Haji
Hasan Mustapa sering dilandi “Haji Mahiwal”, kumargi “dituding” ngagem mazhab
wahdatul wujud. Kitu deui dianggap Haji Mahiwal, lantaran sabagé ulama, ngaéksprésikeun
pamikiran tur renunganna dina ajaran Islam téh bet ngagunakeun dangding jeung
guguritan. Panginten mangsa harita mah rada anéh, upami aya ulama anu osok
hahaleuangan téh. Katambih-tambih eusining dangding jeung guguritan-na,
dianggap rada “sari-sari” mistis. Pédah ngaguar tasawuf anu leuwih jero. Atuh
landian Haji Mahiwal téh, kumplit pisan ditujulkeun ka anjeunna.
Kapala
Panghulu Acéh jeung Bandung
Hasan Mustapa dibabarkeun di Kandangwesi
(Bungbulang) Garut, ping 3 Juni 1852. Gumelar ti lingkungan ménak Sunda anu
condong kana agama Islam, bénten sareng umumna ménak jaman harita anu condong
kana kalungguhan ambtenar. Ramana Hasan Mustapa anu wastana Mas Astramanggala –Haji Usman, jeneng Camat Perkebunan. Mas
Astramanggala ngadidik seuweuna –putrana
kalawan disiplin, tur miharep isuk jaganing géto ingkang putra janten ulama.
Numawi, ti burey kénéh seuweuna parantos dijurungkeun masantrén.
Aya kajantenan lucu, waktos Hasan
Mustapa nuju ngaos di Kyai Hasan Basri di Pasantrén Kiarakonéng. Mangsa harita,
yuswana nembé dalapan taun –sateuacan di
candak ka Mekah ku ramana. Hasan Mustapa kantos dipilari ka kobong, nanging
lebeng teu aya. Kitu deui dipilari di masjid jeung tempat-tempat séjénna, tetep
teu kapendak. Sanggeus kokotéténgan dipilari, singhoréng-simanahoréng kapendak
keur ngibingan ronggéng. Ari Al Qur’an, ku anjeunna diselapkeun dina tangkal
cau. Ningal kitu, ku ramana henteu dibenduan mung dinaséhatan waé. Tapi, kanggo
biangna mah kajantenan kitu téh matak ngahariwangkeun manahna. Sok sieun
ingkang putra kadeudeuhna, kalalanjoan lir kuda leupas tina gedogan. Malar
seuweuna tiasa soléh, biangna Hasan Mustapa narékahan ku cara ngajalankeun saum.
Saumna sanés saum kana katuangan, tapi saum teu nganggo kaway salami tujuh
taun. Alhamdulillah, jaga, maksad biangna téh tinekanan.
Nincak yuswa dalapan taun, Hasan Mustapa
dicandak ka Mekah ku ramana. Lian ti munggah haji téh, di Mekah ogé diajar Al
Qur’an sareng basa Arab. Samulihna ti Mekah, Haji Hasan Mustapa lajeng dilebetkeun
deui ka pasantrén di Garut sareng Sumedang. Di Garut, diajar dasar-dasar élmu
nahwu-sorof ka Rd. Haji Yahya –pangsiunan
Panghulu Garut. Satutasna ti dinya, lajeng ngalih ka Kyai Abdul Hasan di
Pasantrén Sawahdadap Tanjungsari Sumedang. Ti dinya, ngalih deui ka Kyai Abdul
Kahar di Pasantrén Bangkalan Madura.
Nincak sawawa taun 1874, Haji Hasan
Mustapa angkat deui ka Mekah. Dina mindo –ngaduakalian
ieu mah, anjeunana téh ngamukim salami dalapan taun –kanggo neuleuman élmu-élmu ka-Islaman. Waktos mukim di Mekah,
anjeunna wawanohan sareng Dr. Christian Snouck Hurgronye –hiji oriéntalis bangsa Walanda anu keur ngayakeun panalungtikan
masarakat Islam Mekah. Ahirna, antawis Haji Hasan Mustapa sareng Snouck
Hurgronye janten sobat dalit dugi ka pupusna.
