Senin, 30 Juni 2014

Palintangan Sunda



Urang Sunda bihari, teu mikawanoh anu disebut ngaramal. Anu dipilampah ku karuhun Sunda téh, teu béda jeung anu dipilampah ku paraastronom ayeuna dina nangtukeun kajadian alam. Ramalan astronom téh, apanan dumasar kana itungan matématika. Ku ngagunakeun matématika, bisa diprédiksi kumaha kaayaan sabudeureun alam semesta. Ku itungan matématis dina kalénder Sunda, urang bisa ngira-ngira kajadian anu bakal datang.

Tradisi Palintangan Sunda
Geus ti bihari –baheula, masarakat Indonesia niténan langit katut dalit jeung tradisi palintangan pikeun kapentingan: tatanén; nunjukkeun arah; nangtukeun waktu; jeung ritual kaagamaan. Ngaran-ngaran rasi béntang jeung sistim pananggalan, éta téh minangka bukti kagiatan palintangan bangsa Indonesia anu geus dilakonan ti béh ditu kénéh. Palintangan –élmu béntang-béntang/ élmu falak anu mangrupa élmu ngeunaan alam semesta –astronomi téh minangka élmu pangaweruh anu kawilang pangheubeulna. Umurna méh sarua jeung kamekaran peradaban manusa. Geus ti béh ditu mula, manusa sok niténan panon poé meleték jeung surup, nyaksian poé jadi poék mongkléng buta rajin dina waktu peuting tur niténan kaéndahan mangjuta-juta béntang di langit. Pikeun nangtukeun mangsa tatanén –kitu deui minangka cecekelan navigasi dina waktu balayar, astronomi boga peran anu kalintang pentingna. Saluyu jeung kamekaran peradaban manusa, mangka aweuhan dunya astronomi ogé milu mekar nambahan pangaweruh manusa.
Dunya astronomi ogé ngawarnaan kosmologi jiwa batin budaya masarakatna. Di Tatar Sunda, rupa-rupa jenis kakawihan; kaulinan barudak; paribasa; carita legénda; sarta mitos-mitos, teu saeutik anu patali jeung astronomi. Upamana waé aya paribasa: “Caang bulan dadamaran” anu hartina: ngalakonan pagawéan anu geus teu perlu deui. “Caang bulan opatwelas, bersih jalan sasapuan” anu hartina: rido atanapi ihlas. “Keur bentang surem” anu hartina: naas atanapi apes. “Kawas langit jeung bumi” anu hartina: béda pisan, digunakeun keur dua babandingan. Jeung aya paribasa “Samagaha pikir” anu hartina: bingung liwung ku kasusah. Pikeun barudak, aya carita Nini Antéh jeung ucingna di Bulan; lagu Bulantok; sarta tanda bulan jeung béntang dina kaulinan sondlah. Pon kitu deui, dina du’a peperenian urang Sunda ogé aya ungkaban: “Nu di langit kucurkeun, nu di bumi burialkeun”. Dina widang séjén, urang mikawanoh istilah: “indung beurang” anu hartina: paraji. Sarta istilah “Lalangit” nya éta plafon anu nutupan bagéan luhur rohang tamu.
Lian ti éta, ti bihari masarakat Sunda geus mikawanoh dunya palintangan –saperti ayana pranata mangsa pikeun nangtukeun waktu usum tatanén. Sacara tradisi –minangka pameungkeut kakuatan lingkunganana, masarakat Sunda nyoko kana tilu prinsip dasar, nya éta: ngadumaniskeun hal Alami, Hayati, jeung Insani. Raketna éta hubungan, antukna munculkeun kaayaan ngadumanisna hubungan mikrokosmos jeung makrokosmos. Antara manusa jeung Nu Kawasa, manusa jeung papada manusa, katut antara manusa jeung alam. Tradisi Sunda anu geus ti béh ditu mula mikawanoh palintangan, éta téh minangka potensi budaya anu ngabeungharan hasanah pangaweruh.
