Cindekna,
boh ti jero boh ti mancanagara, masih kénéh loba anu teu eungeuheun yén
Sipatahoenan téh geus teu aya dikieuna. Teu nyarahoeun yén geus ditigas
ditunggel janggana tanggal 18 November 1987 ku Surat Keputusan Menteri
Penerangan RI Nomor 06/SK/Ditjen-PPG/K/1987.
Latar
tukang
Ngadegna Pagoejoeban Pasoendan dina
mangsa-mangsa harénghéngna ku pagerakan-pagerakan ra’yat jeung héabna politik
ti mimiti awal taun 1900-an, ngabalukarkeun pamaréntah Walanda mimiti
ngajalankeun kakerasan leuwih ti misti. Éta téh dibuktikeun ku mucunghulna
rupa-rupa larangan anu dilarapkeun ka sarupaning pergerakan ra’yat, malah
nambahan sababaraha pasal ancaman keur kaum pergerakan nu jadi eusi buku Hukum
Pidana. Henteu cukup ku sakitu, tapi ditambahan ku undang-undang anu ngawungkul
jadi ancaman kana hirupna pausahaan surat kabar, da surat kabar téh apanan
parabot anu kawilang penting pisan pikeun propaganda
pergerakan mah.
Situasi ieu ngagambarkeun kumaha kaayaan
marudahna bangsa Indonesia patali jeung héabna perang Turki jeung Italia;
perang Jepang jeung Rusia; ditéma deui ku révolusi
di Tiongkok jaman Kekbeng, jeung sajabana. Kabéh kajadian éta, ngalantarankeun
lilirna urang Indonesia. Kaayaan kitu téh karasaeun pisan ku penjajah Walanda
ogé, komo sanggeus pergerakan kabangsaan beuki “nangarkeun manéh”. Kaayaan
ra’yat Indonesia anu hayang macakal ngurus manéh, héabna téh beuki karasaeun ku
Walanda. Ditéma sanggeus kaum komunis ngayakeun pamogokan di sakuliah pulo Jawa
nu digerakkeun ku VSTP (Vereeniging van
Spoor en Tram Personeel), ngahudang amarah Walanda anu lain lumayan. Ku
kituna, henteu dianggap anéh –dina mangsa
harita réa pausahaan surat kabar anu kubra. Nu puguh mah, henteu aya
hiji-hiji acan deuih surat kabar anu diusahakeun ku bangsa sorangan. Aya ogé
pausahaan surat kabar asing, tapi teu bisa dipaké andelan ku pergerakan bangsa
Indonesia mah. Dina kaayaan sarupa kitu, Sipatahoenan terbitna téh.
Sipatahoenan
Nilik kana sajarahna, Paguyuban Pasundan
(PP) teu weléh daria tur pohara aktifna
medalkeun surat-surat kabar. Boh mangrupa harian; mingguan; atawa bulanan. Basa
mimiti ieu organisasi ngadeg –taun 1914
ogé geus medalkeun Papaés Nonoman,
ari rédakturna Daéng Kosasih Ardiwinata (Ketua Pagoejoeban Pasoendan
munggaran). Papaés Nonoman medal Oktober 1914, kumelendang nepi ka Fébruari
1915. Sanajan ukur hirup sataun tapi éta téh hiji bukti, kumaha gedéna
katineung jeung nuduhkeun butuhna organisasi ku mass media. Katurug-turug, DK Ardiwinata mah da puguh Rédaktur
Balai Pustaka.
Cingcirining butuhna ku mass media, harita téh PP cabang Bogor
ogé ngaluarkeun bulanan dina taun 1915, maké ngaran: Pasoendan. Sedengkeun PP cabang Meester Cornelis –Jatinegara ngalaman ogé nerbitkeun
bulanan, maké ngaran: Sora Pasoendan.
Sabudeureun taun 1920-an, Sora Pasoendan rédakturna ku R. Iskandar Brata.
Taun 1930-an, Pengoeroes Besar
Pagoejoeban Pasoendan ngaluarkeun Surat Kabar Bulanan maké ngaran: Pasoendan. Entragan harita, aya deui
surat kabar anu diterbitkeun lain ku PP, tapi mangrupa pendukung tina
cita-citana, nya éta: Surat Kabar Siliwangi,
dipingpin ku R. Éma Bratakusumah.