Numutkeun data ti PS. van Koningsveld –ahli basa Arab jeung Islam, urang Walanda,
ngalangkungan naskah asli Abu Bakar Djajadiningrat –hiji ulama anu janten sumber utama rujukan Snouck Hurgronye ngeunaan
Mekah, yén Haji Hasan Mustapa téh salahsaurang ulama anu nyongcolang ti
Jawa nu keur ngancik di Mekah. Haji Hasan Mustapa, dianggap “satingkat” sareng
Haji Ahmad Banten –seuweuna Syéh Nawawi
al Jawi atanapi Nawawi al Bantani. Dina runtuyan ulama Jawa anu gentur –nyongcolang, Haji Hasan Mustapa aya dina
untuyan ka genep. Anjeunna ngawasa saniskara élmu anu dilungsurkeun ku
guru-guruna di Mekah. Sajabi ka Syéh Nawawi al Bantani, anjeunna ogé guguru ka
Syéh Mustafa al Afifi; Syéh Abdullah az Zawawi; katut ka Syéh Bakar as Satha –sadayana ogé urang Arab.
Haji Hasan Mustapa, ngajar di Masjidil
Haram tur kagungan 30 urang murid. Anjeunana ogé nyerat kitab dina basa Arab,
judulna: Fath al Mu’in –konci panulung,
anu dipedalkeun di Mesir. Haji Hasan Mustapa mulih ti Mekah, jalaran diangkir
ku RH. Muhammad Musa –Panghulu Garut
mangsa harita. Diperyogikeun élmuna, kanggo ngaréngsékeun pabéntar pahamna
antawis paraulama di Garut. Pacogrégan antawis ulama ngora “pembaharu” sareng
ulama sepuh, ahirna tiasa dirapihkeun dugi ka ayem tengtrem deui. Haji Hasan
Mustapa saterasna ngawuruk ngaos siang-wengi salami tujuh taun, utamina di
Masjid Agung Garut. Salian ti éta, anjeunna ogé muka pasantrén di Sindangbarang
Garut.
Christian Snouck Hurgronye waktu
dijungjung lungguh janten panaséhat pamaréntah di Hindia Walanda –ngeunaan pasualan bumiputra, taun 1889
ngajak Haji Hasan Mustapa ngaréncangan anjeunna nguriling Jawa sareng Madura
pikeun nalungtik kahirupan agama Islam. Kawantu salian ti geus nyobat téh, élmu
pangaweruh Haji Hasan Mustapa ogé lega. Haji Hasan Mustapa nyanggupan pangajak Snouck
Hurgronye, tur mantuan salami tujuh taun. Ku Snouck Hurgronye, Haji Hasan
Mustapa diusulkeun ka pamaréntah Walanda pikeun jadi panghulu di Acéh. Usulan
Snouck Hurgronye disaluyuan, nya ahirna Haji Hasan Mustapa diistrénan janten Hoofd
Penghoeloe –Kapala Panghulu Acéh dina
ping 25 Agustus 1893. Kalungguhan Hoofd Penghoeloe Acéh, dicepeng salami dua
taun –taun 1893 dugi ka 1895. Lajeng
ngalih janten Hoofd Penghoeloe Bandung, salami 23 taun. Kalayan kapalay
nyalira, Haji Hasan Mustapa ngecagkeun kaluguhan nyuhunkeun pangsiun dina taun
1918.
Karancagéan
Ulama Bujangga
Haji Hasan Mustapa téh, hiji ulama anu
sabar; wijaksana; sinareng teguh pamadegan –tur
wantun nembrakkeun pamendak sareng pamadegan kalawan teuneung. Ajaran Islam
dimekarkeun, anu dilambangkeun dina wujud pantun sareng wayang –nu nyampak dina tradisi Sunda.