Saméméh aya arloji, urang Sunda ngagunakeun ciri-ciri waktu pikeun nangtukeun wanci dina jero sapoé sapeuting. Ngaran-ngaran wanci, ilaharna dumasar kana kaayaan alam anu kaalaman jeung lingkungan sabudeureunana. Sababaraha conto wanci: Wanci Tengah Peuting (nuduhkeun tabuh 24.00); Wanci Janari Gedé (tabuh 02.00); Wanci Haliwawar (tabuh 03.00); Wanci Balébat (tabuh 05.00); Wanci Pecat Sawed (tabuh 10.00). Nincak kana wanci pabeubeurang jeung pasosoré, aya istilah: Wanci Manceran (tabuh 12.00); Wanci Ngingsir Ngulon (tabuh 14.00); Wanci Sariak Layung (tabuh 17.00 dugi 18.00); Wanci Harieum Beungeut atanapi Wanci Sareupna (tabuh 18.00 dugi 18.30); jeung Wanci Sareureuh Budak (tabuh 21.00).
Dina méré ngaran usum anu pakait jeung kaayaan alam, aya istilah: Usum Ngijih (minangka tanda waktuna mindeng hujan); Usum Katiga (minangka waktuna halodo); sarta Usum Barat (tandana angin badag anu datangna ti Beulah Kulon bari dibarengan ku hujan).Tumali jeung kaayaan di masarakat, aya oge istilah: Usum Sasalad (nya éta usum mahabuna kasakit anu babari népa); Usum Tigerat jeung Usum Nguyang (anu hartina: usum paceklik, mangsa kakurangan kadaharan jeung gagal panén).
Raketna tradisi palintangan jeung budaya agraris urang Sunda, tétéla ngalahirkeun katangtuan wanci usum-usuman dina jero sataun. Pranata mangsa anu loma jeung parapatani téh ngawengku duawelas mangsa, nya éta: Kasa (kahiji, antara 21 Juni dugi ka 31 Juli); Karo (kadua, antara 1 dugi ka 23 Agustus); Katiga (katilu, antara 24 Agustus dugi ka 16 Séptémber); Kapat (kaopat, antara 17 Séptémber dugi ka 11 Oktober); Kalima (kalima, antara 12 Oktober dugi ka 7 Novémber); Kanem (kagenep, antara 8 Novémber dugi ka 20 Désémber); Kapitu (katujuh, antara 21 Désémber dugi ka 1 Fébruari); Kawalu (kadalapan, antara 2 dugi ka 28 Fébruari); Kasanga (kasalapan, antara 1 dugi ka 25 Maret); Kasadasa/Kadasa (kasapuluh, antara 26 Maret dugi ka 17 April); Désta (kasawelas, antara 18 April dugi ka 10 Méi); jeung Sada (kaduawelas, antara 11 Méi dugi ka 21 Juni).
Sakur éta pranata mangsa, ngabogaan cirina séwang-séwangan anu ngawengku: arah angin; kaayaan hawa; lingkungan; prosés mangsa tatanén; jenis tutuwuhan atanapi palawija nu bisa dipelak; kaayaan sumber cai; gangguan hama; jeung kahirupan sasatoan –boh sato ingon-ingon, boh sato liar.

Kala Sunda
Abah Ali
Dina nangtukeun wanci anu dilarapkeun dina almenak, kalintang gedé yasana almarhum budayawan Abah Ali –Ali Sastramidjaja anu geus ngawanohkeun Kalénder Sunda –katelah ku sesebutan: Kala Sunda. Anjeunna ngagabungkeun Saptawara –Radite; Soma; Anggara; Buda; Réspati; Sukra; Tumpek, jeung Pancawara atanapi Pancawuku/Selapan –Manis; Pahing; Pon; Wagé; Kaliwon, kalayan ngahasilkeun 7 x 5 poé = 35 poé. Tina angka 35 éta, Kala Sunda disusun jadi kalénder anu paling pas tur akurat.