Sok sanajan PP geus boga rupa-rupa mass media, tapi teu weléh ngarasa
kakurangan. Dina Kongrés Pagoejoeban Pasoendan tanggal 25-26 Desember 1922 anu
diayakeun di hiji imah Jalan Balonggedé Bandung, ditungkulan ukur ku jelema
lilikuran baé –da puguh Pamaréntah Hindia
Walanda mangsa harita keur sakitu kerasna ka sakur pakumpulan bangsa Indonesia,
diputuskeun ngaluarkeun deui surat kabar ku modal munggaran 47,50 gulden. Nya
éta nunjuk jeung ngamodalan Surat Kabar Mingguan Sipatahoenan anu terbit ti tanggal 20 April 1923, dikokojoan ku
Ahmad Atmadja; Atmawinata; jeung Soetisna Sendjaja (Soet-sen) ti PP cabang
Tasikmalaya. Soet-sen minangka hoofd-redactuur
na, dibantu ku Soeria Diradja; Wira Sendjaja; Moh Amri; Kartawisastra alias PK;
jeung MA Salmoen. Surat kabar Sipatahoenan téh jadi milikna Paguyuban
Pasundan cabang Tasikmalaya, nya kitu deui tempatna ogé di Tasikmalaya. Ngaran
Sipatahoenan, nulad tina ngaran salah-sahiji leuwi di wewengkon Pakuan
Pajajaran baheula. Ceuk dongéng dina pustaka mangsa Pustaka Sunda anu
dikaluarkeun ku Java Institut, yén
Sipatahoenan téh nya éta leuwi nu dipaké nguji jajaténna Siliwangi keur
murangkalih kénéh saméméh mangku kaprabon di Pakuan Pajajaran. Usul
‘Sipatahoenan’ –anu jadi ngaran koran téa,
diasongkeun ku utusan Pagoejoeban Pasoendan cabang Surabaya (Jawa Wétan):
Bakrie Soeraatmadja. Diantara anu milu gempungan babadamian pikeun ngaluarkeun
éta surat kabar téh, nya éta: Kosasih Soerakoesoemah; Soekarja Prawiraamidjaja;
Kadmirah Karnadidjaja; jeung sajaba ti éta. Tataharna téh geus ti bulan Januari
kénéh, nu matak teu hélok upama loba nu nyeumpal keur modal –ma’lum harita téh, koran basa Sunda mah can
kungsi aya.
Di sagigireun jadi sorana Pasundan,
Sipatahoenan ogé tetep kudu ngawulaan umum. Atawa leuwih payus: sajeroning ngawulaan umum, tetep ulah lésot
tina ules Pasundan. Di luar dugaan, Sipatahoenan ditampa ku masarakat
leuwih tina nu dicileuk keur mimiti. Pibasaeunana mah meureun: medalna téh
ninggang di mustari. Ngan ukur popoéan, hutang téh lunas. Nu disebut hutang téh
nya éta, keur modal Sipatahoenan meunang nginjeum tina Schoolfonds Pasundan Tasikmalaya. Walhasil, méh baé modal dengkul.
Sipatahoenan
dikokolakeun ku “duet maut” Soetisna
Sendjaja di keredaksian jeung Ahmad
Atmadja di keadministrasian, bisa ogé
disebut “puncak pencapaian pers” di
Tasikmalaya saméméh kamerdékaan. Soet-sen –Soetisna
Sendjaja, éstuning wartawan sajati. Tokoh ieu saméméhna geus legok tapak genténg
kadék ngokolakeun Pasoendan, anu
ngarupakeun tuluyanana ti Papaes
Nonoman. Soet-sen mangsa harita, nyangking kalungguhan Sékrétaris 1 PB
Pagoejoeban Pasoendan. Anjeunna ngokolakeun Pasoendan ti wangkid nomer 1, taun
ka genep –diitung tina penerbitan Papaés Nonoman taun 1914. Salah-sahiji tulisan Soet-sen anu ngabogaan
ajen gedé salila ngokolakeun Pasoendan,
nya éta laporanna ngeunaan
diistrénna Bupati Bandung R.T. Wiranatakoesoema, 12 April 1920. Kulantaran Pasoendan terbit bulanan, atuh laporan
ieu karék terbit tanggal 5 Mei 1920. Gaya tulisanna anu “jenaka” tapi munel tur ngeusi, mungguh
matak kataji. Anjeunna ogé teu poho nurunkeun kalayan lengkep, biantarana
Wiranatakoesoema, saréngsé diistrénan jadi bupati. Laporan Soet-sen ieu bisa
disebut reportase anu lengkep
ngeunaan hiji kajadian anu paling bersejarah keur Kabupaten Bandung. Sipatahoenan
memang gumelar tina “tangan dingin”
Soet-sen. Untungna di Tasikmalaya anjeunna meunang partner setara, nya éta: Ahmad Atmadja.
