Ku Bung Karno, ieu ulama Garut téh
dijulukan: Kiayi Jerajak –Jerajak/Jrajak
tina basa Jawa anu salahsahiji hartina: sarigsig beusi. Naha ? kulantaran
terus-terusan merjuangkeun kamerdékaan, ieu ulama Garut mindeng kaluar asup panjara,
boh jaman kolonial Walanda atanapi jaman kolonial Jepang. Panjara henteu jadi
panghalang pikeun anjeunna bajuang sangkan bangsa urang lésot tina leungeun
kakawasaan bangsa deungeun, najan kudu dipanjara opat belas kali.
K.H.
Mustofa Kamil
KH. Mustofa Kamil |
Saha atuh Kiayi Jerajak téh ? Anjeunna,
KH. Mustofa Kamil, anu dilahirkeun taun 1884 di Lembur Bojong, Désa
Pasirkiamis, Kacamatan Pasirwangi, Kabupatén Garut –méméh dimekarkeun, ieu désa asup ka wilayah Kacamatan Tarogong.
Jenengan ramana, KH. Jafar Sidiq. Ari ibuna,
Hj. Siti Habibah. Duanana ogé ahli agama. Keur burey kénéh mah ngaranna téh:
Muhammad Lahuri. Anjeunna neuleuman bagbagan agama ti pasantrén ka pasantrén
anu aya di Garut; Cirebon; jeung di Jombang Jawa Wétan. Kungsi masantrén di
Pasantrén Bojong –dipupuhuan ku KH. Jafar
Siddiq; di Pasantrén Biru, Tarogong –pingpinan
Kiayi Muhammad Falah; jeung di Pasantrén Pangkalan, Tarogong –pingpinan Kiayi Kurtubi. Ngarasa tacan
masagi jeung pikeun leuwih meuseuh deui bagbagan agama, anjeunna masantrén deui
di Pasantren Dukuh, Tarogong –pingpinan
KH. Syarbini; di Pasantrén Surajaya, Cirebon; di Pasantren Kuningan –pingpinan KH Abdul Qohar, jeung
ngasakeunana di Pasantrén Tebuireng, Jombang –pingpinan KH. Hasyi ‘Asy’ari. Ti dinya –awal taun 1900-an, miang ka Tanah Suci Arab pikeun munggah haji
bari sakalian ngantebkeun elmu agamana. Tepi ka taun 1914, mukim di Mekkah –malah meunang jodo ka Hj. Siti Aminah, siwi
(putri) Syékh Salim, urang Indonesia anu mukim di Mekkah. Sanggeus rarabi,
ngaranna diganti jadi: Mustofa Kamil.
Taun 1914, KH. Mustofa Kamil nyelang
heula mulang ka Garut bari mawa kulawargana. Waktu di Garut, KH. Mustofa Kamil
sadar yén nagara jeung bangsana keur dikeukeuweuk ku bangsa deungeun. Kaayaan
kieu téh teu luyu jeung ajén-inajén Islam anu ngajarkeun kamerdékaan; kaadilan;
jeung kalungguhan anu sajajar. Harita, kabeneran di Garut geus ngadeg Sarékat
Islam (SI) Lokal Garut anu dipupuhuan ku Radén Yahya jeung Utar Junéd. Kusabab
kataji ku perjoangan SI jeung ngarasa bajuang henteu bisa sosoranganan, antukna
KH. Mustofa Kamil ngagabung. Mindeng ngayakeun ceramah jeung hutbah anu eusina
ngeunaan ajaran Islam nu aya patalina jeung kamerdékaan.
Ka
Pangberokan
Pamaréntah kolonial Walanda, nganggap
hutbah jeung ceramah-ceramah KH. Mustofa Kamil téh ngabahayakeun, bisa
ngalantarankeun rahayat baruntak. Taun 1915, KH. Mustofa Kamil ditahan meunang
sataun lilana. Sanggeus bébas, ancrub deui di SI Garut jadi pangurus Bagéan
Propaganda. Ti taun 1916 dugi ka 1919, dipercaya jadi Adviseur –penaséhat SI Garut.
