Engké
jaga, mun karéta api geus tepi ka Pameungpeuk, ciri wanci nagara urang baris
pinanggih jeung subur ma’mur.
(Uga ti Pameungpeuk, Garut Kidul)
Halteu Lebakjero, Garut. |
Karéta api téh mangrupa transportasi
masal anu gedé mangpaatna keur rahayat, boh keur indit-inditan atanapi keur
mawa hasil tatanén. Paékonomian, tinangtu bakal leuwih ngaronjat ku ayana
karéta api. Kitu deui, karéta api bisa ngungkulan pasualan-pasualan lingkungan,
saperti: ngurangan dipakéna bahan bakar minyak (BBM); nyengker pemanasan
global; ngurangan polusi hawa; aman; sarta tepat waktu.
Mémang tina jihad penjajah mah, jaringan
jalan karéta api –kitu deui Jalan Pos
di Pulo Jawa téh udagan utamana nya éta: keur kaamanan, sangkan gampang
ngungkulan mun aya wewengkon anu nyoba-nyoba rék baruntak ka pamaréntah. Najan
kitu, anu leuwih karasa –babakuna ku
rahayat mah justru nguniangkeun paékonomian rahayat jadi tambah raharja.
Loba jalur-jalur karéta api titinggal
Walanda anu geus ditutup –geus teu
digunakeun deui, alesanana: “teu nguntungkeun sacara ékonomi”, éléh saéngan
ku mobil.
Karéta api Cibatu–Garut anu panjangna
moal kurang ti 16 kilométer, taun 1982 geus ditutup. Kitu deui, karéta api
Garut–Cikajang anu panjangna kurang leuwih 27 kilométer, kiwari kari nineungna.
Halteu di sapanjang Cibatu–Garut jeung Garut–Cikajang,
jadi bangunan tua. Erélna geus dipaké jalan anu dipelur ku témbok, sarta
sisi-sisina geus dipaké paimahan. Sasak-sasak beusina saleuheung aya anu
digunakeun kénéh, jadi patalimarga dipaké meuntas ku masarakat. Ari beusina mah
najan geus tai hiangan ogé, katémbongna mah wedel kénéh.
Stasion Garut |
Stasion
Cibatu jeung Si Kuik
Pamaréntah Hindia Walanda –Nederlandsch Indiesch, kaping 14 Agustus
1889 ngamimitian nyieun jalan karéta api ti stasion Bandung ka Cicaléngka. Anu dibéré
pancén pikeun ngawangunna, nya éta: Staat Spoorwegen (SS) –pausahaan karéta api bogana Walanda, anu tanggung jawabna:
Ir.Th.A.M. Ruijs.
Dina taun anu sarua, diwangun ogé jalan
karéta api ti stasion Cicaléngka ka Cibatu. Sanggeus stasion Cibatu réngsé, éta
wewengkon anu tadina sepi téh dadaksakala jadi pamukiman anu kawilang haneuteun
–najan kitu, Cibatu henteu saramé Kota
Garut.
Taun 1930-an, jumlah cacah jiwana moal
jauh ti 3.000 urang –lolobana mah pagawé
SS. Jaman harita, Cibatu geus dijadikeun puseur dayeuh kawadanaan –nya éta: Kawadanaan Cibatu.
Salian ti neruskeun jalan karéta api ka
Kidul, SS ogé nyieun jalan karéta api ti Cibatu ka Kota Garut –anu réngsé diwangun taun 1899.
Halteu-halteuna diwangun, saperti ti Cibatu: halteu Pasir Jéngkol; Cimaragas;
Wanaraja –Cipari; Cinunuk; Cibolérang;
Cikolé; Sadang; Cimurah; Pasir Uncal –Cidahu;
jeung halteu Garut.
Ngantosan kareta api di halteu Cinunuk Wanaraja |
Sabada jalur karéta api Cibatu–Garut
dibuka taun 1920, Dick Fock –Gubernur
Jenderal Hindia Walanda, remen datang ka wewengkon Kabupaten Garut. Inyana
maké kareta api ti Batawi nepi ka Cibatu, ti dinya naék deui karéta api anu ka
Kota Garut. Di Garut, inyana ngaresmikeun hasil-hasil pangwangunan anu cenah
mah mangpaatna karasa ku rahayat.
Lain ukur pajabat pamaréntah Walanda
wungkul anu pulang-anting ka Garut téh, dalah turis bangsa Éropa ogé kitu.
Harita, Garut jadi kakoncara ku jujuluk: Swiss van Java –Swiss di Pulo Jawa, lantaran kaéndahan alamna anu parentul ku
gunung sarta pamandangan alamna anu matak mincut kana haté, lir saperti di
Swiss. Atuh munasabah lamun Kota Garut téh ku turis Éropa mah pada nyebut “de mooie Garoet”, Garut éndah.