Si Etjes
Pamariksaan ka Bung Karno, beritana pada muru. |
Dina tumuwuhna, Sipatahoenan téh
kaitung morontod. Sok sanajan loba langganan nu kaluar lantaran sieun ku
Pamarentah Hindia Walanda, tapi anu ngalanggan ogé ngaleut. Waktu
taun 1927, tina weekblad –mingguan téh ngangsrod jadi terbit
saminggu dua kali. Pamingpin rédaksina ku
Bakrie Soeraatmadja, dibélaan kaluar tina Pagawé
Negri anu geus dilakonan 12 taun lilana. Tempatna dipindahkeun ti Tasikmalaya
ka Bandung, di percétakan “Pengharepan” Oude Kerkhofweg –Jalan Banceuy.
Tuluy pindah deui ka Groote Postweg
–Jalan Asia Afrika. Ngan sataun
kaduana (1930), Sipatahoenan dironjatkeun jadi koran dagblad –harian lantaran langganan merul kajurung
ku hayang ngabandungan eusi pamariksaan Pangadilan Landraad Bandung ka para
pamingpin Partai Nasional Indonesia, nya éta: Ir. Soekarno; Rd. Gatot
Mangkoepradja; Maskoen; jeung Soepriadinata. Kajadian ieu, ngabalukarkeun
Sipatahoenan panggih deui jeung mangsa mustari. Lilana pamariksaan dina jero
kurang leuwih tilu bulan, dipaké mariksa kurang leuwih lima puluh kali. Kabéh
su’al jawab diantara anu mariksa jeung nu dipariksa, dimuat saujratna maké basa
Indonesia jeung sakalieun maké basa Walanda ogé. Nya ti harita, Sipatahoenan
meunang panglandih ku jujuluk: Si Étjés
–lantaran dina pemberitaanana salawasna
écés alias jéntré. Sanggeus tilu taun, PB Pagoejoeban Pasoendan ngadegkeun Gebouwen
Complex Sipatahoenan di Moskeeweg –Jalan
Dalem Kaum nomer 42. Ketua PP ngantor dilanté luhur wangunan éta,
sedengkeun percétakan “Pengharepan” di nomer 44 jeung
kantor pengurus pusat di nomer 46.
Kamajuan jeung sohor kaceluk kaawun-awun
kakocap kajanapria-na Sipatahoenan harita téh, lantaran:
1.
Medalna
mustari, ninggang di mangsa:
a.
Hiji-hijina
koran basa Sunda anu teu aya duana, katurug-turug masarakat harita mah leuwih
komunikatif maca koran dina basana sorangan, ma’lum basa Indonesia mah can pati
lumrah;
b.
Situasi
anu ngahudang kapanasaran saréréa, pangpangna ngeunaan para pajoang anu
sumedeng bitotama jeung penjajah. Dadaran dina Sipatahoenan téh, puguh baé pada
ngaberik.
2.
Leubeutna
oplaag
Lain baé ku
lantaran ngahudang kapanasaran kaum pribumi wungkul, tapi sabenerna mah kaum
penjajah ogé sok merlukeun maca. Sabab keur nga-antisipasi situasi téh sasat kaguar tina Sipatahoenan, lantaran
wani ngadadarkeun sagala rupaning kalicikan kaum penjajah.
3.
Langganan
ti luar negri
Lalampahan
Sipatahoenan téh jadi lampar ngalanglang jagat diparaké kampanyeu ku para mahasiswa anu tolabul ilmi di Éropa, sangkan Éropa
nyaraho kumaha réngkak paripolahna Walanda dina nancebkeun kukuna di Indonesia.