Ngaran-ngaran bulan dina Kala Candra Sunda, nya éta: Kartika; Margasira; Posya; Maga; Palguna; Sétra; Wésaka; Yésta; Asada; Srawana; Badra; jeung Asuji. Sedengkeun bulan dina Kala Surya Sunda mah, aya: Kasa; Karo; Katiga; Kapat; Kalima; Kanem; Kapitu; Kawalu; Kasanga; Kadasa; Hapitlemah; jeung Hapitkayu.
Kaistimewaan éta kalénder Sunda –boh Kala Candra Sunda, boh Kala Surya Sunda, nya éta sual: akurasi. Moal ieuh salah atanapi dikoreksi salila 17.245 taun –pikeun Kala Surya Sunda, jeung salila 17.664 taun –pikeun Kala Candra Sunda.
Kalénder anu dipaké di sakuliah dunya kiwari, maké sistim Grégorian –méméhna, digunakeun téh sistim Yulian anu ngitung 165,2425 poé dina sataun. Sistim Yulian dikoréksi dina taun 1582 sarta diganti jadi sistim Grégorian atawa Maséhi. Anu jadi patokanana sistim Grégorian, nya éta: posisi planet Ariés. Dina sataun –dumasar sistim Grégorian, aya 365,25 poé. Pikeun ngaganti sistim Yulian ka sistim Grégorian, kapaksa tanggal 4 Oktober 1582 dirobah jadi tanggal 15 Oktober 1582 –leungit sapuluh poé. Dina sistim Grégorian, sataun ngan géséh 0,003 poé.
Dina kalénder Sunda, sataunna diitung 165,2421875 poé –sataun géséhna 0,000125 poé. Kukituna, kalénder Sunda dina dangka 80.000 taun, dirévisina ukur sapoé –ari kalénder Maséhi mah dina waktu 30 rébu taun. Jadi, kalénder Sunda mah leuwih akurat. Dina kalénder Sunda, aya aturan anu matématik pikeun nangtukeun jumlah taunna –boh taun panjang (kabisat), boh taun pondok (basit).
Jenatna Abah Ali nyebutkeun, yén kalénder Sunda téh pangkolotna sadunya. Tadina mah kalénder séké-sélér ti Péru anu pangkahotna téh –ngan kusabab geus carem, nya kalénder Sunda anu pangbuhunna.
Prasasti Astana Gede Kawali
Méh diunggal situs sajarah di Tatar Sunda, aya anu disebut: Lingga atanapi Yoni –batu panjang anu ditancebkeun kalayan ajeg. Biasana dikurilingan ku balay batu, anu asalna ti walungan. Di situs sajarah Astana Gedé Kawali Kabupatén Ciamis, aya dua lingga sarta prasasti gurat-gurat dina batu tepi ka ngabentuk kotak-kotak. Di luhurna, aya dua tapak suku. Éta gunana keur pananggalan anu ngitungna maké sistim matrik. Lingga –batu nangtung anu salila ieu dianggap pamujaan, saenyana mah keur ngitung pananggalan dumasar panon poé. Ditangtukeunana wanci, dumasar kalangkang yoni. Lingga atanapi Yoni ogé kapanggih di komplék Candi Batujaya Karawang –gigireun Candi Jiwa, anu cenah mah titinggal Tarumanaga abad kaopat.
Salian ti éta, urang Sunda ogé ngagunakeun Kujang pikeun nangtukeun pranata mangsa. Liang laleutik dina kujang, lain keur hiasan atanapi keur papaés. Liang dina kujang, keur nempo posisi béntang anu engkéna dipaké cecekelan keur: tatanén; iraha nyacar; ngaseuk; jeung melak binih paré.



