Nu ngaku turunan Majapait ménta hampura
ka urang Sunda.
“Poé ieu, tanggal 11 November 2012 di
Trowulan, kaula salaku turunan Majapait, ménta dihampura ka turunan Pajajaran tina
kajadian di Bubat ratusan taun katukang!” kitu ceuk Shri I Gusti Ngurah
Arya Wedakarna Mahendradatta Wedasteraputra Suyasa III, raja Majapait di
Pendopo Agung Trowulan. Maké basa Indonesia, henteu maké basa Jawa atawa Sunda.
Upacara Guru Piduka, turunan Majapait Shri I Gusti Ngurah Arya Wedakarna (kenca) menta dihampura ka turunan Pajajaran nu diwakilan ku Raden Roza Rahmadjasa Sri Paduka Wangsa Nata Kusumah (katuhu). |
Bareng jeung ieu ucapan, angin di
pakarangan Pendopo Agung Trowulan ngadadak muter lilimbungan. Pataka –bandéra
tingjarungkel maruragan, suasana karasana pinuh ku mistik. Kandel pisan
sakralna, jiga-jiga arwah anu kabaud kana Perang Bubat milu nyaksian.
Ieu acara anu dingaranan ritual Guru
Piduka téh, kacida dariana. Waragadna leuwih ti opat miliar rupiah, ciri ménta
dihampurana lain heuheureuyan. Ritual budaya Guru Piduka dituluykeun ku ritual
upacara Sabda Paduka Dharmasiksa dari Lembaga Adat Keraton Pajajaran.
Saméméh jeung sabada acara di Trowulan,
ramé padungdengan nu pro jeung kontra. Masalahna: naha cenah maké
kudu aya upacara ritual ménta pangampura sagala, pan baheula gé ku para karuhun
dina jamanna geus dipilampah. Urang Majapait jeung urang Galuh, henteu terus
mumusuhan.
Masalah séjénna: parebut pamadegan, saha
nu pangbogana hak ngayakeun ieu acara. Ti mimiti Jawa Timur nepi ka Bali, loba
nu ngaku Raja Majapait anu paling sah.
Di Tatar Sunda ogé masalahna sarua. Naha
cenah maké ménta hampura ka turunan Pajajaran, pan anu patelak téh antara
Majapait jeung Galuh, Pajajaran mah acan aya.
Terus, naha nu ménta hampura téh lain
datang ka Sunda, kalahka Sunda anu sumolondo ka Trowulan ?
Anu ngawakilan urang Sunda narima
pangampurana turunan Majapait téh: Raden Roza Rahmajasa Mintareja Sri Paduka
Wangsa Nata Kusumah. Roza ogé kungsi tumanya ka urang Majapait; ku naon nu
diondang téh bet dirina, lain nu séjén ?
Jawabanana téh, kieu: Memang baheula
urusanana jeung Galuh. Tapi pan, sabada Jayadewata dibenum jadi raja Pajajaran
tur boga gelar Sri Baduga Maharaja, dua karajaan nu asalna Tarumanagara nyaéta
karajaan Sunda jeung Galuh ngahiji jadi nagara anyar anu katelahna Pajajaran.
“nya kuring ayeuna ménta hampura ka
Pajajaran anu jadi turunan Galuh jeung Sunda” ceuk Wedakrama.
Panitia upacara “Upasaksi Persatuan
Leluhur Trah Majapahit dan Trah Padjadjaran” di Trowulan anu dibarengkeun
jeung milangkala Karajaan Majapait nu ka-719 téh, ngondang sakumna sultan jeung
raja-raja sa Nusantara. Teu béda jeung waktu kajadian Perang Bubat, apan
raja-raja patalukan Majapait ogé keur haladir lantaran bareng jeung waktu séba.
Panitia ogé ngondang wawakil nagara
asing katut para pajabat séjénna, saperti Sukmawati Sukarno Putri selaku Abhiséka
Ratu Majapait Nusantara.
Abhiseka Ratu Majapait Nusantara Tribuana Tungga Dewi Jayawisnuwardani Sukmawati Sukarno Putri (tengah). |
Rombongan Pajajaran dina Upacara Dharmasiksa, Raden Roza (katuhu) |
Rombongan Pajajaran |
Wakil Pajajaran |
Satadina, ti Sunda moal aya nu daratang
lantaran sieun loba rambat-kamaléna kana hal-hal nu négatif. Tapi dina émprona
mah: Lembaga Adat ti Sumedanglarang datang sa beus; kitu deui ti kasultanan
Cirebon jeung Banten ogé daratang milu ngaluuhan jeung nyakséni ménta
dihampurana ti nu ngarasa turunan Majapait ka urang Sunda.
Kontan atuh, anu daratang ka Trowulan téh
di cap: Penghianat Sunda.
Pikeun nganétralisir ieu masalah,
Grup Kasundaan Salakanagara gawé bareng jeung Grup Duta Sawala, ngondang
sakumna urang Sunda dina saréséhan tanggal 1 Desember 2012 di Alam Santosa
Bandung Timur.
Nu daratang lumayan euyeub sabab Lembaga
Adat ti Kawali ogé katut para pini sepuhna, daratang. Kitu deui Lembaga Adat ti
Banten Kidul, datang.
Prosesi
Patung Radén Wijaya jeung Gajah Mada di Pendopo
Agung Trowulan, dikuriling ku sasajén. Joglo Pendopo Agung ditutup ku bendéra mérah
putih, dihiasan ku payung has Bali jeung umbul-umbul “Surya” –lambang Majapait.