Taun 1919, Garut geunjleung. Haji Hasan
ti Cimarémé, nolak mayar pajeg hasil nyawah. Alesanana: beubeunangan tina tatanén téh keur ngabayuan budak yatim piatu, lain
keur pribadi. Haji Hasan katut 116 urang batur saperjuangana, gugur di
imahna –alatan narah ka luar waktu rék
ditepungan ku panguasa lokal anu dikawal ku pulisi jeung tentara Walanda.
Pamaréntah Walanda nuduh KH. Mustofa Kamil anu jadi ‘aktor intelektualna’ anu
mapanas sangkan Haji Hasan jeung urang Cimarémé, wangkelang. Antukna, KH.
Mustofa Kamil dipanjara deui, meunang sataun. Kaluar ti panjara –taun 1920-an, miang ka Mekkah,
kulawargana dibawa. Di Mekkah teu lila, masih dina taun 1920-an, balik deui ka
Garut. Méméh mulang ka Garut, waktu di Mekkah kénéh jeung mertuana pabéntar
paham. Melang ka minantu jeung jeung ka siwina, Syekh Salim meredih sangkan KH.
Mustofa Kamil entong balik deui ka Garut tapi leuwih hadé mukim di Mekkah
neruskeun pacabakanana jadi sudagar, ulah nuluykeun perjoanganana. Tapi, KH.
Mustofa Kamil nolak kana kahayang mertuana. Lebah dieu, sigana Hj. Siti Aminah
–bojo KH. Mustofa Kamil sapamadegan
jeung bapana, leuwih milih di Mekkah batan kudu milu ka Garut, bari di Garutna
téh hirup salalawasna pinuh ku kahariwang jeung pinuh ku pibahlaeun.
Sanggeus sababaraha lilana aya di Garut,
KH. Mustofa Kamil ngadahup ka Siti Rochmah. Seuweu-siwina: Acé Saéfulloh;
Abdullah Ridwan; Siti Rochwah; Gaus Saéfuddin; Aan Nasrulloh; jeung Kamil
Mustofa. KH. Mustofa Kamil ogé aktif di dunya atikan. Taun 1922, SI Lokal Garut
ngadegkeun sakola: Broederschap
Onderbouw SI di Jalan Cikuray terus pindah ka Lio. Di ieu sakola, KH.
Mustofa Kamil jadi guru agama. Anu diajarkeun ku anjeunna téh lain ngan ukur
soal ibadah wungkul tapi ogé ajén-inajén agama Islam ngeunaan kamerdékaan jeung
perluna bangsa urang ngarebut kamerdékaan.
Kaping 29 Desember 1924, di Garut ngadeg
pakumpulan Moesjawaratoel Oelama
(MO) anu anggotana para kiayi Garut. KH. Mustofa Kamil dibenum jadi Vice
President –Wakil Ketua MO nepi ka taun
1926. Waktu keur ngajabat kénéh –taun
1925, ku pamaréntah Walanda dipanjara deui, sataun lilana. Dituduh
ngabaruntakkeun rahayat sina demontrasi nolak vervording (aturan pajeg).
Kaluar ti panjara –masih dina taun 1925, KH. Mustofa Kamil ngadegkeun masjid di
Ciledug dina lahan bogana Asikin. Masjidna dingaranan: Masjid Ciledug atanapi
Masjid PSII (Partai Sarékat Islam Indonesia) kadieunakeun jadi Masjid Perintis
Kemerdékaan. Ku anjeunna, Masjid Ciledug dijadikeun masjid jami. Méh unggal
jumaahan, anjeunna jadi khotib di éta masjid. Hutbahna maké basa Sunda, padahal
Walanda geus nyieun katangtuan: masjid anu meunang ngayakeun solat jumaahan
mah, Masjid Kaum. Hutbahna kudu maké basa Arab, sarta ayat Al Qur’an teu
meunang ditarjamaahkeun. KH. Mustofa Kamil mandang aturan kitu téh udaganana
mah: sangkan kaum Muslim teu weruh kana ajaran-ajaran Islam nu saéstuna,
sangkan kanyahona ngan ukur: solat; jakat; jeung munggah haji wungkul. Ajaran
Islam anu aya patalina jeung pulitik; kanagaraan; pamaréntahan; hak asasi; hakékat
manusa; jeung kalungguhan manusa mungguh agama, henteu dipikawanoh ku kaum
Muslim.