Sipatahoenan anu diterbitkeun ku PT
Pengharepan, ngalaman mangsa jaya ti taun 1923 tug nepi ka ngagayuh kana Jepang
asup ka Indonesia taun 1942, ti harita terbit deui dina taun 1948. Sanggeus vakum rada lila, diterbitkan deui
ngaliwatan PT Pengharepan Baru –baréto
mah can maké émbél-émbél: Baru, maké ngaran Sipatahunan dina tahun 1969 tug
nepi ka taun1980-an.
Nyirorot
Waktu Jepang asup ka Indonesia, teu
mangkuk lila sakabéh koran dikumpulkeun ku Jepang di Hotel Homan. Sipatahoenan
diwakilan ku H. Atje Bastaman; koran Sepakat diwakilan ku Ir. Ukar
Bratakusumah; koran Pamandangan ku Saerun; jeung koran Nicoreck Express ku Bratanata. Harita téh sasat dibé’at ku Jepang,
da cacak lamun teu nurut pinasti nyawa gagantina. Ti harita, Sipatahoenan katut
Koran-koran liana, teu meunang terbit ku Jepang. Minangka gantina, Jepang
ngabentuk team keur ngadegkeun koran Tjahaja anu dipupuhuan ku R. Otto
Iskandar Di Nata.
Nepi ka jaman Jepang, Sipatahoenan téh
geus ngarandeg ka tilu kalian. Nu munggaran, jaman Pemred –pemimpin redaksi Bakrie Soeraatmadja di breidel jero dua minggu ku Pamaréntah Hindia
Walanda. Nu kadua rintakanana di breidel
saminggu basa Pemredna ku Atje Bastaman. Sanajan kitu, nepi ka Otto Iskandar Di
Nata nancebkeun gugunungan téh ari Sipatahoenan mah dina kaayaan waluya –henteu paéh kakurusuk ku heureut pakeun.
Malah, ku jayana Sipatahoenan pangna bisa ngajengléng gedong dua tingkat di
Jalan Dalem Kaum ogé. Éta gedong anu diruat dina taun 1939, diluluguan ku Ir.
RH Muhammad Enoch. Masang batu cikalna dina tanggal 27 Februari 1939 meneran 8
Muharam 1358 Hijriyah, réngsé dina bulan Oktober 1939. Dina lahan 605 m2,
loténg kahiji 120 m2 jeung loténg kadua (dakterras) 120 m2. Waragadna –jumlah-jamléh kaabus jeung tanahna, méakkeun 30 rébu
gulden. Réngréngan anu ngalaksanakeunana ku Soetisna Sendjaja cs; sedengkeun nu
ngarancangna ku E. Adimihardja; ari Ir. Ukar jeung Ir. Entjon mah anu ngatur konstruksi-na.
Sakitu jugalana Sipatahoenan téh harita
mah, taun 1977 éta adegan gedong téh kaséréd ku pertokoan. Laju, dijual kana
pangaji Rp 180.000.000,00. Hasil tina ngajual, dibeulikeun kana gedong anu
kiwari di Jalan Sumatra nomer 41 Bandung (Rp 100.000.000,00). Sésana keur
nyieun SMP Pasundan 6 Bandung; ngaréhab gedong PB anu ayeuna dipaké ku Yayasan
Dikti Pasundan; ngarobah status tanah Jalan Sumatra –tina hak guna bangunan kana hak milik; meuli tanah di Lélés; ngurus
tanah Purwakarta; nambahan daya listrik; meubeler; jeung masang telepon
(kabéhanana kurang leuwih Rp 50.000.000,00-an). Ari keur nerbitkeun deui
Sipatahoenan, diancokeun Rp 30.000.000,00.
Saéstuna mah ti hiji satengah taun saméméh
kauger ku rarancang Tata Kota Kotamadya pikeun ngadegkeun pertokoan di éta
wewengkon, geus nyieun alternatif pikeun mindahkeun éta gedong ka nu leuwih
tumaninah. Sabada proposalna asak dibadamikeun, nya saréréa samiuk. Sababaraha
usul ngeunaan lokasi, datang ti: R. Iyos Wiriaatmadja (anu nuduhkeun Jalan Jawa
No. 1); R. Machdar Prawiradilaga (copna téh ka Jalan Dipati Ukur); sedengkeun
Jalan Sumatra 41 mah usul ti Adjam Sjamsoepradja. Hadirin nyaluyuan kana usul
anu pandeuri. Gedong Pengurus Besar Paguyuban Pasundan di Jalan Sumatra Nomer
41 Bandung –anu diadegkeun dina lahan
5.000 m pasagi téh lega pisan pakaranganana jeung wangunanana oge kawilang
badag –da puguh urut dokter kahot Dr.
