdeug
ku paradalang ngora jeung ku calon-calon dalang. Tingpuncunghulna dalang-dalang
ngora ogé saenyana teu lésot tina peran Asép Sunandar, minangka guru anu kudu
‘digugu jeung ditiru’ boh langsung boh henteu langsung. Aya opatan dalang ngora
anu dianggap jadi ‘pawaris’ gaya ngadalang Asép Sunandar Sunarya, nya éta:
Dadan Sunandar Sunarya –dalang Turunan;
Opik Sunandar Sunarya jeung Riswa Sunandar Sunarya –dalang Katurunan; sarta Rahmat Sunandar Sunarya –dalang Tuturunan. Éta dalang nu opatan téh
kawilang mibanda gaya komunikasi
ngadalang anu mandiri, tur kreatif
jeung inovatif deuih.
Kiwari di Jawa Barat, jigana anu boga
wayang golék téh ngan Asép Sunandar Sunarya wungkul. Ieu dalang geus ka celuk
ka awun-awun, ka koncara ka janapria. Sa-Indonesia, moal bireuk deui –ngaranna sabanding jeung dalang-dalang sohor
ti Jawa. Nepi ka di Sunda mah, asa euweuh deui lingkung seni wayang golék téh
iwal ti: Giri Harja 3. Padahal, kapan aya: Munggul Pawenang atawa Panca Komara
–anu cabang jeung aliranana, mencar nepi
ka lembur-lembur. Tah duka marana éta téh, beuki ka dieu asa teu kadéngé
ngajrékjrékna.
Taun 2006, Wayang Ajén –yasana Wawan Gunawan jeung Arthur S Nalan
jadi unggulan seni Kakufi –kayu, kulit,
fiber. Harita dipintonkeun dina even
internasional ‘For days Literatur Arts and Festival’ –Séptember 2006 di Kota Agios Nikolaos, Crete Yunani. Taun 2010,
UNESCO mere pangajen ka Wayang Ajen pikeun tampil dina Festival International BICHE (Bucheon World Intangible Cultural
Heritage Expo) di Kota Bucheon, Provinsi Gyeonggi, Korea Selatan, 28 September - 2
Oktober 2010. Laju, Wayang Golék Ajén geus hasil nyabet dua medali
emas dina ajang The 3rd
International Marionette Festival nu lumangsung 3 – 11 September 2012 di
Hanoi Vietnam, anu diiluan ku 16 pamilon ti mancanagara. Dua emas éta, keur
kategori: Dalang Terbaik –ku Wawan Gunawan; jeung Peserta Terbaik –ku Wayang Ajén. Wayang Ajén Parwa Pujangga ti Bekasi, mangrupa
jenis wayang golék pengembangan –utamana
dina ngaadumaniskeun idiom-idiom seni tradisi; kontémporér; jeung modern.
Ti taun 1998, Wayang Ajén geus mimiti ngabaladah konsép gelar: wayang ékspériméntal.
Anu jadi prinsipna, nya éta: dumasar kana pamikiran Shill –yén seni téh kudu dinamis, usik malikna nuturkeun kumaha lengkahna
jaman. Ku Wayang Ajén, satékah-polah ‘maca
tradisi, ku kacamata modern’ kalayan ngagunakeun konsép anu jelas. Wanda wayang golék anyar, kiwari
katambahan deui ku Tatan Sugandi anu keur ngulik: Wayang Dusun.
***
Sampurasun,
BalasHapusNyuhunkeun widina nun pikeun sim kuring nyandak sabagéan seratan salira. Sim kuring nuju nyanggi buku pikeun kagiatan sosial ngamumulé kasenian wayang golék. Kaleresan ngalaman kirang bahan kanggo buku kasebat.
Mangke si buku ieu pikeun anggoeun nyalira, sanés pikeun dikomersilkeun sacara massal.
Rampes...
HapusMangga, kang.