Kulantaran ku cara kekerasan henteu
mempan, antukna pamaréntah Walanda taun 1927 pikeun meruhkeun KH. Mustofa Kamil
nawaran jabatan: Panghulu Masjid Kaum –masjid
kabupatén, kalayan fasilitas anu matak uruy. Tapi KH. Mustofa Kamil nolak
sapajodogan, alesanana: mun narima éta jabatan, ngandung harti, dirina teu
konsistén dina perjoangan, sabab daék gawé bareng jeung penjajah. Balukar tina
sikepna kitu, masih dina taun 1927, KH. Mustofa Kamil dipanjara deui meunang
sababaraha bulan. Sanggeus dibébaskeun, teu lami, taun 1928 ditahan deui,
kalayan tuduhan: hutbah jeung ceramahna dina pangajian umum, ngahasut rahayat
sangkan teu tumut ka pamaréntah. Kungsi disingsieunan rék dibuang ka luar Pulo
Jawa –ka Digul, tapi teu matak
ngagedagkeun haté anjeuna. Ceuk KH. Mustofa Kamil ka jamaahna: “nu dipikahariwang téh, sieun umat Muslim
keuna ku kasakit héngkér haté, keun waé simkuring sorangan nu ngalaman lara
balangsak dina berjoang, keun waé simkuring jadi kifarat (jadi tumbal) umat
Islam, asal cita-cita umat Islam kahontal”.
Seikerei
Waktu SI robah jadi partéy –nya éta PSII, KH. Mustofa Kamil taun
1929 ngagabung ka PSII. Sataun ti harita –taun
1930, dibenum jadi Ketua PSII Cabang Garut sakaligus jadi Ketua Departemén
Syariat wal Ibadah PSII Cabang Garut. Atuh kagiatan pulitikna téh beuki leubeut
waé. Teu cukup kitu, pikeun ngahangkeutkeun perjuanganana dina ngahontal kamerdékaan,
dina taun 1930, bareng jeung KH. Badruzzaman –ulama Garut ogé, ngadegkeun pakumpulan Al-Muwafaqoh, anu saterusna
dipupuhuan ku KH. Badruzzaman; sekretarisna: H. Sanusi. Sedengkeun KH. Mustofa
Kamil mah jadi penasihat. Udagan ieu pakumpulan: keur ngabébérés pabéntar
pahamna di kalangan anggota SI. Anjeunna teu mikeun mun SI kudu tepi ka
paburencay balukar masing-masing anggotana mertahankeun pamadegan séwang-séwangan.
Waktu keur satékah polah ngahijikeun deui SI, KH. Mustofa Kamil dipanjara deui,
lilana saratus poé, dituding: tatahar rék baruntak. Sanggeus kaluar panjara, ku
gedé komitmenna ka organisasi, KH. Mustofa Kamil bareng jeung KH. Yusuf Taujiri
dibenum jadi anggota Déwan PSII. Tilu taun ti harita –taun 1940, KH. Mustofa Kamil deui-deui dipanjara kalayan tuduhan:
keur tatan-tatan rék baruntak. Awal-awal Perang Dunya Kahiji, dibébaskeun ti
panjara sarta aktif deui dina organisasi pergerakan.
Nusantara dikawasa ku Jepang –anu ngakuna mah ‘saudara tua’, teu
ngalantarankeun KH. Mustofa Kamil ngendorkeun perjoanganana. Keur anjeunna mah,
Jepang jeung Walanda téh taya bédana: sarua penjajah; sarua ngeruk kakayaan
Nusantara; sarta duanana ogé sarua ngalantarankeun bangsa urang kapépéhék,
henteu merdéka. Ku Jepang diajak gawé bareng, tapi ditolak. Antukna ti taun
1942 tepi ka taun 1943, KH. Mustofa Kamil dipanjara. Kaluar ti panjara –taun 1943, ngagabung jeung Majelis Islam
A’la Indonesia (MIAI). Waktu Majelis Syuro Muslimin Indonesia (Masyumi) ngadeg
bulan Novémber 1943, KH. Mustofa Kamil dibenum jadi ketua bagéan propaganda
Masyumi Cabang Garut.
KH. Mustofa Kamil teu nolak kana
pangajak Jepang anu sakira engkéna gedé mangpaatna. Bareng jeung Hisbullah,
milu latihan militér di Cibarusah Bekasi anu diayakeun ku tentara Jepang.