Jaman harita, stasion Cibatu téh ramé
pisan. Dalah urang Tionghoa ogé, loba anu ngahaja ngajualan jajanan. Barudak
sakola ogé réa anu ngagunakeun karéta api Cibatu–Garut, kawantu jadwalna luyu
jeung asup-kaluar jam palajaran di sakola. Mangsa harita, di Kota Garut geus
ngadeg sakola anu ‘géngsina’ kawilang luhur. Upamana waé: Christelijk
Hollandsche Inlandsche Chineesche School (CHICS), anu diadegkeun taun 1901 –pernahna di Talun; jeung Hollandsch
Inlandsch School (HIS), anu diadegkeun taun 1920 –pernahna gigireun panjara, Wétaneun alun-alun. Kitu deui di Maktal
–deukeut Cimanuk, ngadeg Ambacht
Inlandsche School (AIS) –sakola
pertukangan, nyitak ahli wangunan jeung ahli nyieun parabot rumah tangga
anu dijieun tina kai.
Gerbong karéta api Cibatu–Garut, réana
tilu kelas –kelas ékonomi. Bangku
gerbongna, tilu jajar –manjang sapanjang
gerbong. Dua jajar, di kénca-katuhu sisi jandéla. Sajajar deui, di
tengah-tengah –teu maké panyarandéan,
diukna bisa nyanghareup ka mana waé. Ari lokomotif anu narik gerbongna,
katelah: Si Kuik –pédah sora hatongna
sada sora anu ngaguik. Lamun haseup
lokomotif –anu ngandung bubuk batu-bara
arasup, atuh pakéan téh jadi kalotor, sok aya deuih anu tepi ka
kapareungpeunan.
Karek sumping ti Cibatu (di Stasion Garut) |
Angkat ka Cibatu, ngalangkungan Jalan Pasar Baru Garut. |
Stasion Cibatu, 1918. |
Stasion
Cikajang jeung Si Gombar
Ku sabab tétéla spoor –karéta api téh gedé mangpaatna, taun
1921, pamaréntah Walanda mimiti ngabaladah ngawangun jalan karéta api Garut–Cikajang.
Anu ngalaksanakeun proyékna, masih ku SS.
Dina ngagarap proyékna, SS kacida pisan
gemet jeung ati-atina. Kituna téh lantaran jalan karéta api Garut–Cikajang mah
ngaliwatan: pasir; walungan; jeung jungkrang. Jalanna ogé, pungkal-péngkol.
Halteu atawa stasion Cikajang ogé, apanan luhurna téh 1.246 méter –tina beungeut cai laut. Di nagara urang,
stasion Cikajang téh minangka hiji-hijina stasion anu diadegkeun di tempat anu
pangluhurna.
Waragad keur ngawangun jalan karéta api
Garut–Cikajang, sakilométerna merelukeun 1.021.100 gulden. Diungkulan ku cara
patungan, réréongan antara: SS; onderneming –parapangusaha perkebunan di wewengkon Cikajang; jeung pangusaha Hotél
Pauline Cisurupan.
Hotel Pauline Cisurupan |
Villa Pauline, Tjisoeroepan Garoet. |
Taun 1930, diresmikeun ku wawakil
gubernur jenderal Hindia Walanda di stasion Cikajang. Bupati Garut jeung
juragan perkebunan ogé, ngilu ngaluuhan.
Peresmian Stasion Cikajang, taun 1930. |
Luyu jeung kaayaan alamna, lokomotif anu
digunakeun ogé husus lokomotif keur di pagunungan –serie CC 5022 atawa bergkoning (Berglijn Locomotief), rajana gunung.
Éta lokomotif uap téh meunang mesen SS taun 1927 ti dua pabrik di Éropa, nya éta:
Werkspoor –pabrik Walanda, jeung
Schweizerische Lokomotiv-und Maschinenfabrik –ti Swiss. Kabéhanana, aya 30 lokomotif. Kaunggulan lokomotif serie
CC 5022 –rancangan teknisi Jerman:
Anatole Mallet (1837-1919) dibandingkeun jeung lokomotif serie nu lainna,
nya éta: mampuh narik gerbong anu beuratna 1.300 ton bari tarik lumpatna 55
km/h, ogé mampuh nikung dina tikungan anu mites. Ku urang Priangan –kaasup urang Garut, sok disarebut: Si
Gombar. Disebut kitu téh luyu jeung bentuk lokomotifna, nya éta: gedé; hideung;
tanagana bedas; jeung sora hatongna tarik handaruan –dina kamus basa Sunda meunang nyusun RA. Danadibrata, “Gombar” téh nya
éta jalma jahat taun 1911 anu aya dina film Amerika. Éta jalma téh, awakna gedé
tur tanagana kuat. Si Gombar kawilang lokomotif rajana gunung anu modérn,
sarta ngabogaan 8 roda gedé ‘berpasangan’
di hareupna.
Ku urang Cikajang, lokomotif serie CC
5022 téh dilandi: karéta api Sri Gunung. Dilandi kitu téh kulantaran jalan karéta
apina, mun ti Garut mah nanjak jeung pungkal-péngkol. Ngaliwatan sasak
Leuwidaun –luhureun Cimanuk jeung
sasak Cipelah. Ku sabab unggah gunung, turun gunung, atuh jalan karéta api téh
malibir pasir, mapay-mapay luhur jungkrang anu lalungkawing. Ahirna karéta api
téh, disarebut: Sri Gunung.