Pawukon
Buku yasana Ir. C.J. Snijders

Carita ngeunaan manggihkeun deui –réfinding kalénder Sunda ku Abah Ali dimimitian waktu Ir. C.J Snijders, astronom Walanda, anu nimukeun Pawukon. Anu disebut Pawukon téh, nya éta sistim kalénder anu ngabogaan waktu terukur, saperti wukungaran per tujuh poé. Aya tilu puluh ngaran wuku. Aya oge anu disebut wara, model pananggalan “mingguan” –tina saminggu aya nu sapoé tepi ka saminggu aya anu sapuluh poé. Kala Sunda mah ngan ngagunakeun dua wara, nya éta: pancawara jeung saptawara. Ku ngagunakeun dua wara ieu, kalénder Sunda mibanda pananggalan “stéréo” saperti radite-pahing atanapi sukra-kliwon. Jadi, jalma anu lahir dina Senén-wagé, bakal béda watekna jeung jalma anu lahir dina Senén-kaliwon. Pawukon ieu mangrupakeun bukti ayana manusa pangbuhunna di Pulo Jawa.
Dina buku Beginselen der Astrologie, Snijders nyebutkeun, yén Pulo Jawa katut Kapuloan séjénna, geus aya ti wangkid jaman Lemuria atanapi Pleistoceen –kira-kira sajuta taun nu kaliwat. Umurna ogé, leuwih kolot batan daratan Asia sorangan. Jawa katut Kapuloan Indonésia anu séjénna, salamet tina bencana anu ngancurkeun Lemuria jeung Atlantis di bagéan dunya Barat sahingga masih utuh nepi ka ayeuna. Di buku éta ogé, disebutkeun babandingan umur kalénder bangsa-bangsa dunya. Numutkeun panaksiran Snijders, kalender Quichuas –bogana séké-sélér asli Meksiko, umurna 15 rébu taun. Umur kalénder Cina, 13 rébu taun; Babilonia, 6.500 taun; jeung kalénder India –anu disebut Surya Sidhanta, umurna 2.200 taun. Ari sistim Pawukon ieu, ditaksir umurna 17.183 taun. Sedengkeun, Pawukon téh apanan ngarupakeun bagéan tina kalénder Sunda. Jadi, kalénder Sunda téh atuh munasabah mangrupa kalénder anu pangkolotna tur anu pangbuhunna di dunya. Ngarujuk kana Ensiklopedi Winkler Prince, yén luhurna peradaban hiji bangsa, diukur tina tingkat akurasi pananggalan kalénderna. Sacara logis ogé, bangsa anu geus ngabogaan sistim kalénder –komo deui anu rumit, tangtuna ogé geus pasti ngawasa: aksara; bahasa; élmu ngitung; jeung élmu maca. Dina konteks kalénder Sunda, Abah Ali nyodorkeun kamandang yén aksara anu digunakeun atanapi dikawasa ku urang Sunda, nya éta: Caraka atanapi Kaganga.
Sacara umum, Kala Sunda téh mangrupa kalénder anu ngagunakeun tilu diménsi. Kalénder diménsi solar atanapi panon poé disebut: kalénder Suryakala. Kalénder diménsi lunar atanapi bulan disebut: kalénder Candrakala. Sedengkeun kalénder diménsi star atanapi béntang disebut Sukrakala. Di Tatar Sunda, Sukrakala disebut: Palintanganlintang/béntang/star.