Réngsé latihan militér, anjeunna umajak ka para ulama jeung nonoman Garut pikeun
ngagabung ka Hisbullah.
Di Cipanas Tarogong Garut, KH. Mustofa
Kamil ngayakeun latihan militer anu diiluan ku anggota Hisbullah. Najan kitu,
angger sikep jeung pamadeganana matak wera Jepang. Hisbullah Garut, nolak
seikerei –ngahormat panon poé ku cara ngadongkokeun
awak ka lebah panon poé. Ku Hisbullah, seikerei diganti ku takbir bari
nyanghareup kiblat. Alatan éta, KH. Mustofa Kamil dipanjara ku Jepang –tapi ngan sakeudeung. Teu lila, sanggeus
kaluar ti panjara, bareng jeung KH. Yusuf Taujiri katut KH. Busrol Arifin,
ngirim surat protés ka Jepang. Eusi suratna, protés kana katelengesan Jepang –babakuna mah dina lebah romusha.
Deui-deui, KH. Mustofa Kamil dipanjara. Bébas, waktu Jepang geus kadéséh ku
pasukan Sekutu.
Palagan
Surabaya
Nagara urang diproklamasikeun ping 17
Agustus 1945, tapi lain hartina kaayaan saterusna jadi lulus banglus. Tentara
Sekutu kaiket ku perjangjian jeung Walanda, nya éta: sakabeh urut jajahan
Walanda anu direbut ku Jepang, kudu dipulangkeun deui ka Walanda ku Sekutu.
Ngandung harti, tentara Sekutu daratangna ka nagara Indonesia téh rék
merenahkeun deui Walanda di Nusantara. Puguh waé parapajuang teu narima. Di
Surabaya, Sutomo –bung Tomo cumeluk
sangkan bangsa urang ngalawan tentara Sekutu. Pidatona téh disiarkeun dina
radio. KH. Mustofa Kamil ogé mindeng ngabandungan pidato bung Tomo, antukna
jorojoy hayang milu bajoang jeung urang Surabaya.
Bareng jeung Lasykar Hisbullah katut
sababaraha ulama Garut –diantarana: KH.
Badruzzaman, KH. Mustofa Kamil miang ka Surabaya. Maké karéta api,
Banjar-Yogyakarta-Malang. Ti Malang, laju ka Surabaya. Di Surabaya, ngagabung
jeung Badan Pemberontak Rakyat Indonesia (BPRI), ditempatkeun di Divisi VII
Komando Tentara Keamanan Rakyat (TKR) Surabaya. Mancén tugas di Surabaya, di Séktor
Selatan. Pangna bisa langsung ngagabung jeung TKR téh, pédah KH. Mustofa Kamil
jaman Jepang kungsi milu jeung ngayakeun latihan militér.
Ping 10 November 1945 –anu saterusna dijadikeun Hari Pahlawan,
tentara Sekutu digempur ku parapajuang, Brigjen Mallaby –komandan Sekutu, tiwas. Aya nu nyebutkeun, tiwasna Mallaby téh ku
KH. Badruzzaman. KH. Badruzzaman téh ahli hikmah; tasawuf; jeung ahli penca
atanapi jawara. Teu beda ka KH. Mustofa Kamil, urang Surabaya mangsa harita,
kacida pisan ngahormat jeung ajrihna ka KH. Badruzzaman –samalah, sanggeus nagara aman ogé, réa urang Surabaya anu ngahaja
nganjang ka Garut nepungan KH. Badruzzaman.
Waktu peperangan mundur ka luar
Surabaya, KH. Mustofa Kamil ogé mundur ka wewengkon Gedangan Sidoarjo. Ti
harita, laratan KH. Mustofa Kamil teu kabéjakeun deui kumaha-kumahana –mulang ka Garut ogé, henteu deuih.
Kulawargana di Garut miharep KH. Mustofa Kamil salamet teu kasambut di medan
perang sarta balik deui ka Garut –saperti
KH. Badruzzaman.