Wisnu Yudo ti jaman jajahan Walanda. Sajeroning kitu, keur nitenan
panggunaan duit ladang ngajual gedong Jalan Dalem Kaum disérénkeun ka RS
Soeradiredja. Sapésér-sasén ogé, teu aya nu lésot tina pamoncongok anjeunna.
Ari anu dibéré pancén pikeun ilubiung milu nguruskeun téh: Méméd Erawan
(Sekum/Sekjen); Aténg Sopala (Bendahara); Wahyu Kartapranata (Wakil Sekum);
jeung sawatara urang deui anu masih kana réngréngan
pangurus Paguyuban Pasundan.
Duit ancoan keur nerbitkeun deui
Sipatahoenan téh, ahirna ukur tinggal Rp 18.000.000,00 deui lantaran kabancang
ku kaperluan-kaperluan séjén anu datangna pandeuri. Padahal, anu ancoan Rp
30.000.000,00 (waktu taun 1977) téh disaluyukeun jeung proposal nu rasional keur
tilu kalieun terbit. Atuh puguh baé, duit anu 18 juta dina seuhseuhana téh
nandangan halangan-harungan.
Sipatahoenan anu nepi ka taun 1972
ngalaman lima kali teu terbit, satuluyna ogé teu weléh
katurug-katutuh. Ahirna teu dipaksakeun terbit, bisi sawan kuya. Nu puguh mah,
nepi ka dicabutna SIT Sipatahoenan dina tanggal 18 November 1987 téh, nitih ka
genep kali kubrana éta koran téh.
Aya nu kudu dicatet dina sajarah
Sipatahoenan téh, nya éta andil anu pohara gedéna ti réngréngan Pangurus
Yayasan Jamparing. Toto Rahardjo (Ketua) jeung Dedy Suardi (Sékrétaris),
dibélaan ngubrakeun majalah tengah bulanan Gondéwa. MTB Gondéwa dirobah jadi
SKH Sipatahoenan, luyu jeung pernyataan anjeunna ka Menteri Penerangan RI Nomor
VIII/1977 tanggal 22 September 1977. Kasayagian ti pangurus Yayasan Jamparing
téh luyu jeung panggeuri ti Dirjen PPG Nomor 894/Ditjen-PPG/K/1977 tanggal 13
September 1977 sabada nampa pameredih ti pangurus Yayasan Sipatahoenan No.
008/Yasip/M/IX/1977 tanggal 1 September 1977. Ieu téh bongbolongan ti Mashuri –Menteri Penerangan RI harita, lantaran
lamun torojogan méré idin langsung mah mana teuing ngahudang pasirikan keur nu
sakitu pirang-pirang anu harayangeun gura-giru meunang SIT ti sakuliah
Indonesia. Katurug-turug, kasempetan keur ngaduum SIT anyar téh can dibuka
deui. Bari jeung Sipatahoenan téh apanan geus heubeul teuing teu terbit
(1972-1977), malah teu milu hérrégistrasi deuih jeung sumedeng paciweuh ku
Pemilu 1977 harita téh. Sanajan kitu, lantaran Sipatahoenan mah ditimbang ku
Departemen Penerangan kaitung koran kahot; nyorang tilu jaman; koran perjoangan
anu gedé jasana dina ngahontal kamerdékaan; panggodog pers di Jawa Barat; tur poténsial pisan keur ngamumulé budaya
daérah. Nya, bongbolong éta anu disogrogkeun téh. Kungsi anu rék dipaké alternatif téh, Mingguan Rikat milikna
Rikrik. Tapi kulantaran pangurus Yayasan Jamparing mah leuwih ditilaman ku dédikasi; solidaritas; tur temen tanpa pamrih, nya tungtungna mah anu
disodorkeun ka Departemen Penerangan téh anu ti Yayasan Jamparing. Wewenang
ngagunakeun ngaran Yayasan Jamparing téh geus dipulangkeun deui ka anu boga
hadasna –pangurus Yayasan, kalawan
pirang-pirang nuhun. Medalna deui ieu koran dina periode 1977-1987 téh dijurung
laku ku Drs.H.Méméd Érawan salaku Sékrétaris Umum (Sékjén) PB Paguyuban
Pasundan mangsa harita, jeung Ketua Umum R. Machdar Prawiradilaga. Ari Pangurus
Yayasan Sipatahoenan harita diketuaan ku R. Kendo Soekanda Bratamanggala; Wakil
Ketua Adjam Sjamsoepradja; jeung Sékrétarisna R. Djaka Soeryawan.