Kulantaran ngagunakeun media anu dipikawanoh ku urang Sunda, atuh ajaranna
keuna pisan kana mamarasna tur nyulusup kana kalbu. Métafora anu dianggo,
sering karaos Sunda-na. Dina sabudeureun taun 1900, Haji Hasan Mustapa nyerat
langkung ti 10.000 nail dangding. Eusina ngabahas masalah suluk –utamina hubungan antawis abdi (kaula) sareng
Gusti (Alloh). Métafora anu sering dianggo dina ngagambarkeun éta hubungan,
nya éta: “iwung sareng awi”, “caruluk sareng kawung”. Numawi, sabagéan ulama
“nuding” anjeunna, ngagem mazhab wahdatul wujud. Kana éta panuding, anjeunna
ngabantah ngalangkungan seratan dina kitab Injaz al Wa’ad fi ithfa al Ra’ad –kontan males bari nungkup gelap saleser
dina basa Arab. Salahsawios salinan seratanana ieu kitab, disimpen di pabukon
Universitas Léiden-Walanda. Anjeunna ogé nyuplik 104 ayat Al Qur’an, jumlah anu
dianggap cekap tur saimbang sareng kaweruh urang Sunda dina mahamkeun ajaran
Islam mangsa harita.
Haji Hasan Mustapa nyebarkeun ajaran
Islam, ngalangkungan karya-karya senina –anu
dianggap “mahiwal” tina ajaran seni mangsa harita. Umumna, anu diasongkeun
téh masalah aqidah (tasawuf). Wangun formalna, méh sarimbag sareng kitab-kitab
suluk dina basa Jawa –mung eusina
langkung caket kana tasawuf. Karya-karyana anu mangrupi adumanis antawis:
tanggapan; pamendak; budaya Sunda; sareng kajantenan-kajantenan anu karandapan dina
pangalaman anjeunna. Sadaya karyana, diserat ku aksara Pégon –Arab Sunda.
Karya-karya Haji Hasan Mustapa anu
kantos dicitak sareng disebarkeun ka umum, diantawisna: Bab Adat-adat Urang
Sunda jeung Priangan Lian ti Éta (taun 1913); Ésséy ngeunaan suku Sunda –ditarjamahkeun kana basa Indonesia jeung
Walanda (taun 1977); Leutik Jadi Patelaan Adatna Jalma-jalma di Pasundan
(taun 1916); Pakumpulan atawa Susuratanana Juragan Haji Hasan Mustapa sareng
Kyai Kurdi (taun 1925); Buku Pangapungan –Hadits
Mi’raj (tahun 1928); jeung Syéh Nurjaman (taun 1958). Disagédéngeun éta,
aya nu dicitak tur dibagikeun ka kadang-wargina nyalira, saperti: Buku Pusaka
Kanaga Wara; Pamalaten; Wawarisan; sareng Kasauran Panungtung. Éta ogé aya kénéh
karya sanésna anu teu dipublikasikeun –disimpen
ku sékrétarisna, M. Wangsaatmadja. Dina taun 1960, éta naskah diketik deui
tur dijudulan: Aji Wiwitan –aya 17 jilid.
Jabi ti éta, Haji Hasan Mustapa ogé nyerat kitab dina basa Malayu, nya éta:
Kasful Sarair fir Hakikati Acéh wa Fidir –buku
rasiah sabenerna Acéh jeung Fidi. Éta kitab, anu ayeuna aya di pabukon
Universitas Léiden.
Tanwandé Haji Hasan Mustapa salian ti
ulama téh, ogé bujangga kahot. Karya anjeunna dina wangun dangding, diantarana: Puyuh Ngungkung dina Kurung; Hariring nu Hudang Gering; Asmarandana nu Kami; Dumuk Suluk Tilas Tepus; Sinom Pamake Nonoman; Sinom Wawarian; Sinom Barataning Rasa; Kinanti Kulu-kulu; Dangdanggula Sirna Rasa; jeung Amis Tiis Pentil Majapait.
Dina taun 1977, Haji Hasan Mustapa
dileler hadiah seni ku Présiden Républik Indonésia sacara anumerta sabagé
Sastrawan Daérah Sunda. Haji Hasan Mustapa pupus dina ping 3 Januari 1930, di
Bandung. Jenengan Haji Hasan Mustapa, dianggo nami jalan antawis Terasan Jalan
Surapati – Cicaheum Bandung.
***