Sedengkeun poéna: Radite –Ahad/Minggu; Soma –Senén; Anggara –Salasa; Buda –Rebo; Respati –Kemis; Sukra –Juma’ah; jeung Tumpek –Saptu. Angka dina pananggalanana, ngan ngagunakeun angka 1 nepi ka 15. Sahingga tina sabulan, aya pangulangan angka keur tanggalna –sanggeus tanggal 15, balik deui ka tanggal 1. Nanging, di tukangeun angkana dibéré tanda huruf S –keur tanggal 1-15 di awal bulan, jeung dibéré tanda huruf K –keur tanggal 15 salajengna. Soal tanggal anu dibéré tanda S jeung K éta, dilantarankeun pananggalanna ngacu kana dua perhitungan, nya éta: bulan jeung panon poé. Tanda S hartina Suklapaksa atanapi paro caang, jeung K hartina Krésnapaksa atanapi paro poék. Pergantian poé jeung tanggalna, lain tengah peuting –henteu saperti pananggalan Maséhi ti tabuh 00.00. Pergantian poé dina pananggalan Sunda mah kajadianana dina waktu sorékirang-langkung, tabuh 18.00.

Titincakan Kala Sunda
Ngeunaan kalénder Sunda, anu masih kénéh jadi patelakan téh: “Naon titimangsana dina nangtukeun taun 1 kalénder Sunda?”. Sabab, kalénder Hijriyah jeung Maséhi anu dipaké titimangsana jelas. Taun Hijriyah, titimangsana: “Hijrahna Kangjeng Rosululloh SAW ti Mekah ka Madinah”. Méméhna, di Arab dipaké pananggalan taun Gajah, titimangsana: “Kajadian rék diancurkeunana Ka’bah ku prajurit Abrohah anu tarumpak gajah, tapi kaburu diserang ku manuk ababil anu marawa batu sarta diragragkeun kana gajah”. Taun Maséhi mah, apanan taun 1-na téh titimangsana: “Lahirna Isa Almasih atanapi lahirna Yesus Kristus”.
Jenatna Abah Ali –nénéhna Ali Sastramidjaja nyebutkeun, yén titimangsa atanapi taun 1 Caka Sunda téh nya éta: “Dipasrahkeunna lembur di daérah Pandeglang Banten anu dipingpin ku Aki Tirem ka Déwawarman”. Déwawarman téh imigran ti India anu kawin ka Nyi Putri Rarasati –siwi Aki Tirem, anu saterusna Déwawarman ngadegkeun Salakanagara. Saenyana mah, pananggalan Sunda téh geus dipaké puluhan rébu taun ka tukang saméméh Aki Tirem –anu luluhurna urang India aranjog ka Tatar Sunda. Nu matak, najan maké ngaran Saka –ampir sarua jeung di India, tapi pananggalan Sunda mah teu sarua jeung taun Saka ti India. Pananggalan Sunda mah nyokot awal bulan atanapi tanggal 1-na mangsa bulan caang sabeulah –paro caang anu beulah kénca. Lian ti éta, tanggalna teu ti hiji tepi ka tilupuluh. Sabulanna dibagi dua, ti 1 Suklapaksa tepi ka 15 Suklapaksa. Ari ti 15 tepi ka 30 mah disebutna: Krésnapaksa.
Kalénder Sunda memang lain ngan ukur dipaké keur ngitung ti poé ka poé wungkul, tapi bisa dipaké keur kaperluan kahirupan lianna. Bisa dipaké keur palintangan; keur utang-itung dina milampah hiji pagawéan; keur tatanén; keur ngawinkeun; pindah imah; jeung sajabana. Tapi ieu mah lain ramalan atanapi klénik, sumawonna tahayul mah. Urang Sunda bihari, teu mikawanoh anu disebut ngaramal. Anu dipilampah ku karuhun Sunda téh, teu béda jeung anu dipilampah ku paraastronom ayeuna dina nangtukeun kajadian alam. Ramalan astronom téh, apanan dumasar kana itungan matématika. Ku ngagunakeun matématika, bisa diprédiksi kumaha kaayaan sabudeureun alam semesta. Ku itungan matématis dina kalénder Sunda, urang bisa ngira-ngira kajadian anu bakal datang. Nu Maha Kawasa geus nyiptakeun alam jeung pangeusina, kalayan sarwa teratur. Tinggal, urang bisa maca katut ngarumuskeunana.


***