Ngahiang
Taun 1989 mangsa Menteri Penerangan RI
ku H. Harmoko, anjeunna meupeujeuhan pisan ka Gubernur Jawa Barat harita –HR. Yogie SM, sangkan ngajurung-laku éta
koran makalangan deui. Ketum PP Paguyuban Pasundan Prof.DR.Ir.H. Toyib
Hadiwidjaya, neundeun perhatian daria pisan. Tapi mangsa harita geus nyantek
kana kongrés, masalah Sipatahoenan disérénkeun ka pangurus periode anu bakal
datang (1990-1995).
Piwaragadeun nerbitkeun deui
Sipatahoenan mangsa harita (taun 1989-an), modal tilu tikel téh copelna kudu
aya samilyar-satengah mah. Éta téh can kakurung ku biaya percétakan. Puguh
alusna mah percétakan téh boga sorangan, sabab ari Sipatahunan mah koran harian
–paudag-udag pisan jeung dead line. Jeung
deui, dina mangsa globalisasi anu sagala rupaning kudu canggih, percétakan ogé
kudu répresentatif sangkan bisa
ngigelan jaman. Ari heug Paramount Graphics ngaliwatan suratna No.
063/Trade/MC/93 tanggal 10 Agustus 1993, nawarkeun sa-unit mesin Heidelberg
Harris type Mercury téh hargana $ 1,675,000 US (kurang leuwih Rp
3.350.000.000,00 éta ogé mun kurs $ 1 : Rp 2.000). Upama ngéngkén ngilu nyétak
di Pikiran Rakyat Grup, apanan nerbitkeun media cétak anu aya di lingkungan PR
Grup ogé kawalahan.
Keur jaman Sipatahunan diterbitkeun ku
PT Pengharepan, sasatna Sipatahoenan téh kasakuta ku tina laladangan nyitak ordér ti paluaran. Rochdi Partaatmadja
anu ngokolakeun éta percétakan ti saprak ngadeg ieu koran neruskeun hanca
ramana –Partaatmadja, kaitung legok
tapak genténg kadék. Memang, nasib Sipatahoenan mah
ninggang di “pangharepan” baé. Tapi da lain ngimpi, sabab saéstuna mah
Sipatahoenan téh bogaeun asset,
teusing muluntu kawas panyangka nu awam. Gedong Sipatahoenan anu kungsi
ngajengléng di Jalan Dalem Kaum Bandung, resmina jaman Walanda mah disebutna
téh: Sipatahoenan Gebouwencomplex.
Satuluyna katelah jadi Gedong Sipatahoenan, adegan di Jalan Dalem Kaum 42; 44;
jeung 46. Munara di hareupna anu dipaké naamboard
–plang/papan nama, diaksaraan
“Sipatahoenan” anu nangtung. Kapatri deui ku aksara “Sip” –wancahan tina Sipatahoenan, anu dipantekkeun di gigir beulah Wétan
jeung handapeunana. Ari plang PB jeung PT Pengharepan mah ukur dijieun tina
papan, ditapelkeun di kénca-katuhueunana.
Teu kitu gé ari Sipatahoenan mah kena
lara ora kena pati, mati ukur warugana da geuning teu ngajirim ogé teu burung
lir teu weléh kumelendang. Bubuhan, Sipatahoenan mah
asset nasional. Teu anéh upama
kalanggenganana téh lir durukan huut, teu weléh ngelun. Lantaran geuning nu
leungiteun ka Sipatahoenan téh lain baé balaréa anu loba kénéh micangcam, tapi
ogé pamaréntah. Sipatahoenan ahirna mah ngahiang, tapi mungguh saréat mah aya
bubat panjang-punjung kénéh.
***
Koran Sipatahoenan jadi jeger alatan neumbrag jéger. Di "tunggel jangga" ku jéger. Wayahna. Memang kitu nasib nu neumbrag mah. Sok tuluy jeger. Di "tunggel jangga".
BalasHapus