Jumat, 28 Februari 2014

Noong Bentang



Geus ti bihari –baheula, masarakat Indonesia niténan langit katut dalit jeung tradisi palintangan pikeun kapentingan: tatanén; nunjukkeun arah; nangtukeun waktu; jeung ritual kaagamaan. Ngaran-ngaran rasi béntang jeung sistim pananggalan, éta téh minangka bukti kagiatan palintangan bangsa Indonesia anu geus dilakonan ti béh ditu kénéh.

Observatorium Bosscha (Bosscha Sterrenwacht)
Awal abad ka-20, para astronom dunya mimiti sadar yén diantara béntang aya patula-patalina jeung ngabentuk sistim galaksi. Ngan hanjakal, keur naliti béntang di beulahan Bumi Kidul –Selatan acan aya nagara anu bogaeun teleskop –teleskop ukuran badag ngan aya di beulahan Bumi Kaler (Utara), utamana di Eropa jeung Amerika Utara. Ide ngawangun observatorium di Hindia Walanda, jolna ti insinyur-astronom wedalan Madiun, nya éta: Dr. Joan George Erardus Gijsbertus Voute. Tadina Voute naliti di Cape Observatory –Afrika Selatan, kulantaran pamaréntahna kurang ngadukung, antukna Voute balik deui ka Batavia. Sobat dalitna Voute, nya éta: Karel Albert Rudolf Bosschasi Raja Entéh Priangan jeung Rudolf Albert Kerkhoven, ngarojong kana pangajak Voute pikeun ngawangun observatorium.
Karel Albert Rudolf Bosscha
Pangwangunan Peneropongan Bintang Bosscha, dibaladah ku ngadegna Nederlandch Indische Sterrenkundige Vereeniging (NISV/Perhimpunan Ilmu Astronomi Hindia Belanda) anu dipupuhuan ku Karel Albert Rudolf Bosscha –tuan tanah di perkebunan entéh Malabar jeung Tanara anu nyanggupan pikeun nyadiakeun dana pangwangunan. Kaping 12 Séptémber 1920, rapat munggaran NISV di Hotel Homann Bandung. Sanggeusna survey, tempat nu cocog keur ngadegkeun observatorium téh nya éta di Lembang. Lahan anu legana genep hektar –meunang hibah ti kulawarga Ursone (pangusaha sapi perah Baroe Adjak), sarta luhurna 1.310 meter tina beungeut laut.
Taun 1922, mimiti pangwangunan konstruksi –keur ngawaskeun meuli instrumen observatorium, Voute jeung Bosscha méré mandat ka Observatorium Leiden. Tug nepi ka 1 Januari 1923, sabagéan geus réngsé –wangunan réngsé sagemblengna ngahontal waktu 5 taun: 1923 – 1928. Mitembeyanana diluuhan ku Gubernur Jenderal D. Fock kalayan direktur observatorium munggaran nya éta Dr. Joan George Erardus Gijsbertus Voute ku anjeun. Rancangan wangunan didesain ku Schoemaker –inyana ogé anu ngadesain: Villa Isola (IKIP/UPI Bandung); Hotel Preanger Bandung; jeung Societeit Concordia (Gedung Merdeka Bandung).
Kaping 10 Januari 1928, kakara datang teleskop dobel refraktor Zeiss (buatan pabrik optik kawentar Jérman: Carl Zeiss Jena) anu diaméterna 60 cm jeung panjang fokus 11 méter diturunkeun tina Kapal Kertosonobogana Rotterdamsche Llyod. Dua puluh tujuh peti badag –anu eusina 30 ton diakut ka Bandung ku pausahaan Kereta Api Negara (Staats Spoorwegen) kalayan haratis. Laju, ti Bandung ka Lembang diakut ku Batalyon Genie Angkatan Darat –ogé haratis. Biro Bangunan SS mancén tugas pikeun nyieun wangunan beton kubah jeung masang sagala instruménna.
Publikasi internasional Observatorium Bosscha anu munggaran, diémbarkeun dina taun 1933 –nanging teu lami, kapaksa dieureunkeun heula alatan perang dunya II.
Pangwangunan Kubah Zeiss, Voute (ngangkat topi) jeung Bosscha.
KAR Bosscha, diapit ku Voute jeung Ina (garwana Voute).
Peneropongan Bintang Bosscha jeung sabudeureunna, taun 1900-1930.
Wewengkon di sabudeureun Peneropongan Bintang Bosscha, taun 1900-1930.