Sahid
Taman Makam Pahlawan 10 November, Surabaya. |
Ngaranna téh Dono, anu mangsa harita
jadi lurah –kepala désa Dongkol,
Gedangan Surabaya. Inyana jadi saksi mata gugurna KH. Mustofa Kamil. Ti
kajauhan –bari nyumput, Dono nyaksian
ku panon sorangan, KH. Mustofa Kamil dikepung ku pasukan Sekutu anu
terus-terusan ngudag pajuang, rék males pati pédah komandanna tiwas. “Mastaka anjeunna dibabuk satarikna ku pohpor
bedil,” ceuk Dono. Sanggeus karuhan tilar dunya, ku pasukan Sekutu layonna
ditinggalkeun kitu waé. Najan ceuk aturan Islam, nu maot sahid –syuhada bisa langsung dikurebkeun sapada
harita. Tapi, ku masarakat di dinya, layon KH. Mustofa Kamil dipulasara luyu
jeung katangtuan Islam –dimandian; diboéhan;
jeung disolatkeun. Dimakamkeunana, di dinya kénéh –anu kiwari, éta tempat téh ngaranna: Taman Bahagia. Ku masarakat,
baju; topi; jeung tasbéhna diampihan sarta dipasrahkeun ka kulawargana anu
ngahaja datang ka Gedangan.
Milu bajuangna KH. Mustofa Kamil di
Surabaya, dikuatkeun ku Surat Persaksian Badan Kerja Sama (BKS) Ulama-Militer
Pusat. Dumasar kana hal éta, kalayan Surat Keputusan Menteri Sosial No. Pol.
159/PK tanggal 23 Februari 1959, Pemerintah Republik Indonesia netepkeun KH.
Mustofa Kamil diangkat jadi Perintis
Kemerdekaan Republik Indonesia.
KH. Mustofa Kamil ogé ku pamarentah, dilélér
pangkat: Létnan Kolonél Anumerta. Lima taun ti saentasna ditetepkeun jadi
Perintis Kemerdekaan RI, kaping 21 Juli 1964, makamna dipindahkeun ti Gedangan
ka Taman Makam Pahlawan 10 Novémber di Kota Surabaya. Dimakamkeun deui maké
upacara militer.
Panutup
KH. Mustofa Kamil teh ulama atanapi
kiayi anu masagi. Kaulamaanana, ngajurung keur bajuang ngabéla lemah cai
sangkan leupas tina kakawasaan kolonial. Perjoanganana ngaleuwihan wates
tanggung jawabna. Tadina bajuang ngaliwatan dakwah jeung organisasi pergerakan,
antukna ancrub di medan perang.
Di nagara urang, gelar pahlawan
nasional, memang ditetepkeun ku pamaréntah pusat. Anu ngusulkeunana ti daérah
sarta anu mutuskeunana présidén. Tapi aspek pulitisna, leuwih gedé. Najan ku
pamaréntah kabupaten Garut tos diseminarkeun taun 2009 –sabada taun 2008, Bung Tomo dilélér gelar Pahlawan Nasional pikeun
diusulkeun janten Pahlawan Nasional. Ulah héran, lamun anu ngusulkeunana lain
ngan ukur nyodorkeun data jeung pakta sejarah wungkul, tapi ogé maké jalur lobi
pulitik –anu tétéla leuwih éféktif.
Di Kabupatén Garut sorangan, KH. Mustofa
Kamil ukur dipaké ngaran jalan –anu
heureut, panjangna kira-kira dua kilométer, pagigir-gigir jeung Jalan Arudji
Kartawinata di daérah Ciawitali –teu jauh
ti terminal antarkota Guntur.
Asa ku teu pas pisan mun dibandingkeun
jeung ajén perjoangan KH. Mustofa Kamil anu sakitu luhungna, malah geus diaku
sacara nasional.
Sakedahna, dina palajaran sejarah ogé
diguar didadarkeun perjoangan anjeunna téh. Pikeun eunteung jeung picontoeun
generasi ngora anu kiwari keur kaleungitan figur tuladaneun.
Bacaan:
Musin, Mumuh. Kiai Jerajak Dari Kota Intan Kepahlawanan
K.H Mustofa Kamil (1884 – 1945)
Dalam Merebut Dan Mempertahankan Kemerdekaan Republik
Indonesia. Yayasan Masyarakat Sejarawan Indonesia Jawa Barat Bandung,
Unpad Bandung.
***
Tidak ada komentar:
Posting Komentar