Maké karéta api Si Gombar, ti stasion
Garut tepi ka stasion Cikajang, merelukeun waktu kira-kira sajam. Ti Garut,
halteu atawa stasion anu kaliwatan sarta dieureunan ku Si Gombar téh, nya éta:
Pamoyanan; Cireungit; Cioyod; Bayongbong; Cipelah; Hotél Pauline; Cisurupan;
Cidatar; Ciséro; Patrol Girang; jeung panungtungna stasion Cikajang –mindeng disebut stasion Buntu, pédah
tungtung jalan karéta apina, didinya pisan.
Si Gombar keur nikreuh antara Garut-Cikajang, taun 1978. |
Di stasion Cidatar –luhurna 1.223 méter dina beungeut cai laut, karéta api anu holna ti
Garut rék muru stasion Cikajang –atawa
sabalikna, sok reureuh heula rada lila. Karéta api dipariksa gemet pisan,
kaya-kayaning: erémna; mesinna; jeung baud-baud gilindingna. Lokomotifna ogé
diinuman, caina langsung dikocorkeun tina wangunan anu ngahaja dijieun sisi erél.
Sabot Si Gombar reureuh, panumpang osok
tarurun. Ngadon leuleumpangan –ngalempengkeun
cangkéng, teu saeutik anu ngadon dahar balakécrakan. Di deukeut stasion
Cidatar, ngadeg warung nasi Ma Écot –anu
béh dieu mah sohor ku ngaran Pindang Ma Écot. Mangsa harita ogé, anu réa
dibeulian téh: pindang lauk emasna.
Dipakéna stasion Cidatar, nurutan
kabiasaan tukang padati anu rék ka Garut jeung anu tas balik ti Garut. Ngaran
wewengkon ngadegna éta stasion, nya éta: Lembur Cidatar. Luyu jeung ngaranna,
patempatanana datar atawa amprah –henteu
dukdek ku gawir jeung jungkrang. Tumaninah pisan mun dipaké reureuh téh,
kawuwuh pamandangan alamna matak kelar jeung tibelat.
Salian ti jalur Cibatu–Garut–Cikajang, rute
pagunungan anu di ‘layani’ ku Si Gombar di Priangan, antarana baé: Jalur
Bandung-Cianjur-Bogor; Jalur Bandung-Purwakarta-Cikampék; Jalur Bandung-Cibatu
Garut-Tasikmalaya-Ciamis; Jalur Ciamis-Pangandaran; Jalur
Bandung-Dayeuhkolot-Ciwidey; Jalur Rancaékék-Jatinangor-Tanjungsari; jeung Jalur
Dayeuhkolot-Majalaya.
Kari
Uga
Walanda mémang geus ngarencanakeun
pikeun nuluykeun jalan karéta api ti stasion Cikajang ka Pameungpeuk. Pikeun
waragadna, ku SS geus diancer-ancer. Samalah, SS ogé geus ancang-ancang rék survéi
pikeun nangtukeun tempat anu bakal kaliwatan ku jalan karéta api. Rarancangna
geus asak, ngan kusabab krisis ékonomi narajang dunya –taun 1930-an, éta rencana téh bolay. Krisis ékonomi ogé
ngalantarankeun pindahna puseur dayeuh Hindia Walanda ti Batavia ka Bandung,
teu jadi. Katurug-turug deuih kaburu datang mantén Jepang, ngarebut Nusantara
ti Walanda.
Saréngséna nagara urang merdéka,
jalur-jalur karéta api anu henteu nepungkeun provinsi, kapaksa dieureunkeun.
Bulan Séptémber 1982, karéta api Cibatu–Garut jeung Garut–Cikajang, resmi
henteu jalan. Kabéh jalur anu pernah dirajaan ku Si Gombar, kiwari kari
nineungna –iwal ti jalur anu
ngahubungkeun Jakarta-Cikampék-Purwakarta-Bandung-Cibatu Garut-Tasikmalaya-Jawa
Tengah-Jawa Timur anu masih aya kénéh téh, kitu ogé lokomotif uap serie CC 5022-na
geus ‘purna tugas’ diganti ku lokomotif diesel serie CC 200. Atuh jalur karéta
api Cikajang–Pameungpeuk ogé, pimanaeun bakal dijieun. Boro-boro nyieun jalan
karéta api anyar –anu tangtu bakal
merelukeun waragad nu lain saeutik, dalah anu geus aya ogé –meunang nyieun Walanda loba anu geus
laleungitan. Samalah, kiwari mah réa jalan karéta api anu dipaké ngadegkeun
imah.
Anu matak, uga “nagara urang baris pinanggih jeung subur ma’mur” téh ceuk saréat
mah asa pamohalan bisa ngabukti.
Wallohu’alam…
Halteu Cinunuk Wanaraja |
***