Teleskop di Observatorium Bosscha
Refraktor Zeiss
Teleskop Dobel (ganda) Réfraktor Zéiss, teleskop anu ngagunakeun lénsa (réfraktor) diwengku ku dua teleskop utama jeung hiji teleskop pencari (finder). Digunakeun pikeun niténan astrométri kalayan akurat dina orde sapersapuluh detik busur keur panalungtikan orbit béntang ganda visual. Kagunaan séjéna, pikeun: nalungtik gerak béntang dina gugus béntang; ngukur paralaks béntang; sarta niténan citra detail komét; kawah Bulan; oposisi Planét Mars, Saturnus, jeung Jupiter –tepi ka kiwari, aya kira-kira sapuluh rébu data hasil paniténan béntang ganda visual.


Bamberg
Teleskop Réfraktor Bamberg, teleskop jenis lénsa (réfraktor) ieu digerakkeun maké sistim bandul gravitasi. Digunakeun pikeun ngukur fotométri samagaha béntang; niténan Bulan; jeung bintik Panonpoé –ieu teleskop gé remen digunakeun keur: pendidikan publik, noong citra kawah Bulan, citra béntang ganda visual, ogé citra planet.








Schmidt Bima Sakti
Teleskop Schmidt-Bima Sakti, teleskop anu ngabogaan sistim optik Schmidtsering disebat Kaméra Schmidt. Digunakeun pikeun kaperluan survéy langit –niténan objek langit tina panjang gelombang biru tepi ka inframérah dekat, jeung nalungtik struktur galaksi Bima Sakti.









Cassegrain, Goto.
Teleskop Goto, Jenis Réfléktor Cassegrain. Lénsa utamana, bentuk parabola, sedengkeun lénsa sekunderna, bentuk hiperbola. Teleskop ieu, bantuan ti Kementerian Luar Negeri Jepang ngaliwatan program ODA (Overseas Development Agency) taun 1989. Digunakeun pikeun ngukur kuat cahaya béntang jeung nalungtik spéktrum béntang.







Refraktor Unitron
Teleskop Réfraktor Unitron, digerakkeun maké sistim bandul gravitasi. Digunakeun pikeun motrét jeung niténan samagaha Bulan katut samagaha Panonpoé.







Teleskop Surya
Teleskop Surya, ngarupakeun teleskop Panonpoé anu diwengku ku tilu Teleskop Coronado, sumbangan ti opat lembaga: (1) Kementerian Pendidikan, Sains, dan Kebudayaan Belanda; (2) Leids Kerkhoven-Bosscha Fonds; (3) Departemen Pendidikan Nasional; jeung (4) Kementerian Negara Riset dan Teknologi. Digunakeun pikeun proyéksi citra Panonpoé.













Teleskop Radio 2,3m
Teleskop Radio 2,3m, nya éta instrumen radio jenis SRT (Small Radio Telescope) anu didesain ku Observatorium MIT-Haystack, tur dijieun ku Cassi Corporation. Digunakeun pikeun nalungtik hidrogén netral di galaksi Bima Sakti, ogé pikeun nalungtik obyek-obyek jauh –sapertos, ékstragalaksi jeung kuasar.














Kaping 26 November 1928, KAR Bosscha tilar dunya. Alatan yasa-yasana, éta observatorium anu munggaran di Bumi Beulah Kidul téh dingaranan: Observatorium Bosscha.
Ieu observatorium, ping 17 Oktober 1951 ku NISV dipasrahkeun ka pamaréntah Indonesia –kiwari, keur pengelola tur fasilitatorna dipasrahkeun ka ITB. Salian ti lembaga panalungtikan, Observatorium Bosscha gé jadi sarana pendidikan formal astronomi di Indonesia tur ngagumelarkeun astronom-astronom Indonesia. Sering didongdon ku pelajar sarta warga umumna. Salaku bagéan ti Fakultas MIPA-ITB, Observatorium Bosscha ogé ngalayanan pangabutuh keur pendidikan sarjana jeung pascasarjana ITB –hususna Program Studi Astronomi FMIPA-ITB. Taun 2004, ku pamaréntah dinyatakeun sabagé Benda Cagar Budayadilindungi UU Nomor 2/1992 tentang Benda Cagar Budaya. Laju, dina taun 2008 ku pamaréntah ditetepkeun: sebagai salah satu Objek Vital Nasional yang harus diamankan. Hasil-hasil panalungtikan jeung kontribusina Observatorium Bosscha kana kamekaran astronomi dunya, mungguh diajénan pisan ku International Astronomical Union (IAU).



***

Tidak ada komentar:

Posting Komentar