Raja Majapait Shri I Gusti Ngurah Arya Wedakarna (kenca); Ratu Majapait Nusantara Sukmawati Sukarno Putri (tengah); jeung Wawakil Pajajaran Raden Roza Rahmadjasa (katuhu). |
Jam 10.00 mimiti upacara Mulang Pakelem
diluluguan ku pandita Hindu Ida Pedanda Gedé Ketut Sebali Tianyar Arimbawa di balong
Segaran Trowulan, kaléreun Pendopo Agung. Ritual dituluykeun di Pendopo Agung,
nyaéta: Upacara Guru Piduka. Rombongan “teureuh” Pajajaran jeung Majapait
ngurilingan patung Radén Wijaya, tilu kali. Geus kitu, aya tarian Bedhaya
Majapait; tari Suraning Pati; jeung Remo. Bérés éta, dituluykeun ku penyematan
pin Wijaya Mukti (simbol persatuan) ka wawakil teureuh Karajaan Pajajaran; Majapait;
para raja; jeung para sultan sa-Nusantara anu hadir jadi saksi sarta nganyatakeun
diri jadi dulur.
Réngsé penyematan pin, pihak Karajaan
Pajajaran masrahkeun tilu pusaka Kujang. Dua Kujang Ciung masing-masing ditarima
ku Shri Gusti Ngurah Arya Wedakarna Mahendratta Wedasteraputra Suyasa III
salaku Raja Majapait jeung Sukmawati Sukarno Putri salaku Abhiséka Ratu
Majapahit Nusantara Tribuana Tungga Dewi Jayawisnuwardani. Sedengkeun hiji
Kujang Sajén dipasrahkeun ka pimpinan museum Majapait di Trowulan.
Prasasti Perdamaian Majapait - Pajajaran. |
Geus Réngsé
Para sepuh di Kawali Ciamis, saényana
mah rada teu méréan mun téa mah kudu miang ka Trowulan. Naon sababna ? Lantara ti
baheula ogé, pasualan Perang Bubat geus réngsé. Lamun urang Sunda datang ka
Trowulan, sacara teu langsung nembongkeun yén: urang Sunda masih kénéh dengdam
jeung ngunek-ngunek ku kajadian Perang Bubat. Keur urang Sunda, dengdam jeung
ngunek-ngunek téh dipahing pisan.
Pihak Majapait sabada kajadian Perang
Bubat, langsung ngirimkeun utusanana sina nepungan urang Sunda ka Kawali,
kalayan tujuan ménta dihampura. Ku urang Kawali –babakuna ku Bunisora jeung
para pini sepuhna, ditarima kalayan hadé. Utusan Prabu Hayam Wuruk ogé bari
mawa lebu layon Prabu Linggabuana; praméswari; jeung Dyah Pitaloka. Sabada
Perang Bubat, kabéh layon rombongan Sunda dikrémasi maké upacara
karajaan.
Ilustrasi gugurna rombongan Sunda di Bubat |
Urang karaton Kawali ogé saényana mah
teu satujueun, Prabu Linggabuana indit ka Trowulan bari tujuanana rék
ngawinkeun siwina –anak awéwéna. Anu dipilampah ku Prabu Linggabuana,
ngarempak purbatisti purbajati Sunda anu sumber utamana: Siksa Kandang
Karesian. Teu ilahar ngawinkeun budak di tempat lalaki. Bunisora nu
kapapancenan nyuluran seuweu (anak) Prabu Linggabuana jadi raja di Kawali, teu
terus masualkeun kajadian Perang Bubat. Ngan ukur nohagaan kakuatan militérna
di tapel wates, bisi Majapait tuluy ngahianat hayang nalukeun Sunda –sakumaha
anu kungsi dikedalkeun ku Gajah Mada ngaliwatan Amukti Palapa-na.
Lokasi Perang Bubat |
Karajaan Galuh-Sunda anu meunang
ngahijikeun Prabu Linggabuana, dirajaan heula ku Prabu Bunisora –saméméh
Niskala Wastukancana (seuweu Linggabuana) déwasa. Nincak umur 23 taun,
Niskala Wastukancana diistrénan jadi raja. Pikeun ngalantik alona, Bunisora
ngahaja nyieun makuta emas nu dingaranan Makuta Binokasih Sanghyang Paké. Prabu
Niskala Wastukancana narima wangsit anu saterusna dijadikeun ugeran hirup, nyaéta:
tadaga carita hangsa; gajendra carita banem; matsyanem carita sagarem; puspanem
carita bangbarem. (talaga nyaritakeun soang; gajah nyaritakeun leuweung;
lauk nyaritakeun laut; kembang nyaritakeun bangbara)
Gemuh Pasundan
Salian ti ngeuyeuk dayeuh ngolah nagara,
Prabu Niskala Wastukancana nyieun parigi keur nohagaan puseur dayeuh. Ngoméan
karaton Surawisésa, jeung nyieun jalan anu nepungkeun Kawali-Pajajaran
ngaliwatan: Panjalu; Maja; Cisalak; Sagalahérang; Purwakarta; jeung Bekasi.
Cindekna mah jaman Prabu Niskala Wastukancana, karajaan gabungan Sunda-Galuh
téh, aya dina jaman kajayaan –Gemuh Pasundan.
Prabu Niskala Wastukancana tilar dina
umur 127 taun, sanggeus nyekel karajaan lilana 103 taun; 6 bulan; 15 poé.
Kungsi nyaksian Perang Parégrég di
Karajaan Majapait saditinggalkeunana ku Prabu Hayam Wuruk jeung Mahapatih Gajah
Mada.
Cag.
sae pisan, kang...
BalasHapussae pisan, kang...
BalasHapusHatur nuhun...
BalasHapus